PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yésaya 61
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yésaya

      • Dilantik pikeun nguarkeun warta hadé (1-11)

        • ”Taun kahadéan Yéhuwa” (2)

        • ”Tangkal gedé bebeneran” (3)

        • Urang asing mantuan (5)

        • ”Imam-imam Yéhuwa” (6)

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yésaya 61:1-11

Yésaya

61 Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, méré kawasa suci-Na ka abdi,

Sabab abdi dilantik ku Yéhuwa pikeun nguarkeun warta hadé ka nu lemah lembut.

Anjeunna ngutus abdi pikeun nyageurkeun jalma nu remuk haté,

Pikeun ngumumkeun ka para tawanan yén maranéhna bakal dibébaskeun,

Pikeun ngumumkeun ka para tahanan yén panon maranéhna bakal dibeuntakeun,

 2 Pikeun ngumumkeun taun kahadéan Yéhuwa

Sarta poéna Allah urang ngabales,

Pikeun ngupahan kabéh nu sungkawa,

 3 Pikeun ngurus jalma-jalma nu sungkawa ku lantaran Zion,

Méré tutup sirah ka maranéhna gaganti lebu,

Minyak kasukaan gaganti sungkawa,

Sarta baju pupujian gaganti kaprihatinan.

Maranéhna bakal disebut tangkal gedé bebeneran,

Pepelakan Yéhuwa pikeun ngamulyakeun Anjeunna.

 4 Maranéhna bakal ngawangun deui ruruntuhan nu ti baheulana geus ancur.

Maranéhna bakal ngadegkeun deui tempat-tempat nu kalantar ti jaman baréto

Sarta bakal mulihkeun kota-kota nu ancur,

Tempat-tempat nu geus kalantar ti jaman baheula.

 5 ”Jalma nu teu dikenal bakal datang tuluy ngangon ingon-ingon maranéh.

Urang asing bakal jadi patani jeung tukang kebon anggur maranéh.

 6 Ari maranéh mah bakal disebut imam-imam Yéhuwa.

Maranéh ku maranéhna bakal disebut abdi-abdi Allah.

Maranéh bakal maké kakayaan bangsa-bangsa

Sarta bakal agul ku lantaran kakayaan nu ditarima ku maranéh ti bangsa-bangsa.

 7 Umat Kuring moal meunang kaéra, sabalikna bakal diberkahan dua tikeleun.

Maranéhna moal direndahkeun,

Sabalikna bakal surak gumbira ku lantaran bagian nu ditarima.

Maranéhna bakal meunang bagian dua tikel di nagrina sarta bakal bungah salawasna.

 8 Kuring, Yéhuwa, mikacinta kaadilan.

Kuring ngéwa ka nu sok ngarampog jeung ngalampahkeun nu teu bener.

Kuring téh satia sarta bakal méré ganjaran ka umat Kuring.

Kuring bakal nyieun perjangjian nu langgeng jeung maranéhna.

 9 Turunan maranéhna bakal kasohor di antara bangsa-bangsa,

Anak incuna bakal kasohor di antara suku-suku bangsa.

Kabéh nu ningali bakal nyaho

Yén maranéhna téh turunan nu diberkahan ku Yéhuwa.”

10 Abdi bakal kacida bungahna ku lantaran Yéhuwa,

Bakal gumbira pisan ku lantaran Allah abdi.

Anjeunna geus ngabajuan abdi ku kasalametan,

Ngajubahan abdi ku bebeneran

Lir pangantén lalaki nu maké sorban kawas sorban milik imam,

Sarta lir pangantén awéwé nu didangdanan ku perhiasan.

11 Sakumaha bumi ngajadikeun binih sirungan,

Sarta kebon ngajadikeun binih nu ditebar sirungan,

Nya kitu ogé Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,

Bakal ngajadikeun bebeneran jeung pujian tumuwuh di hareupeun sagala bangsa.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun