Yésaya
62 Demi Zion, Kuring moal jempé waé,
Demi Yérusalém, Kuring moal cicing waé
Nepi ka lalampahanana nu bener ngagebray lir cahaya nu caang,
Sarta kasalametanana ngagebur lir obor.
2 ”Hé awéwé, lalampahan manéh nu bener téh bakal katingali ku bangsa-bangsa,
Sarta kamulyaan manéh bakal katingali ku sakabéh raja.
Manéh bakal disebut ku ngaran anyar,
Ngaran nu ditangtukeun langsung ku Yéhuwa.
3 Dina panangan Yéhuwa, manéh bakal jadi saperti makuta nu éndah.
Dina dampal panangan Allah, manéh bakal jadi saperti sorban karajaan.
4 Manéh moal disebut deui awéwé nu ditinggalkeun.
Nagri manéh gé moal disebut deui kalantar.
Tapi manéh bakal disebut Nu ku Kuring Dipisuka,
Nagri manéh bakal disebut Nu Ditikah.
Sabab manéh dipisuka ku Yéhuwa,
Sarta nagri manéh bakal kawas awéwé nu ditikah.
5 Saperti parawan ditikah ku pamuda,
Manéh gé bakal ditikah ku penduduk manéh.
Saperti pangantén lalaki gumbira ku lantaran pangantén awéwéna,
Allah manéh gé bakal gumbira ku lantaran manéh.
6 Hé Yérusalém, Kuring geus nugaskeun para tukang jaga di témbok-témbok manéh.
Beurang peuting maranéhna teu meunang jempé.
Hé maranéh nu muji Yéhuwa,
Ulah reureuh,
7 Tong eureun-eureun ngadoa ka Allah nepi ka Anjeunna mulihkeun Yérusalém,
Nepi ka Yérusalém dipuji di sakuliah bumi.”
8 Yéhuwa geus sumpah bari ngangkat panangan katuhu-Na nu kuat. Kieu sumpah-Na,
”Sisikian manéh ku Kuring moal dibikeun deui keur dahareun musuh-musuh,
Cianggur anyar hasil susah payah manéh gé moal diinum ku urang asing.
9 Nu ngumpulkeun sisikian, nya manéhna nu bakal ngadaharna bari muji ka Yéhuwa.
Nu ngumpulkeun anggur, nya manéhna nu bakal nginum cianggurna di buruan Kuring nu suci.”
10 Geura leumpang ngaliwatan gerbang-gerbang.
Kosongkeun jalan keur éta bangsa.
Jieun jalan, jalan nu gedé.
Batu-batuna piceunan.
Sok béré tanda* keur bangsa-bangsa.
11 Yéhuwa geus ngumumkeun kieu ka tungtung-tungtung bumi,
”Béjaan ka kota Zion,
’Tempo! Kasalametan manéh geus datang.
Tempo! Anjeunna datang mawa ganjaran
Sarta siap méré upah.’”
12 Umat Allah bakal disebut umat nu suci, nu ditebus ku Yéhuwa,
Ari manéh bakal disebut Nu Ditéangan, Kota nu Teu Diculkeun.