PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 39
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Para utusan ti Babilon (1-8)

Yésaya 39:2

Catetan Handap

  • *

    As. ”Hizkia gumbira ku karana”.

Yésaya 39:8

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bener”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 39:1-8

Yésaya

39 Teu lila ti dinya, raja Babilon, nyaéta Mérodakh-baladan anak Baladan, ngirim surat jeung hadiah ka Hizkia, lantaran manéhna ngadéngé yén Hizkia nu tadina gering ayeuna geus cageur. 2 Hizkia bungaheun nyambut* para utusan raja Babilon. Maranéhna diajak ningalian pérak, emas, minyak balsem jeung minyak séjénna nu aralus, kabéh senjatana, sarta sagala rupa nu aya di rohangan tempat nyimpen harta di istana. Euweuh nu teu ditémbongkeun ku Hizkia di istanana jeung karajaanana.

3 Geus kitu, Nabi Yésaya ngadep ka Raja Hizkia jeung nanya kieu, ”Ti mana aranjeunna téh? Nyarita naon ka Raja?” Ku Hizkia dijawab, ”Ti nu tebih, ti Babilon.” 4 Yésaya nanya deui, ”Ningalian naon di istana téh?” Ditémbal ku Hizkia, ”Sadaya nu aya di istana, kalebet nu aya di rohangan tempat nyimpen harta. Teu aya nu teu ditémbongkeun ku abdi.”

5 Yésaya ngomong ka Hizkia, ”Dangukeun firman Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, 6 ’Engké dina waktuna, naon waé nu aya di istana manéh jeung naon waé nu geus dikumpulkeun ku karuhun manéh nepi ka ayeuna bakal diakutan ka Babilon, euweuh nu nyésa,’ saur Yéhuwa. 7 ’Sawaréh turunan manéh nu bakal lahir téh bakal dibawa jeung jadi pajabat di istana raja Babilon.’”

8 Ti dinya, Hizkia ngomong ka Yésaya, ”Firman Yéhuwa nu ditepikeun ku anjeun téh mani saé.” Hizkia neruskeun, ”Lantaran salami abdi hirup, kaayaan téh bakal tetep aman* jeung tengtrem.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun