Yésaya
4 Dina waktu éta, bakal aya tujuh awéwé nu nyarekel pageuh ka hiji lalaki. Ceuk maranéhna,
”Abdi sadaya bakal néangan dahar sorangan,
Abdi sadaya gé bakal maké baju milik sorangan,
Nu penting mah abdi sadaya disebut pamajikan Akang.*
Ku kituna, abdi sadaya moal diéra-éra.”*
2 Dina waktu éta, sirung nu dijadikeun ku Yéhuwa bakal éndah jeung mulya. Urang Israél nu saralamet bakal sugema tur bagja ku hasil tanah di éta nagri. 3 Nu aya kénéh di Zion jeung nu nyésa di Yérusalém bakal disebut suci. Ngaran kabéh jalma nu aya di Yérusalém bakal dicatet supaya maranéhna tetep hirup.
4 Yéhuwa bakal ngabersihan kokotor* penduduk Zion jeung ngumbah noda getih nu aya di Yérusalém ku cara ngahakiman Yérusalém jeung ngabudalkeun amarah ka manéhna. 5 Yéhuwa gé bakal ngajadikeun méga* jeung haseup ti beurang sarta seuneu nu hurung ti peuting di luhureun sakuliah wilayah Gunung Zion jeung di luhureun tempat nu sok dipaké karumpul. Sakuliah tempat nu mulya éta bakal ditangtayungan. 6 Di dinya bakal aya saung paranti ngiuhan sangkan henteu kapentrang ku panas ti beurang, sarta paranti nyalindung ari keur hujan jeung keur angin ribut.