Yésaya
55 ”Hé sakabéh nu haus, geura ka darieu, sok cokot cai!
Hé nu teu baroga duit, geura ka darieu, cokot dahareun tuluy dalahar!
Geura ka darieu, cokot cianggur jeung susu, teu kudu mayar atawa meuli.
2 Jang naon ngabalanjakeun duit keur nu lain dahareun?
Jang naon méakkeun buruh digawé keur hal-hal nu teu nyenangkeun haté?
Déngékeun Kuring, sok dahar dahareun nu ngeunah.*
Maranéh bakal senang lantaran ngadahar dahareun nu ngeunah.
3 Perhatikeun, geura ka darieu.
Regepkeun, supaya maranéh terus hirup.
Kuring bakal nyieun perjangjian nu langgeng jeung maranéh.
Kuring bakal némbongkeun asih satia ka maranéh sakumaha asih satia nu dijangjikeun ku Kuring ka Daud. Éta jangji téh bisa dipercaya.
4 Tempo! Manéhna ku Kuring dijadikeun saksi keur bangsa-bangsa,
Dijadikeun pamingpin jeung komandan keur bangsa-bangsa.”
5 Manéh bakal ngageroan hiji bangsa nu teu dipikawanoh ku manéh.
Bangsa nu teu wanoh ka manéh bakal lumpat ka manéh.
Maranéhna kitu téh lantaran Yéhuwa Allah manéh, Allah Israél nu Suci,
Bakal méré kamulyaan ka manéh.
6 Geura téangan Yéhuwa meungpeung bisa kénéh dipanggihan.
Geura sasambat ka Anjeunna meungpeung Anjeunna deukeut.
7 Jalma jahat sina ninggalkeun kalakuanana,
Jalma kejem sina ngarobah pipikiranana.
Manéhna sina balik deui ka Yéhuwa, nu bakal mikawelas manéhna,
Ka Allah urang nu gedé hampura.
8 ”Sabab pikiran Kuring téh teu kawas pikiran maranéh,
Tindakan Kuring gé teu kawas tindakan maranéh,” saur Yéhuwa.
9 ”Sakumaha langit leuwih luhur tibatan bumi,
Nya kitu ogé tindakan Kuring leuwih luhur tibatan tindakan maranéh,
Pikiran Kuring leuwih luhur tibatan pikiran maranéh.
10 Hujan jeung salju nu turun ti langit
Moal balik deui ka asalna saacan maseuhan bumi, ngajadikeun pepelakan sirungan jeung tumuwuh,
Sarta ngahasilkeun binih pikeun disebar jeung dahareun pikeun didahar.
11 Nya, kitu ogé ucapan tina biwir Kuring,
Moal balik deui tanpa hasil,
Tapi bakal laksana sakumaha nu dikersakeun* ku Kuring.
Sakabéh nu diparéntahkeun ku Kuring moal gagal.
12 Maranéh bakal indit bari suka bungah,
Bakal ngarasa aman waktu dibawa balik.
Waktu maranéh datang, gunung-gunung jeung pasir-pasir* bakal galumbira,
Tangkal-tangkal di tegalan bakal kaleprok.
13 Rungkun cucuk bakal diganti ku tangkal juniper,
Tangkal cucuk bakal diganti ku tangkal mirtél.
Éta kajadian bakal ngamashurkeun Yéhuwa,
Bakal jadi tanda nu langgeng, nu moal bakal musna.”