Yésaya
54 ”Hé awéwé nu can pernah ngajuru, sok surak gumbira!
Hé manéh nu can pernah ngarasakeun kanyeri ngajuru, sing bungah, sok surak,
Sabab awéwé nu ditinggalkeun bakal boga anak leuwih loba
Tibatan awéwé nu boga salaki,”* saur Yéhuwa.
2 ”Legaan kémah manéh.
Bébérkeun kaén-kaén kémah manéh nu agung.
Panjangkeun tali-talina sapanjang-panjangna.
Pageuhan patok-patokna.
3 Wates-wates wilayah manéh bakal ngalegaan ka kénca jeung ka katuhu.
Turunan manéh bakal ngawasaan bangsa-bangsa
Sarta bakal matuh di kota-kota nu kalantar.
4 Tong hariwang, sabab manéh moal meunang kaéra.
Ulah ngarasa direndahkeun, sabab manéh moal kuciwa.
Kaéra waktu keur ngora bakal kapopohokeun,
Panghina waktu jadi randa moal kainget-inget deui.”
5 ”Allah nu Agung nu Ngadamel manéh bakal jadi kawas salaki* manéh,
Nami-Na téh Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
Nu Nebus manéh téh Allah Israél nu Suci.
Anjeunna bakal disebut Allah sakuliah bumi.
6 Waktu dipanggil ku Yéhuwa, manéh téh ibarat hiji pamajikan nu ditinggalkeun jeung dinyenyeri.
Manéh ibarat hiji pamajikan nu dikawin waktu keur ngora tuluy dipiceun,” saur Allah manéh.
7 ”Kuring ninggalkeun manéh téh ngan sakeudeung,
Tapi ku lantaran welas asih, manéh rék dibawa balik.
8 Kuring bendu ka manéh nepi ka miceun beungeut, tapi teu lila.
Najan kitu, ku lantaran asih satia Kuring nu langgeng, Kuring bakal mikawelas manéh,” saur Yéhuwa, Nu Nebus manéh.
9 ”Keur Kuring mah ieu téh kawas jaman Nuh.
Baheula Kuring jangji moal ngeueum deui bumi ku caah,
Ayeuna gé Kuring jangji moal bendu atawa ngahukum deui manéh.
10 Najan gunung-gunung nyalingkir
Sarta pasir-pasir* aringgeung,
Asih satia Kuring ka manéh mah moal leungit,
Perjangjian karukunan Kuring gé moal batal,” saur Yéhuwa Allah nu mikawelas manéh.
11 ”Hé awéwé nu nalangsa, nu katebak ku angin ribut, sarta nu teu diupahan ku sasaha,
Kuring rék masangkeun batu-batu manéh maké semén,
Sarta pondasi manéh ku batu safir.
12 Témbok-témbok kotana ku Kuring rék dijieun tina batu mirah dalima,
Gerbang-gerbangna tina batu nu gugurilapan,*
Sakabéh wates wilayahna tina batu permata.
13 Kabéh anak manéh bakal diajar ku Yéhuwa,
Maranéhna bakal ayem tengtrem.
14 Manéh bakal ajeg lantaran ngalampahkeun nu bener.
Manéh bakal dijauhkeun tina panganiayaan,
Manéh moal sieun sarta moal aya hal-hal nu pikasieuneun,
Sabab éta moal nyampeurkeun manéh.
15 Mun aya nu nyerang manéh,
Éta lain paréntah Kuring.
Saha waé nu nyerang manéh bakal éléh.”
16 ”Tukang logam nu niup areng ruhay,
Nu pagawéanana nyieun senjata,
Nya Kuring nu nyiptakeunana.
Jalma-jalma nu maké senjata pikeun ngancurkeun téh Kuring ogé nu nyiptakeunana.
17 Unggal senjata nu dipaké ngalawan manéh moal matak kua-kieu.
Unggal létah nu nuduh ka manéh di pangadilan ku manéh bakal dibuktikeun salah.
Ieu warisan ti Kuring, Yéhuwa, keur hamba-hamba Kuring,
Maranéhna bakal dianggap bener ku Kuring,” saur Yéhuwa.