PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 38
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Hizkia gering tuluy dicageurkeun (1-22)

        • Lagu ucapan sukur (10-20)

Yésaya 38:8

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Bayangan”.

  • *

    Katingalina ieu tangga téh dipaké keur ngitung waktu, kawas jam panonpoé.

Yésaya 38:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Yésaya 38:11

Catetan Handap

  • *

    ”Yah” téh nami pondokna Yéhuwa.

Yésaya 38:14

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”bango”.

Yésaya 38:16

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta ku ucapana-Na sarta tindakana-Na.

Yésaya 38:17

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Gusti nyingkirkeun sadaya dosa abdi ti payuneun Gusti”.

Yésaya 38:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 38:1-22

Yésaya

38 Hiji poé, Hizkia gering jeung téréh maot. Tuluy, Nabi Yésaya anak Amoz datang jeung ngomong kieu, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Sok béré amanat ka kulawarga manéh, sabab manéh moal cageur, manéh bakal maot.’” 2 Ngadéngé kitu, Hizkia malik, nyanghareup kana témbok tuluy ngadoa ka Yéhuwa, 3 ”Nun Yéhuwa, abdi nyuhunkeun ka Gusti, sing émut, abdi tos satia sareng nurut ka Gusti sagemblengna haté. Abdi tos milampah nu bener dina pandangan Gusti.” Geus kitu Hizkia ceurik sesegruk.

4 Tuluy, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Yésaya, 5 ”Jung balik deui, béjakeun kieu ka Hizkia, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Allahna Daud karuhun manéh, ”Kuring geus ngadéngé doa manéh. Kuring geus nempo keclak cipanon manéh. Umur manéh ku Kuring rék ditambahan 15 taun deui. 6 Kuring bakal ngabébaskeun manéh jeung ieu kota tina genggeman raja Asiria. Kuring bakal ngajaga ieu kota. 7 Ieu tanda ti Yéhuwa nu bakal ngayakinkeun Raja yén Yéhuwa bakal ngalaksanakeun ucapana-Na: 8 Kalangkang* panonpoé nu turun di tanggana* Ahaz ku Kuring rék dipundurkeun sapuluh léngkah.”’” Seug kalangkang téh mundur sapuluh léngkah.

9 Sanggeus cageur tina panyakitna, Hizkia raja Yéhuda nulis kieu:

10 Ceuk abdi, ”Abdi téh can kolot-kolot teuing,

Tapi geus kudu asup ka gerbang Kuburan.*

Umur abdi moal lila deui.”

11 Ceuk abdi, ”Abdi moal ningali Yah,* moal ningali Yah di nagri jalma-jalma nu harirup.

Abdi moal ningali manusa deui,

Sabab abdi bakal aya di antara jalma-jalma nu maot.

12 Pamatuhan abdi kawas kémah pangangon

Nu dibongkar jeung dibawa indit.

Hirup abdi digulung kawas kaén nu digulung ku tukang tinun.

Hirup abdi kawas benang nu diteukteuk tina alat tinun.

Ti beurang nepi ka peuting, hirup abdi lalaunan dianggeuskeun.

13 Abdi nenangkeun diri nepi ka isuk.

Tapi Allah téh kawas singa nu terus ngaremukkeun tulang-tulang abdi.

Ti beurang nepi ka peuting, hirup abdi lalaunan dianggeuskeun.

14 Kawas manuk walét atawa manuk anis,* abdi terus cacat-cicit.

Kawas japati, abdi terus ngaderuk.

Abdi capé ngadagoan pitulung ti Anjeunna.

’Nun Yéhuwa, abdi téh nalangsa pisan.

Tulungan abdi!’

15 Abdi bisa ngomong naon?

Da Anjeunna geus ngomong ka abdi sarta nyieun tindakan.

Sapanjang hirup, abdi bakal terus rendah haté

Ku lantaran kasusah nu kaalaman ku abdi.

16 ’Nun Yéhuwa, ku karana Gusti* jalma-jalma hirup,

Ku karana Gusti abdi tiasa napas.

Gusti bakal nyageurkeun abdi, ku kituna abdi tiasa tetep hirup.

17 Katengtreman abdi geus jadi kasangsaraan.

Tapi ku sabab Gusti nyaah ka abdi,

Abdi disalametkeun tina ajal.

Gusti teu ngémut-ngémut deui sadaya dosa abdi.*

18 Kuburan* teu tiasa ngamulyakeun Gusti,

Ajal teu tiasa muji Gusti.

Nu turun ka liang kubur teu tiasa ngarepkeun kasatiaan Gusti.

19 Mung nu hirup nu tiasa muji Gusti, mung nu hirup,

Sapertos abdi dinten ieu.

Bapa-bapa tiasa ngajar anak-anakna ngeunaan kasatiaan Gusti.

20 Nun Yéhuwa, salametkeun abdi,

Tuluy abdi sadaya bakal maén musik sarta nabeuh alat musik nu maké senar

Sapanjang hirup di bumina Yéhuwa.’”

21 Geus kitu Yésaya ngomong kieu, ”Pangmawakeun buah ara garing nu geus ditutu tuluy popokkeun kana bisulna supaya anjeunna cageur.” 22 Saacanna, Hizkia nanya kieu, ”Naon tandana abdi bakal indit ka bumina Yéhuwa?”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun