PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 28
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Cilaka keur urang Éfraim nu resep mabok (1-6)

      • Para imam jeung para nabi Yéhuda sasampoyongan (7-13)

      • ”Perjangjian jeung Ajal” (14-22)

        • Batu juru di Zion nu luhur nilaina (16)

        • Padamelan Yéhuwa nu luar biasa (21)

      • Gambaran ngeunaan didikan Yéhuwa nu bijaksana (23-29)

Yésaya 28:1

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ngamaksudkeun Samaria, ibu kota karajaan Israél beulah kalér.

Yésaya 28:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”usim”.

Yésaya 28:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”tali ukuranana”.

  • *

    Keur para pamingpin agama, warta ti Yésaya téh kawas omongan budak leutik nu diulang-ulang.

Yésaya 28:13

Catetan Handap

  • *

    As. ”tali ukuranana”.

Yésaya 28:15

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Urang meunang titingalian nu sarua”.

  • *

    Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Yésaya 28:17

Catetan Handap

  • *

    Lot téh babandul nu ditalian nu dipaké pikeun mariksa lempeng henteuna témbok.

Yésaya 28:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Yésaya 28:19

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Waktu maranéhna ngarti, nu dirasakeun ku maranéhna ngan kasieun”.

Yésaya 28:22

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”sakuliah bumi”.

Yésaya 28:24

Catetan Handap

  • *

    Ngaguar taneuh.

Yésaya 28:25

Catetan Handap

  • *

    Kecap Ibranina ngamaksudkeun jinis gandum nu kualitasna rendah, nu dipelak di Mesir kuno.

Yésaya 28:26

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngadidik”.

Yésaya 28:27

Catetan Handap

  • *

    Misahkeun sisikian tina cangkangna.

Yésaya 28:29

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tujuana-Na”.

  • *

    Atawa ”Sarta kabijaksanaana-Na matak tajub”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 28:1-29

Yésaya

28 Cilaka makuta* nu diagulkeun ku urang Éfraim nu resep mabok.

Hiasanana téh ngan saukur kembang nu téréh layu

Di puncak lebak nu subur, tempatna jalma-jalma nu mabok ku cianggur.

 2 Yéhuwa bakal ngutus hiji jalma nu kuat jeung perkasa.

Manéhna bakal ngabalangkeun éta makuta ka bumi,

Lir hujan és jeung topan nu ngancurkeun,

Lir angin ribut jeung caah nu ngagulidag.

 3 Makuta-makuta nu diagulkeun ku urang Éfraim nu resep mabok téh

Bakal dileyekan.

 4 Kembang layu nu jadi hiasanana,

Nu aya di puncak éta lebak nu subur,

Bakal jadi kawas buah ara nu asak pangheulana saacan usum* panas.

Barang katingali ku jalma, langsung dipetik tuluy dihuapkeun.

5 Dina waktu éta, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bakal jadi kawas makuta nu mulya sarta kawas hiasan nu éndah dina sirah keur umat-Na nu saralamet. 6 Anjeunna bakal ngageuing para hakim supaya adil waktu ngaadilan. Anjeunna gé bakal méré kakuatan ka jalma-jalma nu ngusiran musuh nu nyerang di gerbang kota.

 7 Para imam jeung para nabi nyimpang gara-gara cianggur.

Maranéhna sasampoyongan gara-gara inuman keras.

Maranéhna nyimpang gara-gara inuman keras.

Gara-gara cianggur, maranéhna jadi bingung.

Maranéhna sasampoyongan gara-gara inuman keras.

Gara-gara titingalian nu ditarima, maranéhna jadi nyimpang

Sarta teu bener waktu mutus perkara.

 8 Méja maranéhna pinuh ku utah nu matak rujit,

Geus teu aya nu bersih.

 9 Ceuk maranéhna, ”Ka saha manéhna rék méré pangarti?

Ka saha manéhna rék nerangkeun éta warta?

Samarukna urang téh budak nu kakara eureun nyusu,

Budak nu kakara disapih?

10 Unggal-unggal, manéhna ngomong kieu, ’Ieu paréntahna, itu paréntahna.

Ieu aturanana,* itu aturanana.

Di dieu saeutik, di ditu saeutik.’”*

11 Ku sabab kitu, Allah bakal nepikeun firman-Na ka ieu bangsa ku perantaraan jalma nu ngomongna arapap-eureupeup jeung ngomongna maké basa asing. 12 Anjeunna pernah nyarios kieu ka ieu bangsa, ”Ieu téh tempat keur istirahat, tempat nu matak seger. Nu leuleus keun sina istirahat.” Tapi teu didéngé ku maranéhna. 13 Ku kituna, keur maranéhna firman Yéhuwa bakal kawas kieu:

”Ieu paréntahna, itu paréntahna.

Ieu aturanana,* itu aturanana.

Di dieu saeutik, di ditu saeutik.”

Jadi waktu leumpang,

Maranéhna bakal titajong jeung tijengkang,

Cilaka, dijiret, tuluy ditéwak.

14 Ku kituna déngékeun firman Yéhuwa, hé maranéh nu garedé omong,

Para pamingpin ieu bangsa di Yérusalém.

15 Sabab ceuk maranéh,

”Urang geus nyieun perjangjian jeung Ajal.

Urang geus nyieun perjangjian* jeung Kuburan.*

Waktu caah nu ngagulidag narajang,

Urang mah moal keuna,

Sabab hal bohong jadi panyalindungan urang

Sarta tipu daya jadi panyumputan urang.”

16 Éta sababna, ieu nu difirmankeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,

”Kuring masangkeun batu pondasi di Zion, batu nu geus diuji,

Batu juru nu luhur nilaina, pondasi nu weweg.

Jalma nu boga iman moal sieun.

17 Kaadilan ku Kuring rék dijadikeun tali ukuran,

Sarta bebeneran dijadikeun lot.*

Hal bohong nu dijadikeun panyalindungan ku maranéhna bakal disapu ku hujan és.

Panyumputan maranéhna bakal kakeueum ku caah.

18 Perjangjian maranéh jeung Ajal bakal dibatalkeun.

Perjangjian maranéh jeung Kuburan* bakal gagal.

Waktu caah nu ngagulidag narajang,

Maranéh bakal diancurkeun.

19 Unggal éta narajang,

Maranéh bakal disapu.

Éta caah bakal narajang unggal isuk,

Beurang, jeung peuting.

Waktu ngarasa sieun, kakara maranéhna bakal ngarti kana warta nu didéngé ku maranéhna.”*

20 Tempat saré téh pondok teuing lamun rék dipaké ngagolér.

Kaén tinun téh leutik teuing lamun rék dijadikeun simbut.

21 Yéhuwa bakal ngalampahkeun deui naon nu dilampahkeun ku Anjeunna di Gunung Pérazim.

Anjeunna bakal ngalampahkeun deui naon nu dilampahkeun ku Anjeunna di lebak deukeut Gibéon.

Anjeunna bakal ngalampahkeun hal nu teu biasa

Sarta ngalaksanakeun padamelan nu luar biasa.

22 Jadi ulah moyokan,

Supaya tali nu ngabeungkeut maranéh teu beuki pageuh,

Sabab abdi geus ngadéngé yén Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, pangawasa pasukan sorga,

Geus mutuskeun bakal ngabasmi sakuliah nagri.*

23 Déngékeun bener-bener omongan abdi.

Perhatikeun jeung déngékeun ucapan abdi.

24 Piraku patani hayoh waé ngawuluku,* ngalembutkeun, jeung ngararata taneuh

Tapi teu nebarkeun binih?

25 Ari taneuhna geus rata mah

Tangtu manéhna nebarkeun jinten hideung, jinten bodas,

Sarta melak gandum, jawawut, jeung barli di tempatna.

Manéhna gé tangtu melak sisikian séjén* di sisi-sisina.

26 Sabab Allah ngajarkeun* nu bener ka manéhna

Sarta méré pituduh ka manéhna.

27 Jinten hideung moal digiles maké papan paranti ngirik,*

Jinten bodas moal digiles maké roda padati.

Jinten hideung mah dikeprukan maké kai,

Ari jinten bodas maké tongkat.

28 Waktu ngirik, mémangna sisikian jang nyieun roti téh bakal digiles nepi ka jadi bubuk?

Nya moal atuh. Éta moal teterusan digiles dina pangirikan.

Lamun sisikian digiles maké roda padati nu ditarik ku kuda,

Tangtu digilesna gé moal nepi ka jadi bubuk.

29 Kanyaho kitu téh asalna ti Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga,

Nu naséhat-Na* luar biasa

Sarta sagala tindakana-Na hébat.*

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun