PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 60
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Kamulyaan Yéhuwa nyaangan Zion (1-22)

        • Kawas japati muru kandangna (8)

        • Emas pikeun ngaganti tambaga (17)

        • Nu saeutik bakal jadi sarébu (22)

Yésaya 60:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”awan”.

Yésaya 60:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ka cahaya pajar manéh”.

Yésaya 60:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bakal kawas saacanna”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 60:1-22

Yésaya

60 ”Éh awéwé, geura cengkat, sing moncorong, lantaran cahaya manéh geus datang.

Kamulyaan Yéhuwa bakal nyaangan manéh.

 2 Tempo! Bumi bakal katutup ku poék,

Bangsa-bangsa bakal katutup ku méga* hideung.

Tapi manéh mah bakal dicaangan ku Yéhuwa,

Kamulyaan Anjeunna bakal katémbong ti manéh.

 3 Bangsa-bangsa bakal daratang ka cahaya manéh,

Kitu deui raja-raja ka caang manéh nu gumilang.*

 4 Sok tempo ka sakuriling!

Kabéhanana geus karumpul, maranéhna daratang ka manéh.

Anak-anak manéh nu lalaki daratang ti nu jauh,

Ari nu awéwé diais.

 5 Manéh bakal atoh ningalina.

Haté manéh bakal ngageter saking bungahna.

Kakayaan ti laut bakal dibawaan ka manéh,

Kitu deui harta bangsa-bangsa bakal dianteurkeun ka manéh.

 6 Ti Midian jeung Éfa, onta-onta bakal murubul

Jeung minuhan nagri manéh.

Kabéh nu ti Syéba bakal datang

Bari mawa emas jeung menyan.

Maranéhna bakal ngucapkeun pujian keur Yéhuwa.

 7 Kabéh ingon-ingon ti Kédar bakal dibawaan ka manéh.

Domba-domba jalu ti Nébayot gé bakal dibawaan ka manéh.

Éta kabéh bakal dikurbankeun dina mézbah sarta ditarima ku Kuring.

Imah Kuring nu mulya bakal dijieun leuwih alus ku Kuring.

 8 Itu saha nu ngalayang kawas méga,

Kawas japati muru kandangna?

 9 Pulo-pulo bakal miharep ka Kuring.

Kapal-kapal ti Tarsyis bakal mingpin,*

Mawaan anak-anak manéh nu lalaki ti nu jarauh.

Maranéhna mawa emas jeung pérak

Demi nami Yéhuwa Allah manéh, Allah Israél nu Suci,

Sabab Kuring bakal ngamulyakeun manéh.

10 Bangsa asing bakal ngawangun témbok-témbok manéh,

Ari raja-rajana bakal ngalalayanan manéh.

Ku lantaran bendu, Kuring ngahukum manéh,

Tapi Kuring rék némbongkeun kahadéan jeung mikarunya manéh.

11 Gerbang-gerbang manéh bakal diantep sina molongo.

Éta moal ditutup, boh beurang boh peuting,

Supaya harta ti bangsa-bangsa bisa dibawaan ka manéh.

Nya, raja-rajana nu bakal mawaan ti heula téh.

12 Bangsa jeung karajaan nu teu daék ngalalayanan manéh bakal binasa.

Éta bangsa-bangsa bakal ditumpes bersih.

13 Kaéndahan ti Lébanon bakal dibawaan ka manéh,

Nyaéta tangkal juniper, tangkal as, jeung tangkal camara

Pikeun ngahias tempat suci Kuring.

Tatapakan suku Kuring ku Kuring rék dimulyakeun.

14 Anak-anak ti jalma nu tadina nindes manéh bakal datang jeung sujud ka manéh.

Kabéh nu ngahina manéh kudu sujud dina suku manéh.

Maranéhna kudu nyebut manéh kota Yéhuwa,

Zion milik Allah Israél nu Suci.

15 Najan baheula manéh ditinggalkeun jeung dipikangéwa nepi ka jalma-jalma gé euweuh nu ngaliwat,

Manéh ku Kuring bakal diagulkeun,

Bakal dijadikeun sumber kasukaan ti jaman ka jaman.

16 Bangsa-bangsa jeung raja-raja bakal nyadiakeun sagala pangabutuh manéh,

Lir indung nyusuan anakna.

Geus kitu, manéh pasti bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa, Jurusalamet manéh,

Sarta Kuring téh Allahna Yakub nu Kuat, Nu Nebus manéh.

17 Kuring rék mawakeun emas pikeun gaganti tambaga,

Mawakeun pérak pikeun gaganti beusi,

Mawakeun tambaga pikeun gaganti kai,

Jeung mawakeun beusi pikeun gaganti batu.

Kuring rék ngalantik katengtreman jadi pangawas manéh,

Kaadilan jadi mandor manéh.

18 Di nagri manéh moal aya deui panganiayaan.

Di wilayah manéh moal aya deui karuksakan jeung kaancuran.

Témbok-témbok ku manéh bakal disebut Kasalametan, ari gerbang-gerbang bakal disebut Pujian.

19 Nu nyaangan ka manéh ti beurang téh lain panonpoé deui,

Nu nyaangan ti peuting téh lain bulan deui.

Kuring, Yéhuwa, nu bakal nyaangan ka manéh salalawasna,

Sarta Kuring, Allah manéh, nu bakal jadi kaéndahan manéh.

20 Panonpoé manéh moal surup-surup deui,

Bulan manéh gé moal surem-surem deui,

Sabab Kuring, Yéhuwa, bakal nyaangan ka manéh salalawasna.

Mangsa sungkawa manéh geus anggeus.

21 Rahayat manéh kabéhanana bakal balener lalampahanana.

Maranéhna gé bakal ngamilik ieu nagri salilana.

Maranéhna téh sirung nu dipelak ku Kuring,

Dadamelan panangan Kuring, supaya Kuring dimulyakeun.

22 Nu saeutik bakal jadi sarébu,

Nu leutik bakal jadi bangsa nu kuat.

Hal éta ku Kuring, Yéhuwa, bakal gancang dilaksanakeun dina waktuna.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun