PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 59
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Dosa Israél ngajauhkeun maranéhna ti Allah (1-8)

      • Ngaku kana dosa-dosa (9-15a)

      • Nu dilampahkeun ku Yéhuwa waktu aya nu tobat (15b-21)

Yésaya 59:16

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bakal mawa kaunggulan keur diri-Na”.

Yésaya 59:17

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kaunggulan”.

Yésaya 59:19

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 59:1-21

Yésaya

59 Kawasa Yéhuwa henteu kurang pikeun nyalametkeun maranéh.

Anjeunna pasti ngadangu waktu maranéh ngadoa.

 2 Kasalahan maranéh nu ngajauhkeun maranéh ti Allah téh.

Ku lantaran dosa maranéh, Allah miceun beungeut

Sarta teu daék ngadéngékeun maranéh.

 3 Dampal leungeun maranéh lamokot ku getih,

Ramo maranéh pinuh ku kasalahan.

Biwir maranéh ngabohong, létah maranéh ngaharéwoskeun naon nu jahat.

 4 Euweuh nu ngabéla nu bener,

Euweuh nu ngomong jujur di pangadilan.

Jalma-jalma percaya kana hal-hal nu euweuh gunana sarta ngucapkeun nu teu aya hartina.

Maranéhna ngararancang kajahatan sarta ngahasilkeun picilakaeun.

 5 Maranéhna megarkeun endog oray matih.

Lamun dipeupeuskeun, endogna bakal ngabijilkeun oray matih.

Saha waé nu ngadahar endogna bakal tiwas.

Maranéhna ninun ramat lancah.

 6 Ramat lancahna teu bisa dijadikeun papakéan,

Jijieunanana teu bisa nutupan maranéhna.

Lalampahanana téh picilakaeun,

Leungeunna pinuh ku naon nu kejem.

 7 Berebet maranéhna lumpat rék ngalampahkeun kajahatan.

Maranéhna buru-buru, da hayang ngucurkeun getih jalma nu teu salah.

Pikiranana téh jahat,

Tindakanana nyusahkeun jeung nyangsarakeun.

 8 Maranéhna teu ngartieun jalan karukunan,

Lalampahanana téh euweuh nu adil.

Jalan gedéna dibulat-beulit,

Anu nempuh éta jalan moal manggih karukunan.

 9 Éta sababna kaadilan jauh ti abdi sadaya,

Sarta hal-hal nu bener teu nepi ka abdi sadaya.

Nu dipiharep téh cahaya, tapi nu aya ngadon poék,

Nu dipiharep téh caang, tapi abdi sadaya angger leumpang di jalan nu surem.

10 Abdi sadaya rumpa-rampa néangan témbok kawas nu lolong,

Teterusan rumpa-rampa kawas nu teu boga panon.

Ti beurang gé abdi sadaya titajong kawas ti peuting.

Di antara jalma-jalma nu kuat abdi sadaya téh kawas nu paéh.

11 Abdi sadaya terus ngagerem cara biruang,

Ngaderuk sedih cara japati.

Nu dipiharep téh kaadilan, tapi teu aya.

Nu dipiharep téh kasalametan, tapi teu datang-datang.

12 Éta téh ku lantaran abdi sadaya sering barontak ka Gusti,

Dosa-dosa abdi sadaya ngadakwa ka diri sorangan.

Abdi sadaya sadar tos barontak ka Gusti,

Terang kana kasalahan abdi sadaya.

13 Abdi sadaya tos salah sarta nolak Yéhuwa,

Tos ninggalkeun Allah.

Abdi sadaya ngararancang siasat pikeun nindes batur sarta barontak ka Allah.

Di jero haté, abdi sadaya mikirkeun carana ngabohong, tungtungna éta diucapkeun.

14 Jalma-jalma teu daék ngalampahkeun nu adil,

Geus euweuh jalma bener.

Di alun-alun geus euweuh jalma jujur.

Jalma nu lalampahanana bener teu bisa asup ka dinya.

15 Geus euweuh jalma jujur.

Jalma nu teu ngalampahkeun kajahatan dirampog.

Ningali kitu, Yéhuwa teu suka,

Sabab geus teu aya kaadilan.

16 Anjeunna ningali yén euweuh nu nulungan.

Anjeunna héran sabab euweuh nu daék maju.

Éta sababna, Anjeunna bakal nyalametkeun* ku kawasa-Na.

Ku sabab adil, Anjeunna bakal kageuing.

17 Tuluy Anjeunna maké kaadilan lir baju perang-Na

Sarta maké kasalametan* lir hélem dina mastaka-Na.

Babales jadi kawas baju nu dipaké ku Anjeunna,

Sarta sumanget-Na nu ngagedur lir jubah-Na.

18 Anjeunna bakal ngabales lalampahan maranéhna.

Anjeunna bakal ngagedurkeun amarah ka lawan-lawan-Na sarta bakal ngahukum musuh-musuh-Na,

Penduduk pulo-pulo gé ku Anjeunna bakal dibales satimpal.

19 Jalma-jalma ti kulon bakal hormat* ka nami Yéhuwa,

Sarta jalma-jalma ti wétan bakal gimir ku kamulyaana-Na,

Sabab Anjeunna bakal datang lir walungan nu ngagulidag,

Nu caina didorong ku kawasa suci Yéhuwa.

20 Saur Yéhuwa, ”Nu Nebus bakal datang ka Zion,

Ka turunan Yakub nu tobat tina kasalahanana.”

21 Saur Yéhuwa, ”Ieu perjangjian Kuring jeung maranéhna.” Yéhuwa nyarios, ”Kuring méré kawasa suci ka maranéh sarta neundeun firman Kuring dina biwir maranéh. Éta kabéh moal disingkirkeun tina biwir maranéh atawa tina biwir anak incu maranéh, ti ayeuna nepi ka salalanggengna.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun