PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 48
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Israél ditegor jeung dimurnikeun (1-11)

      • Yéhuwa bakal ngalawan Babilon (12-16a)

      • Pangajaran Allah téh aya mangpaatna (16b-19)

      • ”Geura kaluar ti Babilon!” (20-22)

Yésaya 48:1

Catetan Handap

  • *

    As. ”cinyusu”.

Yésaya 48:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngabagi”.

Yésaya 48:14

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta Korés.

Yésaya 48:17

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kahadéan”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 48:1-22

Yésaya

48 Pék déngékeun, hé turunan* Yakub,

Nu nyebut diri Israél,

Nu asalna ti turunan Yéhuda,

Nu sumpah demi nami Yéhuwa,

Sarta nu ngadoa ka Allah Israél,

Tapi ngalampahkeunana teu bener jeung teu iklas.

 2 Maranéh ngakuna mah penduduk kota suci,

Ngakuna ngandel ka Allah Israél

Nu nami-Na Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

 3 ”Ti baréto Kuring geus méré nyaho naon nu bakal kajadian.

Éta geus diucapkeun jeung diumumkeun ku Kuring

Tina biwir Kuring sorangan.

Éta ku Kuring ngadadak dilampahkeun, seug kabéhanana laksana.

 4 Da Kuring mah geus nyaho yén maranéh téh bedegong,

Beuheung maranéh heuras kawas beusi, tarang maranéh gé teuas kawas tambaga.

 5 Ti baréto ku Kuring geus dibéjaan.

Saacan éta kajadian, ku Kuring geus dibéré nyaho

Sangkan maranéh teu ngomong kieu, ’Berhala abdi nu ngalampahkeun ieu téh.

Patung ukiran jeung patung logam abdi nu maréntahkeun ieu.’

 6 Maranéh geus ngadéngé jeung nempo kabéhanana,

Piraku moal méré nyaho ka batur?

Ti mimiti ayeuna, Kuring rék ngumumkeun perkara-perkara nu anyar ka maranéh,

Rasiah-rasiah nu maranéh can nyaho.

 7 Éta ku Kuring kakara rék dijieun ayeuna, lain ti baheula.

Ieu téh perkara-perkara nu can pernah kadéngé ku maranéh,

Ngarah maranéh teu ngomong kieu, ’Urang mah geus nyaho kabéh da.’

 8 Henteu, maranéh can pernah ngadéngé, maranéh can nyaho.

Ti baheula maranéh nyocokan ceuli.

Kuring nyaho maranéh téh kacida licikna.

Ti barang borojol gé maranéh geus disebut tukang barontak.

 9 Tapi demi ngaran Kuring, Kuring bakal nahan amarah Kuring.

Demi kamulyaan Kuring, Kuring bakal sabar ka maranéh.

Kuring moal numpes maranéh.

10 Maranéh ku Kuring geus dimurnikeun, tapi teu kawas ngamurnikeun pérak.

Maranéh ku Kuring dimurnikeun téh ku cara diantep ngalaman kasangsaraan, kawas logam dilebur dina pameuleuman.

11 Kuring ngalaksanakeun éta téh demi diri Kuring, demi ngaran Kuring,

Da piraku Kuring cicing waé waktu dihina?

Kuring moal mikeun* kamulyaan Kuring ka sasaha.

12 Déngékeun Kuring, éh Yakub jeung Israél, nu geus dipilih ku Kuring.

Kuring téh teu barobah. Kuring nu awal, Kuring ogé nu ahir.

13 Panangan Kuring nu masangkeun pondasi bumi,

Panangan katuhu Kuring nu mentangkeun langit.

Waktu ku Kuring digeroan, seug kabéhanana nyalampeurkeun.

14 Hé maranéh kabéh, geura karumpul, daréngékeun.

Aya kitu allah séjén nu méré nyaho perkara-perkara ieu?

Jalma* nu dipikanyaah ku Kuring, Yéhuwa,

Bakal ngalaksanakeun naon nu dipikahayang ku Kuring ka Babilon.

Leungeunna nu kuat bakal nyerang urang Khaldéa.

15 Kuring geus ngucapkeun hal éta, sarta Kuring geus ngageroan manéhna.

Kuring geus mawa manéhna, sarta nu dilampahkeun ku manéhna bakal hasil.

16 Ka darieu sing deukeut, daréngékeun.

Ti awalna kénéh, Kuring geus méré nyaho, teu disumput-sumput.

Waktu éta kajadian, Kuring geus aya di dinya.”

Ayeuna, abdi geus diutus ku Yéhuwa, Gusti nu Maha Agung sarta dibéré kawasa suci-Na.

17 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Nu Nebus maranéh, Allah Israél nu Suci,

”Kuring téh Yéhuwa Allah maranéh,

Nu ngajar maranéh demi mangpaat* maranéh,

Nu nungtun maranéh kana jalan nu kudu dijugjug.

18 Kuring miharep maranéh nurut kana paréntah-paréntah Kuring.

Tangtu katengtreman maranéh bakal kawas walungan,

Sarta laku lampah maranéh nu bener bakal kawas ombak di lautan nu teu eureun-eureun.

19 Turunan sarta anak incu maranéh

Lobana bakal kawas keusik.

Ngaran maranéhna moal dipupus atawa dimusnakeun ti hareupeun Kuring.”

20 Geura kaluar ti Babilon!

Geura kabur ti urang Khaldéa!

Émbarkeun bari surak gumbira! Wartakeun!

Sebarkeun nepi ka tungtung-tungtung bumi.

Uarkeun, ”Yéhuwa tos nebus Yakub hamba-Na.

21 Basa Anjeunna nungtun maranéhna ngaliwatan gurun keusik, maranéhna teu nepi ka halabhab.

Anjeunna ngabijilkeun cai tina batu cadas.

Cadasna dibeulah, cor caina ngagolontor.”

22 Saur Yéhuwa, ”Jalma jahat mah hirupna moal tengtrem.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun