PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 31
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Pitulung téh ti Allah, lain ti manusa (1-9)

        • Kuda-kuda Mesir téh saukur daging (3)

Yésaya 31:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ka pasukan kuda”.

Yésaya 31:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bukitna”.

  • *

    Atawa ”nu jabrig”.

Yésaya 31:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Nu seuneu-Na”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 31:1-9

Yésaya

31 Cilaka nu indit ménta pitulung ka Mesir,

Nu ngandelkeun kuda-kuda,

Nu percaya kana karéta-karéta perang pédah jumlahna loba,

Sarta nu percaya kana kuda-kuda perang* pédah baredas,

Tapi maranéhna teu ngandelkeun Allah Israél nu Suci,

Maranéhna teu ménta pituduh ka Yéhuwa.

 2 Anjeunna téh bijaksana, Anjeunna bakal ngadatangkeun kasangsaraan.

Naon nu diucapkeun ku Anjeunna bakal dilaksanakeun.

Anjeunna bakal nyerang kumpulan jalma jahat

Sarta nyerang saha waé nu nulungan jalma jahat.

 3 Urang Mesir téh saukur manusa, lain Allah.

Kuda-kudana gé ngan saukur sasatoan, lain mahluk roh.

Waktu Yéhuwa ngulurkeun panangan-Na,

Saha waé nu nulungan bakal titajong,

Ari nu ditulunganana bakal labuh,

Duanana bakal binasa babarengan.

 4 Sabab ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa ka abdi,

”Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga,

Bakal turun pikeun perang

Demi Gunung Zion jeung pasirna,*

Kawas singa nu ngagaur, singa ngora nu kuat,* luhureun mamangsanna.

Waktu para pangangon digeroan pikeun ngagebah-gebah,

Éta singa teu sieuneun ku sora maranéhna, teu rentag ku tinggorowokna.

 5 Kawas manuk nu ngabelesat, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bakal gancang ngabéla Yérusalém.

Anjeunna bakal ngabéla jeung nyalametkeun Yérusalém.

Anjeunna bakal ngajaga jeung nulungan Yérusalém.”

6 ”Hé urang Israél nu terang-terangan barontak ka Allah, geura baralik ka Anjeunna. 7 Sabab bakal datang mangsana unggal jalma miceunan déwa-déwana nu euweuh gunana, beunang maranéh nyieunan tina pérak jeung emas, nu matak maranéh dosa.

 8 Urang Asiria bakal binasa ku pedang, tapi lain pedang manusa.

Pedang nu ngancurkeun maranéhna téh lain pedang manusa.

Maranéhna bakal kabur ku lantaran éta pedang,

Ari barudak ngorana bakal dititah gawé paksa.

 9 Jalma nu jadi cadas panangtayungan maranéhna bakal sirna bakating ku sieun,

Sarta para pamingpinna bakal sieuneun ku lantaran tihang tanda,” saur Yéhuwa,

Nu cahaya-Na* aya di Zion sarta nu pameuleumana-Na aya di Yérusalém.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun