PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 56
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Berkah keur urang asing jeung nu dikabiri (1-8)

        • Imah doa keur sakabéh bangsa (7)

      • Tukang jaga lolong, anjing pireu (9-12)

Yésaya 56:3

Catetan Handap

  • *

    As. ”nu dikabiri”.

Yésaya 56:4

Catetan Handap

  • *

    As. ”Kuring”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 56:1-12

Yésaya

56 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,

”Lampahkeun naon nu adil jeung nu bener,

Sabab Kuring téréh nyalametkeun maranéh,

Sarta Kuring bakal némbongkeun kaadilan Kuring.

 2 Bagja jalma anu ngalampahkeunana

Jeung terus ngajalankeunana,

Nu ngajalankeun Sabat jeung henteu nganajisan Sabat,

Sarta nu leungeunna henteu nyieun kagoréngan.

 3 Urang asing anu nyembah ka Yéhuwa ulah ngomong kieu,

’Yéhuwa pasti misahkeun abdi ti umat-Na.’

Lalaki nu teu bisa boga budak* ulah ngomong kieu, ’Abdi téh lir tangkal garing.’”

4 Sabab ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa ka lalaki nu teu bisa boga budak, nu terus ngajalankeun Sabat, nu ngalampahkeun nu dipikasuka ku Anjeunna,* sarta nu nyekel pageuh perjangjian jeung Anjeunna,

 5 ”Maranéhna ku Kuring rék dibéré tempat di imah Kuring, sarta ngaranna bakal diinget-inget ku Kuring.

Éta téh leuwih hadé tibatan boga budak lalaki jeung budak awéwé.

Maranéhna ku Kuring rék dibéré ngaran nu langgeng,

Nu moal bakal dipupus.

 6 Urang asing nu nyembah ka Kuring, Yéhuwa, sarta ngalalayanan Kuring,

Nu mikanyaah nami Kuring, Yéhuwa,

Sarta nu jadi hamba Kuring,

Kabéh nu terus ngajalankeun Sabat sarta henteu nganajisan Sabat,

Jeung nu nyekel pageuh perjangjian jeung Kuring,

 7 Maranéhna ku Kuring rék dibawa ka gunung Kuring nu suci.

Maranéhna rék dibéré kabagjaan di imah doa milik Kuring.

Kurban beuleuman maranéhna sarta kurban-kurban séjénna bakal ditarima dina mézbah Kuring.

Sabab imah Kuring bakal disebut imah doa keur sakabéh bangsa.”

8 Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, nu ngumpulkeun urang Israél nu papencar, ngucapkeun kieu,

”Salian ti maranéhna nu geus dikumpulkeun, Kuring gé bakal ngumpulkeun bangsa-bangsa séjén sina bareng jeung maranéhna.”

 9 Hé sasatoan liar nu aya di tegalan,

Hé sasatoan liar nu aya di leuweung, ka darieu, geura nyaratu.

10 Para pangawalna téh lalolong, euweuh hiji-hiji acan nu nyaho naon nu bakal kajadian.

Kabéhanana kawas anjing pireu nu teu bisa ngagogog.

Maranéhna ngagolér bari hahéhoh, bareuki héés.

11 Maranéhna téh kawas anjing rampus,

Mani euweuh seubeuhna.

Maranéhna téh pangangon nu teu ngarti nanaon.

Maranéhna nuturkeun kahayang sorangan,

Masing-masing néangan kauntungan ku cara nu teu jujur. Ceuk maranéhna,

12 ”Ka darieu, sok dipangnyokotkeun cianggur.

Hayu urang nginum nepi ka mabok.

Poé isuk gé bakal kawas poé ieu, malah leuwih hadé!”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun