PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 53
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Kasangsaraan, maot, jeung dikuburkeunana hamba Yéhuwa (1-12)

        • Dihina jeung ditampik (3)

        • Nanggung panyakit jeung kasusah (4)

        • ”Ibarat domba nu ditungtun ka pajagalan” (7)

        • Loba dosa ditanggung ku manéhna (12)

Yésaya 53:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”nu didangu ku abdi sadaya”.

  • *

    As. ”panangan-Na”.

Yésaya 53:2

Catetan Handap

  • *

    ”Di hareupeunana” bisa ngamaksudkeun di hareup Allah atawa di hareup batur nu ningali manéhna.

Yésaya 53:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Jalma-jalma horéam ningali manéhna”.

Yésaya 53:8

Catetan Handap

  • *

    As. ”Manéhna digiring”.

  • *

    As. ”lantaran ditindes jeung diadilan”.

  • *

    Atawa ”jalan hirupna”.

  • *

    Atawa ”diteunggeul”.

Yésaya 53:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”teu pernah jahat”.

Yésaya 53:10

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”resep”.

  • *

    Atawa ”nu dipikaresep ku”.

Yésaya 53:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kanyahona”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 53:1-12

Yésaya

53 Saha nu boga iman kana warta nu ditepikeun ku abdi sadaya?*

Sarta ka saha Yéhuwa némbongkeun kawasa-Na?*

 2 Manéhna bakal tumuwuh kawas ranting di hareupeunana,* kawas akar di taneuh nu garing.

Manéhna teu katingali gagah atawa mulya.

Ningali dedeganana, mani taya pisan panarikna.

 3 Manéhna dihina jeung ditampik ku jalma-jalma,

Manéhna nyaho kana rasa nyeri jeung panyakit.

Beungeutna saolah-olah disumputkeun ti abdi sadaya.*

Manéhna dihina sarta teu dihargaan ku abdi sadaya.

 4 Disangka ku abdi sadaya mah manéhna téh dikutuk, dihukum, jeung dijieun sangsara ku Allah.

Sihoréng manéhna nanggung panyakit

Jeung nanggung kasusah abdi sadaya.

 5 Manéhna ditubles ku lantaran palanggaran abdi sadaya,

Disiksa ku lantaran kasalahan abdi sadaya.

Manéhna dihukum supaya abdi sadaya bisa rukun jeung Allah,

Sarta ku lantaran raheut-raheutna, abdi sadaya dicageurkeun.

 6 Abdi sadaya téh ibarat domba nu nyasab,

Apruk-aprukan néangan jalan sorangan.

Kasalahan abdi sadaya ku Yéhuwa diteumbleuhkeun ka manéhna.

 7 Manéhna dikaniaya sarta teu ngalawan waktu ditindes,

Teu ngomong sakecap-kecap acan.

Ibarat domba nu ditungtun ka pajagalan,

Jeung ibarat anak domba nu rék dicukur buluna,

Manéhna teu ngomong sakecap-kecap acan.

 8 Nyawana dicabut* lantaran putusan nu teu adil.*

Saha nu bakal mikirkeun asal-usulna?*

Manéhna dimusnakeun ti nagri jalma-jalma nu harirup.

Manéhna dipaéhan* lantaran kasalahan bangsa abdi.

 9 Sanajan teu boga salah*

Jeung teu pernah ngabohong,

Kuburanana aya di antara jalma jahat,

Sarta manéhna dimakamkeun bareng jeung jalma beunghar.

10 Tapi Yéhuwa ngidinan* manéhna disiksa jeung dinyenyeri.

Upami Gusti nyanggakeun kahirupan manéhna pikeun jadi kurban kasalahan,

Manéhna bakal ningali turunanana sarta bakal panjang umur.

Ku jalan manéhna, kahayang* Yéhuwa pasti laksana.

11 Sanggeus leupas tina kasangsaraan, manéhna bakal bagja ningali hasilna.

Hamba Kuring, nu dianggap bener ku Kuring, bakal ngagunakeun pangaweruhna*

Pikeun mantuan loba jalma, supaya maranéhna bisa dianggap bener.

Manéhna gé bakal nanggung kasalahan maranéhna.

12 Ku kituna, Kuring bakal méré hiji bagian ka manéhna babarengan jeung loba jalma,

Sarta manéhna bakal ngabagikeun jarahan ka jalma-jalma nu perkasa,

Sabab manéhna geus nyerahkeun nyawana

Jeung dianggap jalma dosa.

Manéhna nanggung dosa loba jalma

Sarta jadi perantara keur jalma dosa.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun