PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 21
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Warta hukuman keur tanah gurun di sisi laut (1-10)

        • Terus nangtung di munara jaga (8)

        • ”Babilon geus rubuh!” (9)

      • Warta hukuman keur Duma jeung gurun keusik (11-17)

        • ”Tukang jaga, lila kénéh ieu peuting téh?” (11)

Yésaya 21:1

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi ngamaksudkeun wilayah Babilon jaman baheula.

Yésaya 21:3

Catetan Handap

  • *

    As. ”Éta sababna cangkéng abdi nyeri pisan”.

Yésaya 21:5

Catetan Handap

  • *

    As. ”istrénan”.

Yésaya 21:10

Catetan Handap

  • *

    Tempat misahkeun sisikian tina cangkangna.

Yésaya 21:11

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Jempling”. Ieu téh maksudna Édom.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 21:1-17

Yésaya

21 Ieu warta hukuman keur tanah gurun di sisi laut:*

Bakal aya bahla nu datangna kawas angin topan ti kidul,

Ti tanah gurun, ti nagri nu pikasieuneun.

 2 Abdi meunang titingalian nu pikasieuneun:

Bangsa nu ngahianat bakal ngahianat,

Bangsa nu sok ngancurkeun bakal ngancurkeun.

Hé Élam, geura serang! Hé Média, geura kepung!

Abdi bakal namatkeun sagala kasangsaraan nu dilantarankeun ku manéhna.

 3 Éta sababna abdi jadi nalangsa.*

Abdi ngarasa nyeri pisan,

Kawas awéwé nu keur ngajuru.

Abdi guligah pisan ngadéngéna,

Abdi ngarasa susah pisan ningalina.

 4 Haté teu tenang, awak ngadarégdég bakating ku sieun.

Peuting nu biasana diarep-arep téh kalah ka jadi pikasieuneun.

 5 Atur méja! Siapkeun korsi!

Sok dalahar jeung ngarinum!

Hé para pamingpin, geura cengkat, minyakan* taméng!

 6 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa ka abdi,

”Jung indit, tempatkeun tukang jaga, sina ngalaporkeun téténjoanana.”

 7 Manéhna ningali karéta perang nu ditarik ku kuda sapasang,

Karéta perang nu ditarik ku kaldé-kaldé,

Jeung karéta perang nu ditarik ku onta-onta.

Ku manéhna bener-bener diawaskeun.

 8 Tuluy manéhna ngagero kawas singa nu ngagaur,

”Nun Yéhuwa, ti beurang abdi terus nangtung di munara jaga.

Unggal peuting abdi ngajanteng di pos jaga.

 9 Tingali, aya nu datang.

Aya para prajurit tumpak karéta perang nu ditarik ku kuda sapasang.”

Tuluy manéhna ngomong,

”Babilon geus rubuh! Manéhna geus rubuh!

Kabéh patung berhalana geus diancur-ancurkeun dina taneuh!”

10 Duh, bangsa abdi nu geus dileyekan

Kawas sisikian ti pangirikan,*

Abdi geus méré béja ka maranéh naon nu didéngé ku abdi ti Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, Allah Israél.

11 Ieu warta hukuman keur Duma:*

Aya nu ngageroan abdi ti Séir,

”Tukang jaga, lila kénéh ieu peuting téh?

Tukang jaga, lila kénéh ieu peuting téh?”

12 Éta tukang jaga téh némbalan,

”Sakeudeung deui gé isuk, tapi engké gé peuting deui.

Mun rék nanya, sok wéh nanya.

Engké ka dieu deui.”

13 Ieu warta hukuman keur gurun keusik:

Hé rombongan urang Dédan,

Maranéh bakal meuting di leuweung nu aya di gurun keusik.

14 Hé penduduk Téma,

Béré nginum nu keur halabhab,

Béré dahar nu keur ngungsi.

15 Maranéhna keur kalabur nyingkahan pedang, pedang nu geus dicabut tina sarangkana,

Nyingkahan busur panah nu geus dipentang, nyingkahan perang nu kejem.

16 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa ka abdi, ”Di jero sataun, sabiasa taun jalma nu buburuh, kabéh kamulyaan Kédar bakal leungit. 17 Pasukan panah Kédar sésana kari saeutik, sabab kitu nu geus diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun