PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 43
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Yéhuwa ngumpulkeun deui umat-Na (1-7)

      • Allah-allah palsu diuji (8-13)

        • ”Maranéh téh saksi-saksi Kuring” (10, 12)

      • Dibébaskeun ti Babilon (14-21)

      • ”Hayu urus perkara urang” (22-28)

Yésaya 43:9

Catetan Handap

  • *

    Katingalina maksudna allah-allah palsu.

Yésaya 43:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”jeung percaya”.

Yésaya 43:24

Catetan Handap

  • *

    Basa Inggrisna nyaéta calamus.

Yésaya 43:25

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”mupus kalakuan manéh nu barontak”.

Yésaya 43:27

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi maksudna guru-guru nu ngajarkeun Torét.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 43:1-28

Yésaya

43 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,

Nu Nyiptakeun manéh, hé Yakub, Nu Ngajadikeun manéh, hé Israél,

”Ulah sieun, Kuring geus nebus manéh.

Manéh ku Kuring disebut maké ngaran manéh sorangan.

Manéh téh milik Kuring.

 2 Waktu meuntas laut, manéh bakal diaping ku Kuring.

Waktu meuntas walungan, manéh moal kabawa palid.

Waktu ngaliwatan seuneu, manéh moal tutung,

Moal kaduruk ku seuneu.

 3 Kuring téh Yéhuwa Allah manéh,

Allah Israél nu Suci, Jurusalamet manéh.

Kuring mikeun Mesir pikeun nebus manéh,

Sarta mikeun Étiopia jeung Séba pikeun ditukeuran jeung manéh.

 4 Keur Kuring, manéh téh istiméwa.

Manéh dibéré kahormatan ku Kuring, sarta Kuring téh nyaah ka manéh.

Éta sababna, Kuring bakal méré jalma-jalma pikeun gaganti manéh,

Sarta méré bangsa-bangsa pikeun gaganti nyawa manéh.

 5 Ulah sieun, aya Kuring.

Kuring bakal mawa turunan manéh ti wétan,

Sarta ngumpulkeun maranéhna ti kulon.

 6 Kuring rék ngomong ka kalér, ’Sérénkeun maranéhna ka Kuring!’

Sarta ka kidul, ’Ulah ngahalang-halang maranéhna.

Bawa anak-anak Kuring nu lalaki ti tempat nu jauh, sarta bawa anak-anak Kuring nu awéwé ti tungtung-tungtung bumi.

 7 Maranéhna kabéh disebut ku ngaran Kuring.

Kuring nu ngajadikeun, nyiptakeun,

Sarta nyieun maranéhna supaya Kuring dimulyakeun.’

 8 Budalkeun éta bangsa, bangsa nu boga panon tapi lolong,

Nu boga ceuli tapi torék.

 9 Kumpulkeun sakabéh bangsa di hiji tempat,

Kumpulkeun suku-suku bangsa.

Di antara maranéhna,* saha nu bisa méré nyaho ngeunaan ieu?

Saha nu bisa méré nyaho ka urang ngeunaan hal-hal pangheulana nu bakal kajadian?

Maranéhna sina mawa para saksi pikeun ngabuktikeun yén maranéhna téh bener.

Keun batur sina ngadéngé jeung ngomong, ’Éta téh bener!’”

10 Saur Yéhuwa, ”Maranéh téh saksi-saksi Kuring.

Kuring milih maranéh pikeun jadi hamba Kuring,

Supaya maranéh kenal jeung boga iman* ka Kuring,

Sarta ngarti yén Kuring téh teu barobah.

Saacan Kuring euweuh Allah,

Sanggeus Kuring gé moal aya.

11 Kuring téh Yéhuwa. Kuring hiji-hijina nu bisa nyalametkeun maranéh.”

12 Saur Yéhuwa, ”Kuring nu ngumumkeun naon nu bakal pijadieun. Kuring nu nyalametkeun maranéh sarta méré nyaho éta kabéh.

Harita, di antara maranéh euweuh Allah séjén.

Jadi, maranéh téh saksi-saksi Kuring. Kuring téh Allah nu sajati.

13 Kuring teu barobah.

Euweuh nu bisa ngarebut naon waé tina genggeman Kuring.

Waktu Kuring ngalaksanakeun kahayang Kuring, saha nu bisa ngahalang-halang?”

14 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Nu Nebus maranéh, Allah Israél nu Suci,

”Demi maranéh, Kuring ngirim pasukan ka Babilon pikeun ngancurkeun palang-palang gerbangna.

Kuring bakal ngéléhkeun urang Khaldéa nu tarumpak kapal, tuluy maranéhna bakal careurik bakating ku nalangsa.

15 Kuring téh Yéhuwa, Allah nu Suci, Raja maranéh, Nu Nyiptakeun Israél.”

16 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,

Allah nu nyieun jalan pikeun meuntasan laut,

Sarta nu nyieun jalan pikeun ngaliwatan cai nu pagulung-gulung,

17 Allah nu ngaluarkeun karéta perang jeung kuda

Sarta pasukan jeung prajurit nu kuat,

”Maranéhna bakal ngajoprak, moal hudang deui.

Maranéhna bakal maot, kawas sumbu nu seuneuna dipareuman.”

18 ”Ulah nginget-nginget kajadian nu baheula.

Ulah terus mikirkeun mangsa nu geus kaliwat.

19 Kuring bakal migawé hal anu anyar,

Anu ayeuna geus dimimitian.

Maranéh téh teu nyaho, kitu?

Kuring bakal nyieun jalan nu meuntasan tanah gurun,

Sarta nyieun walungan nu meuntasan gurun keusik.

20 Sato liar di tegalan bakal ngamulyakeun Kuring,

Kitu deui anjing leuweung jeung manuk onta.

Kuring bakal nyadiakeun cai di tanah gurun

Sarta walungan di gurun keusik

Pikeun inumeun umat pilihan Kuring,

21 Umat nu dijadikeun ku Kuring keur Kuring pribadi,

Supaya maranéhna nyoarakeun pamuji keur Kuring.

22 Tapi manéh teu sasambat ka Kuring, hé Yakub,

Sabab manéh geus bosen ka Kuring, hé Israél.

23 Manéh teu mawa domba pikeun dijadikeun kurban beuleuman ka Kuring,

Sarta manéh teu méré kurban pikeun ngamulyakeun Kuring.

Kuring teu pernah maksa manéh mawa pangbakti

Atawa ngabeungbeuratan manéh ku ménta menyan.

24 Manéh embung ngaluarkeun duit pikeun meuli jukut seungit* keur Kuring.

Manéh teu nyukakeun Kuring ku gajih sato kurban manéh,

Tapi kalah ka ngabeungbeuratan Kuring ku dosa manéh

Sarta nyapékeun Kuring ku kasalahan manéh.

25 Demi ngaran Kuring, Kuring mupus palanggaran-palanggaran manéh*

Sarta teu nginget-nginget dosa manéh.

26 Hayu urus perkara urang. Ingetan Kuring.

Béla perkara manéh, buktikeun manéh téh bener.

27 Karuhun manéh nu mimiti geus migawé dosa.

Para pamingpin* manéh barontak ka Kuring.

28 Jadi, Kuring bakal nganistakeun para pamingpin tempat suci.

Kuring bakal nyerahkeun Yakub pikeun dimusnakeun

Sarta Israél pikeun dihina.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun