PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 58
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Puasa nu bener jeung nu palsu (1-12)

      • Bungah ngarayakeun Sabat (13, 14)

Yésaya 58:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kasenangan”.

Yésaya 58:6

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

Yésaya 58:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kasenangan”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 58:1-14

Yésaya

58 ”Geura ngagorowok sing tarik, tong ditahan-tahan!

Tarikan sora manéh kawas sora tarompét tanduk,

Béré nyaho umat Kuring ngeunaan tindakan maranéhna nu barontak,

Sarta béré nyaho turunan Yakub ngeunaan dosa-dosana.

 2 Saban poé maranéhna néangan Kuring,

Pajarkeun téh harayangeun nyaho jalan-jalan Kuring,

Kawas bangsa nu lalampahanana bener,

Nu teu ingkar tina paréntah Allahna.

Maranéhna ménta kaadilan ti Kuring,

Cenah mah harayang raket ka Allah.

 3 Ceuk maranéhna, ’Ku naon Gusti teu ningali salami abdi sadaya puasa?

Ku naon Gusti teu merhatikeun waktu abdi sadaya ngarendahkeun diri?’

Ku Kuring dijawab, ’Da maranéh mah puasa téh jang ngudag kapentingan* sorangan baé,

Ka nu buburuh gé maranéh mah ngagencét.

 4 Maranéh mah puasa téh ngadon paséa jeung gelut.

Maranéh gé nonjok mani kejem pisan.

Lamun maranéh puasa cara kitu mah tong ngarepkeun panyambat maranéh didéngékeun di sorga.

 5 Mémangna Kuring ménta maranéh puasa kawas kieu:

Waktuna pikeun ngarendahkeun diri,

Tungkul kawas jukut jangkung nu ngulapés,

Jeung saré diamparan ku kaén goni jeung lebu?

Nu kitu nu disebut puasa téh? Poé saperti kitu nu nyukakeun Yéhuwa téh?

 6 Lain nu kitu. Puasa nu dipénta ku Kuring mah kawas kieu:

Singkirkeun ranté-ranté kajahatan,

Lesotkeun tali-tali kai tanggungan,*

Bébaskeun nu ditindes,

Sarta potongkeun sakabéh kai tanggungan.

 7 Sing daék ngabagi kadaharan ka nu lapar,

Ajak nu miskin jeung nu teu boga imah ka imah manéh,

Béré pakéan ka nu teu bogaeun pakéan,

Sarta ulah ngabalieus ti dulur manéh sorangan.

 8 Mun éta dilampahkeun, cahaya manéh bakal caang kawas pajar,

Sarta manéh bakal gancang dicageurkeun.

Hal-hal nu bener bakal aya hareupeun manéh,

Sarta kamulyaan Yéhuwa bakal ngajaga tukangeun manéh.

 9 Waktu manéh sasambat, ku Kuring, Yéhuwa, bakal dijawab.

Waktu manéh ménta tulung, Kuring bakal ngomong, ”Ku Kuring bakal ditulungan!”

Lamun manéh nyingkirkeun kai tanggungan,

Teu tutunjuk, jeung henteu nganyenyeri waktu ngomong,

10 Lamun manéh méré nu dipikaresep ku manéh ka nu lapar

Sarta nyukupan kabutuh nu ditindes,

Cahaya manéh bakal caang najan di nu poék.

Kaayaan manéh nu surem gé bakal caang kawas tengah poé.

11 Yéhuwa bakal salawasna nungtun manéh

Sarta nyukupan kabutuh manéh sanajan di tanah nu garing.

Anjeunna bakal nguatkeun tulang-tulang manéh.

Manéh bakal jadi kawas kebon nu teu kakurangan cai,

Kawas cinyusu nu moal saat-saat.

12 Kota-kota nu geus lila jadi ruruntuhan bakal diwangun deui demi manéh.

Manéh bakal ngoméan pondasi nu geus aya ti jaman baréto.

Manéh bakal disebut jalma nu ngoméan témbok nu rubuh,

Jalma nu ngoméan jalan di tempat nu bakal dicicingan.

13 Lamun manéh henteu ngudag deui kapentingan* pribadi dina poé Sabat, nyaéta dina poé nu dianggap suci ku Kuring,

Lamun manéh nganggap Sabat téh poé nu pikabungaheun, poé nu suci keur Yéhuwa,

Jeung poé nu kacida pentingna, sarta lamun éta dianggap leuwih penting tibatan ngudag kapentingan pribadi sarta omong kosong,

14 Manéh bakal kacida bagjana ku karana Kuring, Yéhuwa.

Manéh ku Kuring bakal disina ngawasaan tempat-tempat nu laluhur di bumi.

Manéh ku Kuring bakal disina dahar tina hasil tanah nu diwariskeun ka Yakub karuhun manéh,

Sabab Kuring, Yéhuwa, geus ngucap kitu.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun