Yésaya
7 Dina jaman Ahaz anak Yotam incu Uzzia jadi raja di Yéhuda, Rézin raja Siria jeung Pékah anak Rémalia raja Israél datang rék merangan Yérusalém, tapi manéhna* teu bisa ngarebut éta kota. 2 Aya laporan ka turunan Daud, eusina: ”Siria geus ngabalad jeung Éfraim.”
Haté Ahaz jeung haté rahayatna tingdarégdég kawas tatangkalan leuweung kaoyag ku angin.
3 Tuluy Yéhuwa nitah Yésaya, ”Jung indit, bawa anak manéh, Syéar-yasyub,* tuluy panggihan Raja Ahaz. Engké maranéh bakal panggih jeung Raja Ahaz di saluran cai ti kolam luhur, di sisi jalan gedé nu brasna ka tempat tukang nyeuseuh. 4 Béjakeun kieu, ’Sing tenang, sing gedé haté. Ulah sieun ku anak Rémalia jeung ku Rézin raja Siria éta. Najan ambekna ngagugudug gé, maranéhna mah ngan saukur dua potong kai nu haseupan. 5 Siria, Éfraim, jeung anak Rémalia éta sakongkol rék nyilakakeun manéh. Ceuk maranéhna, 6 ”Hayu urang serang Yéhuda. Urang ancurkeun,* urang talukkeun.* Engké anak Tabéél urang jadikeun raja.”
7 ”’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
Ӄta moal hasil,
Éta moal kajadian.
8 Ibu kota Siria téh Damaskus,
Nu maréntah Damaskus téh Rézin.
Moal leuwih ti 65 taun deui,
Éfraim bakal béak diancurkeun, moal jadi bangsa deui.
9 Ibu kota Éfraim téh Samaria,
Nu maréntah Samaria téh anak Rémalia.
Mun maranéh teu bener-bener percaya,
Moal bisa tagen.”’”
10 Yéhuwa nyarios deui ka Ahaz, 11 ”Geura ménta tanda ka Kuring, Yéhuwa, Allah manéh. Tandana bisa di tempat nu jero kawas Kuburan* atawa di tempat nu luhur kawas langit.” 12 Tapi Ahaz némbalan, ”Kuring moal ménta tanda. Kuring gé moal nguji Yéhuwa.”
13 Ti dinya Yésaya ngomong, ”Mun kitu, mangga dangukeun, hé turunan Daud. Teu cukup kitu ngadoja kasabaran jalma nepi ka kudu ngadoja kasabaran Allah? 14 Ku sabab kitu, Yéhuwa bakal masihan tanda. Ieu tandana: Éta mojang bakal ngandung tuluy ngajurukeun hiji anak lalaki, ku manéhna bakal dingaranan Imanuél.* 15 Éta budak bakal dahar mantéga jeung madu lamun geus nyahoeun carana nampik nu jahat jeung milih nu hadé. 16 Malah, saméméh éta budak nyaho carana nampik nu jahat jeung milih nu hadé, nagrina dua raja nu pikasieuneun éta téh geus karosong mantén. 17 Yéhuwa bakal ngadatangkeun ka anjeun, rahayat anjeun, jeung turunan bapa anjeun hiji mangsa nu kacida susahna nu can pernah kajadian ti saprak Éfraim misah ti Yéhuda. Anjeunna bakal ngadatangkeun raja Asiria pikeun narajang anjeun.
18 ”Dina waktu éta, laleur-laleur di tungtung susukan-susukan Walungan Nil di Mesir ku Yéhuwa bakal disuitan, kitu deui nyiruan-nyiruan di nagri Asiria, 19 seug ngabrul tuluy narapuk di jungkrang,* di sela-sela gunung cadas, di sakabéh rungkun cucuk, jeung di sakabéh tegal jukut.*
20 ”Dina waktu éta, Yéhuwa bakal ngagunakeun péso cukur nu diséwa ti wilayah Walungan Éfrat, nyaéta raja Asiria. Buuk jeung bulu suku Yéhuda bakal dikurud ku Anjeunna, malah janggotna gé bakal béak dikurud.
21 ”Dina waktu éta, jelema bakal nyalametkeun hiji sapi ngora jeung dua domba. 22 Ku lantaran cisusuna kacida lobana, maranéhna bakal ngadahar mantéga. Kabéh jalma nu nyésa di éta nagri ngan bakal ngadahar mantéga jeung madu.
23 ”Dina waktu éta, tiap-tiap kebon nu biasana dipelakan 1.000 tangkal anggur nu hargana 1.000 duit pérak bakal katutup ku rungkun cucuk jeung jujukutan. 24 Jalma-jalma nu ka dinya kudu mawa busur jeung panah, sabab sakuliah nagri bakal pinuh ku rungkun cucuk jeung jujukutan. 25 Moal aya nu wani ngadeukeutan gunung-gunung nu baheulana dikorédan, ku sabab ayeuna pinuh ku rungkun cucuk jeung jujukutan. Éta kabéh bakal jadi tempat nyatu sapi jeung domba.”