PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 52
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Hudang, hé Zion! (1-12)

        • Resep pisan nempo jalma-jalma mawa warta hadé (7)

        • Tukang-tukang jaga Zion sarurak (8)

        • Nu ngakutan barang-barang Yéhuwa kudu bersih (11)

      • Hamba Yéhuwa bakal diagungkeun (13-15)

        • Hamba nu katingali goréng (14)

Yésaya 52:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”tali”.

Yésaya 52:7

Catetan Handap

  • *

    As. ”Kacida éndahna suku jalma”.

Yésaya 52:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kaunggulan”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 52:1-15

Yésaya

52 Hudang! Hudang! Hé Zion, kuatkeun diri manéh!

Hé Yérusalém, kota nu suci, paké pakéan manéh nu alus!

Manéh moal diasupan deui ku jalma nu teu disunat jeung nu najis.

 2 Hé Yérusalém, keprukan kekebul, geura cengkat tuluy diuk.

Laanan ranté* dina beuheung manéh, hé kota Zion nu ditawan.

 3 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,

”Maranéh dijual téh bari teu dibayar,

Jadi maranéh bakal ditebus, tapi teu kudu ngaluarkeun duit.”

 4 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,

”Baheula, umat Kuring indit ka Mesir tuluy matuh jadi urang asing.

Ari pék téh maranéhna teu puguh-puguh ditindes ku Asiria.”

 5 ”Jadi, naon nu kudu dilampahkeun ku Kuring di dieu?” saur Yéhuwa.

”Sabab umat Kuring diboyong tanpa bayaran.

Jalma-jalma nu ngawasaan maranéhna moyok ka maranéhna,” saur Yéhuwa.

”Sapoé jeput ngaran Kuring teterusan digogoréng.

 6 Éta sababna umat Kuring bakal nyaho ngaran Kuring.

Éta sababna dina waktu éta, maranéhna bakal nyaho yén nu ngomong téh Kuring.

Nya, Kuring nu ngomong kitu téh.”

 7 Resep pisan nempo jalma* nu leumpang di gunung-gunung bari mawa warta hadé,

Jalma nu mawa béja pitengtremeun,

Jalma nu mawa warta hadé ngeunaan hal-hal nu leuwih hadé,

Jalma nu ngabéwarakeun kasalametan,

Jalma nu ngomong kieu ka Zion, ”Allah anjeun geus jadi Raja!”

 8 Déngékeun! Tukang-tukang jaga sarurak.

Maranéhna sarurak gumbira,

Lantaran maranéhna bakal ningali sorangan waktu Yéhuwa ngumpulkeun deui penduduk Zion.

 9 Hé ruruntuhan Yérusalém, sing barungah. Geura sarurak gumbira,

Sabab Yéhuwa geus ngupahan umat-Na. Anjeunna geus nebus Yérusalém.

10 Yéhuwa geus némbongkeun kawasa-Na nu suci hareupeun sakabéh bangsa.

Kabéh jalma di bumi bakal ningali kasalametan* ti Allah urang.

11 Hé maranéh nu ngakutan barang-barang ti bumi Yéhuwa,

Geura ingkah, kaluar ti dinya, ulah nyabak naon waé nu najis!

Geura kaluar ti dinya, jaga diri supaya maranéh tetep bersih.

12 Waktu kaluar, maranéh henteu kudu rurusuhan

Atawa siga nu rék kabur,

Sabab Yéhuwa Allah Israél bakal aya di hareupeun maranéh.

Anjeunna gé bakal ngajaga di tukangeun maranéh.

13 Tempo! Hamba Kuring bakal bijaksana lalampahanana.

Manéhna bakal dijungjung,

Manéhna bakal dipunjulkeun jeung kacida diagungkeunana.

14 Sakumaha jalma-jalma olohok ningali manéhna,

Sabab rupana kacida goréngna tibatan sasaha

Sarta dedeganana kacida ancurna tibatan manusa mana waé,

15 Nya bangsa-bangsa ogé bakal olohok ku karana manéhna.

Raja-raja bakal ngabetem hareupeun manéhna,

Sabab maranéhna bakal ningali perkara nu maranéhna can nyaho

Sarta bakal mikirkeun perkara nu can pernah didéngé ku maranéhna.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun