PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 35
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Pirdaus dipulihkeun (1-7)

        • Nu lolong bakal bisa nempo, nu torék bakal bisa ngadéngé (5)

      • Jalan suci keur jalma-jalma nu ditebus (8-10)

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 35:1-10

Yésaya

35 Tanah gurun jeung tanah nu garing bakal galumbira.

Gurun keusik bakal suka bungah sarta kembangan cara safron.

 2 Gurun keusik pasti bakal kembangan,

Suka bungah, jeung surak gumbira.

Kamulyaan Lébanon bakal dibikeun ka éta tanah,

Kitu deui kaagungan Karmél jeung Syaron.

Jalma-jalma bakal ningali kamulyaan Yéhuwa, kaagungan Allah urang.

 3 Kuatkeun leungeun nu ngaplék,

Jagjagkeun tuur nu nyorocod.

 4 Béjakeun kieu ka nu keur laleutik haté,

”Sing teger, tong sieun.

Tempo! Allah maranéh bakal datang ngabales musuh-musuh maranéh.

Allah bakal ngahukum maranéhna.

Anjeunna bakal datang sarta nyalametkeun maranéh.”

 5 Dina waktu éta, nu lolong bakal bisa nempo,

Nu torék bakal bisa ngadéngé.

 6 Dina waktu éta, nu lumpuh bakal luncat kawas uncal,

Nu pireu bakal surak gumbira.

Cai bakal ngocor di tanah gurun,

Walungan-walungan bakal ngalocor di gurun keusik.

 7 Tanah nu garing kapanasan bakal jadi situ,

Tanah nu tandus bakal jadi cinyusu.

Jukut nu héjo, jukut nu jarangkung, jeung papirus

Bakal jaradi di tempat pamatuhan anjing leuweung.

 8 Di dinya bakal aya jalan gedé

Nu dingaranan Jalan Suci.

Jalma nu najis moal ngaliwat ka dinya,

Jalma nu bodo teu meunang ngaliwat ka dinya.

Nu meunang ngaliwat ka dinya téh ngan jalma nu diidinan.

 9 Singa moal aya di dinya,

Sato-sato galak nu rampus gé moal ngaliwat ka dinya,

Sato-sato éta moal aya di dinya.

Nu ngaliwat ka dinya téh ngan jalma-jalma nu geus ditebus ku Allah.

10 Jalma-jalma nu ditebus ku Yéhuwa bakal baralik ka Zion bari sarurak gumbira.

Maranéhna bakal dimakutaan ku kasukaan nu langgeng.

Kabungah jeung kabagjaan bakal jadi milikna,

Ari kasedih jeung kasusah bakal nyalingkir.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun