PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 25
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Berkah nu limpah keur umat Allah (1-12)

        • Yéhuwa nyadiakeun kadaharan nu ngareunah (6)

        • Maot moal aya deui (8)

Yésaya 25:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bayangan”.

  • *

    Atawa ”awan”.

Yésaya 25:7

Catetan Handap

  • *

    As. ”ngalegleg”.

Yésaya 25:8

Catetan Handap

  • *

    As. ”dilegleg”.

Yésaya 25:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”bakal aya di”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 25:1-12

Yésaya

25 Nun Yéhuwa, Gusti téh Allah abdi.

Abdi ngamulyakeun Gusti, abdi muji nami Gusti,

Ku sabab Gusti tos midamel hal-hal nu hébat,

Hal-hal nu tos dirarancang ti jaman baheula.

Gusti satia sarta tiasa dipercaya.

 2 Kota dijadikeun ruruntuhan ku Gusti,

Kota nu dibénténgan dijadikeun barangkal.

Bénténg urang asing moal aya deui.

Kotana moal pernah diwangun deui.

 3 Éta sababna, bangsa nu kuat bakal ngamulyakeun Gusti.

Kotana bangsa-bangsa nu kejem bakal sieun ku Gusti.

 4 Gusti jadi bénténg kanggo jalma leutik,

Jadi bénténg kanggo jalma miskin nu nuju susah,

Jadi panyalindungan tina angin ribut,

Sarta jadi pangiuhan tina panas.

Samangsa jalma nu kejem ambek kawas angin ribut nu neumbrag témbok,

 5 Gusti ngabungkem urang asing nu raribut,

Kawas nyirep panas di tanah nu garing.

Lagu jalma-jalma kejem dijempékeun ku Gusti,

Kawas panas nu disirep ku kalangkang* méga.*

 6 Di ieu gunung, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bakal ngayakeun pésta keur sakabéh bangsa.

Anjeunna bakal nyadiakeun kadaharan nu ngareunah,

Dahareun nu pinuh ku sumsum,

Sarta cianggur nu panghadéna,

Cianggur nu disaring.

 7 Ti ieu gunung, Anjeunna bakal nyingkirkeun* kaén anu nutupan kabéh jalma

Jeung ngaleungitkeun tiung anu nutupan sakabéh bangsa.

 8 Maot bakal disingkirkeun* ku Anjeunna pikeun salilana.

Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, bakal nyusutan cipanon ti sakabéh beungeut.

Panghina ka umat-Na bakal dileungitkeun ku Anjeunna ti sakuliah bumi,

Sabab Yéhuwa geus ngucapkeun kitu.

 9 Dina waktu éta, maranéhna bakal ngomong kieu,

”Tingali! Ieu Allah urang!

Urang ngaharep ka Anjeunna.

Anjeunna bakal nyalametkeun urang.

Anjeunna téh Yéhuwa!

Urang ngaharep ka Anjeunna.

Hayu urang gumbira sarta suka bungah lantaran disalametkeun ku Anjeunna.”

10 Panangan Yéhuwa bakal ngajaga* ieu gunung,

Sabalikna Moab bakal diidek-idek di nagrina sorangan,

Cara jarami dileyekan dina tumpukan kokotor pikeun dijadikeun pupuk.

11 Anjeunna bakal ngagebug Moab ku panangan-Na

Kawas jalma nu ngagebug cai waktu keur ngojay.

Anjeunna bakal ngahandapkeun kaangkuhan Moab

Ku panangan-Na nu rikat.

12 Kotana nu dibénténgan sarta témbok-témbok pertahanan nu laluhur

Bakal dirubuhkeun.

Éta bakal dirugrugkeun rata jeung taneuh, nepi ka jadi kekebul.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun