PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 34
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Yéhuwa ngabales bangsa-bangsa (1-4)

      • Édom bakal kalantar (5-17)

Yésaya 34:9

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ngamaksudkeun Bozra, ibu kota Édom.

Yésaya 34:11

Catetan Handap

  • *

    Lot téh babandul nu ditalian nu dipaké pikeun mariksa lempeng henteuna témbok. As. ”batu”.

Yésaya 34:14

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Roh-roh jahat nu kawas embé”.

Yésaya 34:17

Catetan Handap

  • *

    As. ”Jeung ngabagi-bagi tempat keur éta sasatoan maké tali ukuran”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 34:1-17

Yésaya

34 Hé bangsa-bangsa, ka darieu, daréngékeun.

Hé suku-suku bangsa, perhatikeun.

Bumi jeung sagala eusina sina ngadaréngékeun,

Kitu deui tanah jeung sakabéh hasilna.

 2 Yéhuwa bendu ka sakabéh bangsa.

Anjeunna murka ka sakabéh pasukan maranéhna.

Maranéhna ku Anjeunna bakal dibasmi.

Maranéhna bakal dipaéhan.

 3 Mayit-mayitna moal dikubur,

Bau bangkéna bakal nyambuang ka mana-mana.

Gunung-gunung bakal cipruk ku getih maranéhna.

 4 Sakabéh pasukan langit bakal baruruk.

Langit bakal digulung kawas gulungan.

Sakabéh pasukan langit bakal ragragan,

Kawas daun layu nu maruragan tina tangkal anggur,

Kawas buah ara garing nu maruragan tina tangkalna.

 5 ”Di langit, pedang Kuring bakal lamokot ku getih.

Éta bakal turun ngahukum Édom,

Bangsa nu geus ditetepkeun ku Kuring pikeun dibasmi.

 6 Kuring, Yéhuwa, boga hiji pedang.

Éta bakal lamokot ku getih sarta katutup ku gajih.

Lamokot ku getih embé jeung domba jalu ngora,

Katutup ku gajih tina giginjel domba jalu.

Sabab Kuring, Yéhuwa, nyadiakeun kurban di Bozra,

Ngayakeun jagal gedé di tanah Édom.

 7 Banténg bakal dipaéhan bareng jeung sato-sato éta.

Sapi jalu ngora bakal dipaéhan bareng jeung sapi jalu nu kuat.

Tanah Édom bakal cipruk ku getih,

Taneuhna bakal katutup ku gajih.”

 8 Yéhuwa geus nangtukeun poé pikeun ngabales musuh-musuh-Na,

Taun pikeun ngahukum jalma-jalma nu nindes Zion.

 9 Kokocoran-kokocoran caina* bakal dirobah jadi aspal,

Taneuhna jadi walirang,

Sarta tanahna bakal jadi kawas aspal nu diduruk.

10 Beurang peuting seuneuna moal pareum,

Haseupna ngebul teu eureun-eureun.

Éta nagri bakal jadi ruruntuhan turun-tumurun,

Moal aya nu ngaliwat-liwat acan ka dinya salalanggengna.

11 Manuk pélikan jeung landak bakal maratuh di dinya.

Bueuk nu ceulina panjang jeung gagak gé bakal caricing di dinya.

Allah bakal ngukur éta tanah ku tali ukuran jeung lot*

Pikeun némbongkeun yén éta tanah bakal jadi kosong jeung kalantar.

12 Para bangsawanna moal aya nu jadi raja,

Sarta para pamingpinna bakal musna.

13 Rungkun cucuk bakal jaradi dina munara-munara nu dibénténgan.

Jujukutan jeung jukut cucuk bakal jaradi dina bénténg-bénténgna.

Éta tanah bakal jadi panyicingan anjing leuweung,

Bakal jadi sayang manuk onta.

14 Sasatoan gurun bakal ngarumpul jeung sato nu sok babaung.

Embé-embé liar* bakal silih geroan.

Manuk nu néangan dahareun ti peuting bakal reureuh jeung cicing di dinya.

15 Di dinya, oray bakal nyarieun sayang jeung ngarendog,

Bakal nyileungleuman endog-endogna nepi ka megar sarta ngajaga anak-anakna.

Manuk heulang bakal karumpul di dinya, masing-masing jeung papasanganana.

16 Téangan dina kitab Yéhuwa, tuluy baca sing tarik.

Hiji gé moal aya nu leungit.

Masing-masing bakal boga papasanganana,

Sabab nu ngucapkeun paréntahna téh Yéhuwa.

Kabéhanana geus dikumpulkeun ku kawasa suci-Na.

17 Anjeunna nu ngundi

Jeung nangtukeun tempat keur éta sasatoan.*

Éta bakal jadi milik maranéhna keur salilana.

Maranéhna bakal cicing di dinya ti jaman ka jaman.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun