PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 33
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Hukuman jeung harepan keur jalma bener (1-24)

        • Yéhuwa téh Hakim, Nu Méré Hukum, jeung Raja (22)

        • Moal aya nu ngomong, ”Urang gering” (24)

Yésaya 33:1

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, Asiria.

Yésaya 33:6

Catetan Handap

  • *

    As. ”sarta sieun”.

  • *

    Atawa bisa jadi ”harta nu dipasihkeun ku Anjeunna”.

Yésaya 33:7

Catetan Handap

  • *

    Katingalina urang Yéhuda.

Yésaya 33:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”garing”.

Yésaya 33:16

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Tempat luhurna”.

Yésaya 33:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”mikirkeun”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 33:1-24

Yésaya

33 Cilaka manéh* nu sok ngancurkeun tapi can diancurkeun,

Nu sok ngahianat tapi can dihianat!

Sanggeus ngancurkeun, manéh sorangan bakal diancurkeun.

Sanggeus ngahianat, manéh sorangan bakal dihianat.

 2 Nun Yéhuwa, sing karunya ka abdi sadaya.

Gusti téh pangharepan abdi sadaya.

Mugia Gusti jadi kakuatan abdi sadaya unggal énjing,

Nu nyalametkeun dina mangsa kasusah.

 3 Ngadéngé sora Gusti nu ngagulugur, bangsa-bangsa kalabur.

Waktu Gusti cengkat, bangsa-bangsa paburisat.

 4 Jalma-jalma bakal ngajarah harta manéh kawas gorombolan simeut nu rampus.

Harta manéh bakal diserbu ku jalma-jalma kawas diserbu ku gorombolan simeut.

 5 Yéhuwa bakal diagungkeun,

Lantaran Anjeunna matuh di tempat nu luhur.

Anjeunna bakal minuhan Zion ku kaadilan jeung ku bebeneran.

 6 Anjeunna masihan kaamanan,

Anjeunna masihan kasalametan nu luar biasa, kabijaksanaan, pangarti, sarta rasa hormat* ka Yéhuwa.

Éta téh hartana.*

 7 Tuh, jalma-jalma* nu warani tingjarerit di jalan,

Para utusan nu rék ngarukunkeun careurik mani nalangsa.

 8 Jalan-jalan gedé sepi,

Euweuh nu leuleumpangan di dinya.

Musuh geus ngalanggar perjangjian.

Manéhna nyapirakeun kota-kota.

Manéhna teu ngahargaan sasaha.

 9 Tanah prihatin* jeung jadi ngolétrak.

Lébanon diéra-éra, éta geus buruk.

Syaron jadi kawas gurun keusik.

Dangdaunan di Basyan jeung Karmél murudul.

10 Yéhuwa nyarios, ”Ayeuna Kuring rék cengkat.

Kuring rék ngamulyakeun diri Kuring.

Kuring rék ngagungkeun diri Kuring.

11 Hé jalma jahat, rarancang manéh jeung lalampahan manéh téh bakal mubadir, éta kawas jukut garing jeung jarami.

Kalakuan maranéh lir seuneu nu bakal ngalebur maranéh sorangan.

12 Jalma-jalma bakal kawas batu kapur nu diduruk,

Kawas rungkun cucuk nu dibabad tuluy diduruk.

13 Hé nu jarauh, déngékeun naon nu rék dilampahkeun ku Kuring!

Hé nu dareukeut, maranéh kudu ngakukeun Kuring téh perkasa!

14 Jalma-jalma dosa di Zion galeumpeur.

Jalma-jalma murtad ngeleper sarieuneun, ceuk maranéhna,

’Saha nu bisa cicing di tempat nu seuneuna ngagedur?

Saha nu bisa cicing di tempat nu seuneuna teu bisa dipareuman?’

15 Jalma nu tetep aya di jalan nu bener,

Nu ngomongna jujur,

Nu embung narima kauntungan tina hasil nipu,

Nu leungeunna embung narima panyogok,

Nu nutupan ceulina ngarah teu ngadéngé siasat jahat jalma nu rék maéhan,

Sarta nu nutupan panonna ngarah teu ningali kagoréngan,

16 Éta jalma nu bakal cicing di tempat nu luhur.

Panyalindunganana* nu aman téh gunung batu nu tohaga.

Manéhna bakal disadiaan dahareun,

Sarta pasadiaan caina moal béak-béak.”

17 Hé bangsa abdi, maranéh bakal ningali raja nu agung.

Maranéh bakal ningali nagri nu jauh.

18 Di jero haté, maranéh bakal inget* kana kajadian nu pikasieuneun baréto.

Ceuk maranéh, ”Mana jurutulis téh?

Mana jalma nu nimbang upeti téh?

Mana jalma nu ngitung munara-munara téh?”

19 Maranéh moal ningali deui bangsa nu angkuh éta,

Bangsa anu basana hésé kaharti,

Anu ngomongna anéh jeung teu kaharti.

20 Tingali Zion, kota tempat urang ngayakeun perayaan-perayaan!

Maranéh bakal ningali Yérusalém téh jadi tempat anu tengtrem,

Kémah nu moal bakal dipindahkeun.

Patok-patokna moal bakal dicabut,

Sarta tali-talina moal bakal dipegatkeun.

21 Tapi di dinya, Yéhuwa, Allah nu Hébat,

Bakal nangtayungan urang kawas walungan atawa susukan gedé nu ngajaga hiji daérah.

Éta moal bisa diliwatan ku kapal-kapal perang

Atawa kapal gedé.

22 Sabab Yéhuwa téh Hakim urang,

Yéhuwa téh Nu Méré Hukum ka urang,

Yéhuwa téh Raja urang,

Anjeunna nu bakal nyalametkeun urang.

23 Tali-tali kapal musuh bakal kendor,

Moal bisa dipaké nanjeurkeun tihang atawa mébérkeun layar.

Dina waktu éta, jarahan nu kacida lobana bakal dibagi-bagi.

Malah nu lumpuh gé bakal nyokot loba jarahan.

24 Saha waé nu matuh di dinya moal aya nu ngomong, ”Urang gering.”

Jalma-jalma nu matuh di éta nagri dosana bakal dihampura.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun