PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 46
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Allah-allah Babilon ngalawan Allah Israél (1-13)

        • Yéhuwa ngaramalkeun mangsa ka hareup (10)

        • Jalma ti wétan nu kawas heulang (11)

Yésaya 46:9

Catetan Handap

  • *

    As. ”kajadian nu mimiti”.

Yésaya 46:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Rencana”.

Yésaya 46:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”rencana”.

  • *

    Atawa ”ti lebah panonpoé medal”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 46:1-13

Yésaya

46 Déwa Bél jeung Nébo sarujud,

Patung-patungna dimuatkeun kana sato-sato, kana sato-sato liar,

Kawas muatan nu ngabeungbeuratan sato-sato nu geus maropo.

 2 Éta déwa-déwa téh sujud babarengan.

Maranéhna teu bisa nyalametkeun patung-patung nu diakut,

Malah maranéhna sorangan diboyong jadi tawanan.

 3 ”Déngékeun Kuring, hé turunan Yakub jeung kabéh urang Israél nu aya kénéh,

Nu geus diais ku Kuring ti barang brol dijurukeun sarta dijaga ti saprak di jero kandungan kénéh.

 4 Nepi ka manéh kolot, Kuring moal barobah.

Nepi ka manéh huisan, Kuring bakal terus ngajaga manéh.

Kuring bakal nulungan, ngadukung, jeung nyalametkeun manéh sakumaha nu enggeus-enggeus.

 5 Kuring ku manéh rék disaruakeun jeung saha? Rék diupamakeun atawa dibandingkeun jeung saha?

Mémangna aya nu sabanding jeung Kuring?

 6 Jalma-jalma ngaluarkeun emas tina kantongna,

Maranéhna nimbang pérak.

Maranéhna muruhan tukang logam, ménta dipangnyieunkeun aallahan.

Tuluy, maranéhna sujud jeung nyembah ka éta patung.

 7 Éta patung dipanggul dina taktakna,

Tuluy dibawa jeung diteundeun dina tempatna,

Nagen baé di dinya, teu bisaeun pindah.

Waktu jalma-jalma sasambat, éta patung teu ngajawab,

Boro-boro bisa nyalametkeun tina kasusah.

 8 Sing inget kana hal-hal ieu, sing wani.

Hé jalma-jalma nu dosa, sok pikirkeun.

 9 Sing inget kana kajadian baheula,*

Sing inget yén Kuring téh Allah, teu aya nu séjén.

Kuring téh Allah, euweuh nu saperti Kuring.

10 Ti mimiti Kuring geus ngabéjaan kumaha hasilna,

Ti baheula kénéh Kuring geus méré nyaho hal-hal nu can kajadian.

Ceuk Kuring, ’Putusan* Kuring pasti laksana.

Kuring bakal ngajalankeun naon waé nu dipikahayang.’

11 Kuring bakal nyaur hiji jalma ti nagri nu jauh pikeun ngalaksanakeun putusan* Kuring.

Manéhna bakal datang ti wétan* kawas heulang.

Nu geus diucapkeun ku Kuring bakal dilaksanakeun ku Kuring.

Nu geus ditetepkeun ku Kuring bakal dijalankeun ku Kuring.

12 Daréngékeun, éh maranéh nu bedegong,

Maranéh nu jauh ti nu bener.

13 Moal lila deui, Kuring bakal ngalaksanakeun naon nu bener,

Éta geus téréh.

Kasalametan ti Kuring moal telat.

Kuring bakal nyalametkeun Zion sarta méré kamulyaan Kuring ka Israél.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun