PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 32
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Raja jeung para pamingpin nu maréntahna adil (1-8)

      • Awéwé nu garenah hirup dipépélingan (9-14)

      • Berkah waktu Allah masihan kawasa suci (15-20)

Yésaya 32:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”pangaweruh”.

Yésaya 32:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”usim”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 32:1-20

Yésaya

32 Bakal aya hiji raja nu maréntah demi bebeneran,

Bakal aya para pamingpin nu adil waktu maréntah.

 2 Masing-masing bakal jadi kawas panyumputan tina angin,

Kawas panyalindungan tina angin ribut,

Kawas kokocoran cai di tanah nu garing,

Kawas cadas nu gedé paranti ngiuhan di tanah nu garing.

 3 Jalma-jalma nu bisa nempo, panonna moal ditutup deui.

Jalma-jalma nu bisa ngadéngé, ceulina bakal ngabandungan.

 4 Jalma nu gurunggusuh bakal mikirkeun pangarti,*

Jalma nu arapap-eureupeup bakal lancar jeung béntés ngomongna.

 5 Jalma bodo moal dianggap deui jalma nu béréhan,

Jalma bejad moal dianggap deui jalma nu dihormat.

 6 Sabab jalma bodo mah omonganana ngacapruk,

Dina haténa ngararancang kajahatan

Pikeun ngojok-ngojok batur jadi murtad sarta ngomong nu teu bener ngeunaan Yéhuwa.

Manéhna teu méré dahar ka nu lapar

Sarta teu méré nginum ka nu halabhab.

 7 Jalma bejad boga rencana jahat.

Manéhna ngajurung batur ngalampahkeun hal-hal nu ngérakeun.

Manéhna ngabohong pikeun nyilakakeun jalma nu sangsara jeung nu miskin,

Sanajan omongan jalma-jalma miskin éta téh bener.

 8 Tapi jalma nu béréhan mah resep barangbéré,

Manéhna bakal salawasna béréhan.

 9 ”Éh awéwé-awéwé nu keur garenah hirup, geura harudang! Déngékeun omongan abdi!

Hé anak-anak awéwé nu hirupna tengtrem, perhatikeun ucapan abdi!

10 Dina sataun leuwih saeutik, maranéh nu hirupna tengtrem bakal ngadégdég kasieunan,

Sabab moal bisa ngumpulkeun anggur sanajan usum* panén anggur geus bérés.

11 Hé awéwé-awéwé nu keur garenah hirup, maranéh kudu sieun!

Hé jalma-jalma nu hirupna tengtrem, maranéh kudu ngadégdég!

Laanan pakéan maranéh,

Tuluy paké kaén goni dina cangkéng maranéh.

12 Teunggeulan dada maranéh bari ceurik,

Ceungceurikan kebon jeung tangkal anggur maranéh nu subur.

13 Tanah bangsa abdi bakal pinuh ku rungkun cucuk jeung jukut cucuk.

Éta bakal nutupan sakabéh imah nu pinuh ku kabagjaan

Sarta kota nu pinuh ku kagumbiraan.

14 Munara nu dibénténgan bakal diculkeun,

Kota nu gandéng bakal ditinggalkeun.

Ofél jeung munara jaga bakal jadi tempat nu garing salilana,

Jadi pangulinan kaldé-kaldé leuweung

Sarta tempat nyaratuan ingon-ingon.

15 Éta bakal terus kawas kitu nepi ka Allah masihan kawasa suci-Na ka urang.

Geus kitu, tanah gurun bakal jadi kebon buah,

Tuluy éta kebon buah bakal dianggap siga leuweung.

16 Di tanah gurun bakal aya kaadilan,

Ari di kebon buah bakal aya bebeneran.

17 Bebeneran nu sajati hasilna téh kaayaan nu tenang.

Bebeneran nu sajati buahna téh katengtreman jeung kaamanan nu langgeng.

18 Bangsa abdi bakal matuh di tempat nu salawasna tengtrem,

Di tempat nu aman santosa.

19 Sabalikna, hujan és bakal ngancurkeun leuweung

Sarta ngaratakeun kota.

20 Bagja jalma nu nebar binih di sapanjang kokocoran cai,

Nu ngencarkeun sapi jeung kaldé.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun