PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 45
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Korés dipilih pikeun nalukkeun Babilon (1-8)

      • Taneuh liket ulah paadu omong jeung Tukang Gagarabah (9-13)

      • Bangsa-bangsa bakal hormat ka Israél (14-17)

      • Ciptaan jeung ucapan Yéhuwa téh bisa dipercaya (18-25)

        • Bumi diciptakeun téh pikeun dicicingan (18)

Yésaya 45:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bukit-bukit”.

Yésaya 45:6

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ti lebah panonpoé medal nepi ka lebah panonpoé surup”.

Yésaya 45:8

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Awan”.

Yésaya 45:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nu paadu omong jeung”.

  • *

    Atawa bisa jadi ”Mémangna taneuh liket bisa ngomong kieu, ’Wadah nu dijieun ku manéh téh euweuh panyekelanana’?”

Yésaya 45:14

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Urang Mesir nu buburuh”.

  • *

    Atawa bisa jadi ”para padagang”.

Yésaya 45:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”lain pikeun jadi tempat nu kosong”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 45:1-25

Yésaya

45 Yéhuwa geus ngalantik Korés sarta nyekel leungeun katuhuna

Pikeun nalukkeun bangsa-bangsa di hareupeunana,

Pikeun ngarampas senjata raja-raja,

Sarta pikeun muka panto-panto di hareupeunana

Supaya gerbang-gerbang teu nutup.

Ieu nu diucapkeun ku Anjeunna ka Korés,

 2 ”Kuring bakal maju heulaeun manéh

Sarta ngaratakeun pasir-pasir.*

Panto-panto tambaga ku Kuring bakal diancurkeun,

Palang-palang beusi bakal dipotongkeun.

 3 Manéh ku Kuring bakal dibéré harta nu aya di tempat nu poék

Sarta harta pependeman nu aya di tempat nu buni,

Supaya manéh nyaho yén Kuring téh Yéhuwa,

Allah Israél, nu ngageroan manéh maké ngaran manéh.

 4 Demi Yakub hamba Kuring, sarta demi Israél nu dipilih ku Kuring,

Kuring ngageroan manéh maké ngaran manéh.

Najan teu wanoh ka Kuring, manéh ku Kuring dibéré ngaran nu bakal dihormat.

 5 Kuring téh Yéhuwa, euweuh nu séjén.

Taya deui Allah salian ti Kuring.

Kuring bakal nguatkeun manéh sanajan manéh teu wanoh ka Kuring.

 6 Ku kituna, jalma-jalma bakal nyarahoeun

Yén ti wétan nepi ka kulon* téh

Taya deui nu séjén salian ti Kuring.

Kuring téh Yéhuwa, taya deui nu séjén.

 7 Kuring nu ngajadikeun caang jeung poék,

Kuring nu ngadatangkeun katengtreman jeung bahla.

Kuring, Yéhuwa, nu ngalampahkeun éta kabéh.

 8 Éh langit, turunkeun bebeneran kawas hujan.

Méga* sina nurunkeun bebeneran.

Bumi sina muka tuluy ngahasilkeun kasalametan sarta ngabijilkeun bebeneran,

Duanana sina jaradi babarengan.

Kuring, Yéhuwa, nu ngadamel éta.”

 9 Cilaka jalma nu ngalawan ka* Nu Nyiptana,

Sabab éta jalma téh ngan ibarat sesemplékan gagarabah

Di antara sesemplékan séjén luhureun taneuh.

Mémangna pantes taneuh liket ngomong kieu ka Tukang Nyieun Gagarabah, ”Manéh téh nyieun naon?”

Mémangna pantes pariuk ngomong kieu ka nu nyieunna, ”Manéh mah teu bisa nanaon”?*

10 Cilaka jalma nu nanya ka bapana, ”Ku naon anjeun jadi bapa abdi?”

Sarta nu nanya ka indungna, ”Ku naon anjeun ngajurukeun abdi?”

11 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Allah Israél nu Suci, Allah nu ngajadikeun manéhna,

”Manéh teu percaya ka Kuring ngeunaan hal-hal nu bakal kajadian?

Ku naon manéh mapatahan Kuring naon nu kudu dilampahkeun ka anak-anak jeung dadamelan Kuring?

12 Kuring nu ngajadikeun bumi sarta nyiptakeun manusa di dinya.

Kuring nu mentangkeun langit ku panangan Kuring

Sarta méré paréntah ka sakabéh pasukan langit.”

13 Saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ”Demi tujuan Kuring nu bener, Kuring geus ngageuing hiji jalma.

Jalan éta jalma ku Kuring bakal dijieun mulus.

Manéhna nu bakal ngawangun kota Kuring

Sarta ngabébaskeun umat Kuring nu ditawan, tanpa dibayar atawa disogok.”

14 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,

”Kauntungan Mesir* jeung barang dagangan* Étiopia bakal jadi milik manéh.

Urang Séba nu awakna jarangkung gé bakal datang ka manéh.

Kabéhanana bakal leumpang di tukangeun manéh bari diranté.

Maranéhna bakal datang sarta sujud ka manéh.

Ku rasa hormat, maranéhna bakal ngomong kieu, ’Allah téh nyarengan anjeun.

Taya deui Allah nu lian.’”

15 Nun Allah Israél, Jurusalamet,

Gusti téh Allah nu ngarasiahkeun jalan-jalan Gusti.

16 Maranéhna kabéh bakal diéra-éra jeung direndahkeun.

Kabéh jalma nu nyieunan berhala bakal indit bari nandang kahinaan.

17 Tapi Israél bakal disalametkeun ku Yéhuwa pikeun salawasna.

Maranéh moal diéra-éra atawa dihina pikeun salalanggengna.

18 Yéhuwa téh Nu Nyiptakeun langit, Allah nu sajati,

Nu Nyiptakeun bumi, sarta Allah nu ngajadikeun bumi tohaga.

Bumi diciptakeun ku Anjeunna téh lain taya tujuan,* tapi pikeun dicicingan.

Saur Anjeunna,

”Kuring téh Yéhuwa, taya deui nu séjén.

19 Kuring teu ngomong di tempat nu buni, di nagri nu poék.

Kuring teu ngomong kieu ka turunan Yakub,

’Pék téangan Kuring, tapi usaha manéh moal aya gunana.’

Kuring téh Yéhuwa, nu ngucapkeun naon nu adil jeung nu bener.

20 Hé maranéh nu kabur ti bangsa-bangsa,

Geura ka darieu, karumpul.

Jalma-jalma nu ka ditu ka dieu mamawa patung ukiran téh teu nyaho nanaon.

Maranéhna ngadoa ka allah nu teu bisa nyalametkeun maranéhna.

21 Sok sodorkeun sarta béla perkara maranéh.

Maranéhna sina badami.

Saha nu ti baheula kénéh geus méré nyaho ngeunaan nu bakal kajadian,

Sarta nu ti jaman baréto kénéh geus ngabéjaan ngeunaan éta?

Nya, Kuring, Yéhuwa.

Teu aya Allah salian ti Kuring, Allah nu adil sarta Nu Nyalametkeun.

Teu aya nu séjén salian ti Kuring.

22 Hé sakabéh jalma nu aya di bumi, geura baralik ka Kuring supaya maranéh salamet,

Lantaran Kuring téh Allah, teu aya deui nu séjén.

23 Kuring geus sumpah demi diri Kuring.

Nu diucapkeun ku Kuring téh bener

Sarta pasti ngajadi.

Sakabéh jalma bakal sujud ka Kuring

Sarta sumpah pikeun satia ka Kuring.

24 Maranéhna bakal ngomong, ’Mung Yéhuwa nu bener sareng kuat.

Sadaya jalmi nu ambek ka Anjeunna bakal ngadeuheus bari éraeun.

25 Ku karana Yéhuwa, sakabéh turunan Israél bakal dianggap bener.

Maranéhna bakal agul ku karana Anjeunna.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun