Yésaya
27 Dina waktu éta, Yéhuwa bakal maké pedang-Na nu seukeut, gedé, jeung kuat
Pikeun nyerang Léwiatan,*
Oray anu ngaléorna gancang pisan jeung sok rungkal-ringkel.
Anjeunna bakal maéhan mahluk raksasa di laut.
2 Dina waktu éta, nyanyikeun ieu lagu keur éta awéwé:*
”Hé kebon anggur nu cianggurna ngabudah!
3 Kuring, Yéhuwa, ngajaga manéhna,
Saban waktu dicéboran,
Beurang peuting ku Kuring dijaga
Ngarah euweuh nu ngaruksak.
4 Kuring geus teu ambek deui ka manéhna.
Lamun aya musuh nu wani ngahalangan jalan Kuring ku rungkun cucuk jeung jujukutan,
Ku Kuring bakal ditincakan tuluy diduruk kabéhanana.
5 Ku kituna, sok éta jalma sina nyalindung ka bénténg Kuring,
Sina akur jeung Kuring,
Sok sina akur jeung Kuring.”
6 Ka hareupna, Yakub bakal akaran,
Israél bakal sirungan jeung kembangan,
Tuluy buahna bakal minuhan bumi.
7 Mémangna manéhna kudu digebug sakitu kejemna,
Atawa dipaéhan sakitu kejemna?
8 Gusti bakal ngalawan sarta ngusir éta awéwé bari ngagorowok tarik pisan.
Waktu aya angin ti wétan, Gusti bakal ngusir manéhna bari ambek ngagugudug.
9 Ku kituna, kasalahan Yakub bakal dihampura.
Waktu dosana dihampura, ieu hasilna:
Kabéh batu dina mézbah
Bakal dijadikeun kawas batu kapur nu dibubukkeun.
Geus moal aya deui tihang-tihang berhala atawa wadah dupa.
10 Kota nu dibénténgan bakal diculkeun.
Tegal jukut bakal ditinggalkeun jeung kalantar kawas tanah gurun.
Anak sapi bakal nyatu jeung depa di dinya.
Éta anak sapi bakal ngadahar cabang-cabangna nepi ka béak.
11 Waktu ranting-rantingna gararing,
Awéwé-awéwé bakal daratang,
Tuluy éta dipingges-pinggeskeun seug dijadikeun suluh.
Ieu bangsa téh teu boga pangarti,
Éta sababna Nu Nyiptakeunana moal karunya ka maranéhna,
Allah nu ngajadikeunana moal mikawelas maranéhna.
12 Sakumaha jalma anu ngeprukan dahan tatangkalan nu aya buahna tuluy ngumpulkeun buahna hiji-hiji, Yéhuwa gé bakal ngumpulkeun maranéh anu paburencay ti Walungan Éfrat nepi ka Wadi* Mesir. 13 Dina waktu éta, tarompét tanduk nu gedé bakal ditiup. Tuluy, saha waé nu téréh maot di nagri Asiria jeung nu papencar di nagri Mesir bakal daratang tuluy sujud ka Yéhuwa di gunung suci di Yérusalém.