Yésaya
8 Yéhuwa nyarios ka abdi, ”Cokot papan gedé, tulisan kieu ku péna biasa: ’Mahér-syalal-has-baz’.* 2 Ku Kuring éta bakal disahkeun maké* dua saksi nu bisa dipercaya, nyaéta Imam Uria jeung Zakharia anak Yebérékhia.”
3 Geus kitu, abdi ngalakukeun hubungan séks jeung pamajikan, nabiah téa. Manéhna ngandung tuluy ngajurukeun anak lalaki. Sanggeus kitu, Yéhuwa nyarios kieu ka abdi, ”Budak téh ngaranan Mahér-syalal-has-baz. 4 Sabab saméméh éta budak bisa nyebut, ’Ema’ jeung ’Bapa’, kakayaan Damaskus jeung barang jarahan Samaria bakal diakut ka hareupeun raja Asiria.”
5 Yéhuwa nyarios deui ka abdi,
6 ”Ku sabab ieu bangsa geus nampik cai ti Syiloa* nu laun ngocorna
Sarta leuwih resep ka Rézin jeung anak Rémalia,
7 Yéhuwa bakal ngadatangkeun raja Asiria jeung sakabéh pasukanna
Pikeun nyerang ieu bangsa.
Maranéhna téh kawas cai Walungan Éfrat nu mudal jeung ngagulidag,
Bakal narajang sakabéh susukanana
Nepi ka lébér nutupan sisi-sisina
8 Jeung ngeueum sakuliah Yéhuda.
Caina bakal kawas caah nu luhurna sabeuheung.
Kawas manuk, jangjangna bakal mébér ngauban sakuliah nagri manéh,
Hé Imanuél!”*
9 Hé bangsa-bangsa, pék baé nyilakakeun umat Allah. Tapi maranéh bakal diancurkeun.
Hé maranéh nu ti tungtung-tungtung bumi, daréngékeun!
Geura sadia perang,* tapi maranéh bakal diancurkeun!
Geura sadia perang, tapi maranéh bakal diancurkeun!
10 Pék geura susun rencana, da moal laksana!
Pék ngaromong sakarepna, da moal aya hasilna,
Sabab Allah nyarengan urang!*
11 Ku panangan-Na nu kuat, Yéhuwa nyekelan abdi. Anjeunna mépélingan abdi sangkan teu nurutan kalakuan ieu bangsa. Saur Anjeunna,
12 ”Ulah tuturut nyebutkeun yén aya siasat jahat pédah jalma-jalma nyebutkeun aya siasat jahat!
Ulah sieun ka nu dipikasieun ku maranéhna,
Ulah gimir.
13 Ngan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, nu kudu dianggap suci ku maranéh.
Anjeunna nu kudu dihormat,*
Sarta Anjeunna nu kudu dipikagimir.”
14 Anjeunna bakal jadi tempat suci.
Tapi keur dua kulawarga Israél,
Anjeunna bakal jadi batu nu matak jalma titajong,
Batu nu matak jalma labuh.
Anjeunna bakal jadi jiret jeung jaring
Keur penduduk Yérusalém.
15 Loba nu bakal titajong, labuh, jeung cilaka.
Maranéhna bakal kajiret jeung katéwak.
17 Abdi bakal terus ngarep-ngarep ka Yéhuwa, nu geus teu paduli ka turunan Yakub. Abdi bakal miharep ka Anjeunna.
18 Di Israél, abdi jeung barudak pamasihan Yéhuwa téh jadi tanda jeung mujijat ti Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, nu matuh di Gunung Zion.
19 Lamun jalma-jalma ngomong ka maranéh, ”Sok ménta pituduh ka tukang manggil arwah atawa ka tukang ramal nu kunyam-kunyem gegereyeman,” bakal diturut ku maranéh? Hiji bangsa téh kuduna ménta pituduh ti Allahna, pan? Jalma hirup mah ulah ménta tulung ka nu maraot. 20 Maranéhna kuduna néangan pituduh tina hukum jeung tina gulungan nu geus ditulisan* éta!
Lamun omongan maranéhna teu sajalan jeung firman Allah, maranéhna moal dicaangan. 21 Jalma-jalma bakal apruk-aprukan di ieu nagri bari lapar jeung sangsara. Waktu alak-ilik ka langit, maranéhna bakal nyumpahan rajana jeung Allahna, ku sabab lapar jeung ambek. 22 Geus kitu, maranéhna alak-ilik ka bumi. Nu katempo téh ngan kasusah jeung poék, kasumpeg jeung kabalangsakan, surem euweuh cahaya.