Yésaya
9 Sanajan kitu, suremna moal kawas baheula waktu ieu nagri nandang kasusah, moal kawas baheula waktu tanah Zébulon jeung tanah Naftali direndahkeun. Engké mah Allah bakal ngadatangkeun kamulyaan ka jalan nu aya di sisi laut, ka wilayah Walungan Yordan, ka Galiléa nu dicicingan ku bangsa-bangsa séjén.
2 Jalma-jalma nu laleumpang di nu poék
Geus narempo cahaya gumilang.
Nu caricing di tanah nu poék mongkléng
Geus kasorot ku cahaya.
3 Ku Gusti ieu bangsa dijadikeun bangsa nu gedé,
Dibéré kabagjaan nu kacida gedéna.
Maranéhna gumbira di hareupeun Gusti
Kawas jalma-jalma nu galumbira waktu keur panén,
Kawas jalma-jalma nu barungah waktu babagi barang jarahan.
4 Sabab Gusti geus ngancurkeun kai tanggungan* maranéhna,
Ngancurkeun tongkat panggebug dina taktakna, tongkat dununganana,
Kawas baheula waktu Midian diéléhkeun.
5 Kabéh sapatu nu ngeundeurkeun bumi,
Kabéh papakéan nu lamokot ku getih
Bakal diduruk.
6 Aya budak nu geus dijurukeun keur urang,
Anak lalaki nu geus dibikeun keur urang.
Manéhna bakal disebut Jurunaséhat nu Bijaksana, Allah nu Perkasa, Bapa nu Langgeng, Pamingpin nu Mawa Karukunan.
7 Kakawasaanana* bakal beuki gedé.
Katengtreman moal aya tungtungna
Dina tahta Daud jeung karajaanana.
Éta bakal dikukuhkeun jeung disangga
Ku kaadilan jeung bebeneran
Ti ayeuna nepi ka salalanggengna.
Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, bakal sumanget ngawujudkeunana.
8 Yéhuwa geus ngucapkeun yén Yakub bakal dihukum,
Éta geus ditepikeun ka Israél.
9 Kabéh jalma,
Boh urang Éfraim boh penduduk Samaria,
Sarombong jeung arangkuh. Ceuk maranéhna,
10 ”Wangunan tina bata geus rarugrug,
Tapi urang rék nyieun wangunan tina batu.
Tangkal ara geus ditaluaran,
Tapi ku urang rék diganti ku tangkal aras.”
11 Yéhuwa bakal ngajurung musuh-musuh Rézin sina nyerang
Jeung ngagerakkeun musuh-musuh Israél sina narajang.
12 Siria ti beulah wétan jeung Filistin ti beulah kulon*
Geus caralawak rék neureuy Israél.
Najan kitu amarah Anjeunna teu sirna,
Anjeunna masih kénéh ngahukum.
13 Sanajan ieu umat geus dihukum ku Allah, angger wéh teu baralik deui ka Anjeunna.
Maranéhna teu néangan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
14 Ngan dina sapoé, Yéhuwa bakal neukteuk hulu jeung buntut,
Nyaéta sirung jeung jukut nu jangkung* di Israél.
15 Huluna téh para kokolot jeung golongan anu dihormat,
Ari buntutna nyaéta para nabi anu pangajaranana palsu.
16 Maranéhna téh para pamingpin anu nyasabkeun ieu bangsa,
Anu matak ngabingungkeun ka anu naluturkeunana.
17 Éta sababna Yéhuwa moal resep ka barudak ngora ieu bangsa.
Anjeunna moal karunya ka budak yatim* jeung randa-randana,
Sabab kabéhanana téh murtad jeung jahat,
Omonganana gé garoréng kabéh.
Éta sababna amarah Anjeunna teu sirna,
Anjeunna masih kénéh ngahukum.
18 Kajahatan éta jalma-jalma ngagedur kawas seuneu,
Ngahuru rungkun cucuk jeung jukut hama.
Éta bakal ngaduruk rungkun di leuweung
Nepi ka haseupna mulek.
19 Saking ku ambekna, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga,
Bakal ngaduruk ieu nagri.
Pendudukna bakal diduruk nepi ka béak.
Moal aya nu karunya najan ka dulurna.
20 Di beulah katuhu bakal aya nu neukteukan naon waé nu bisa didahar,
Tapi angger wéh lapar.
Di beulah kénca bakal aya nu dahar,
Tapi moal seubeuh-seubeuh.
Masing-masing bakal ngadahar daging leungeunna sorangan.
21 Manasyé bakal ngahakan Éfraim,
Éfraim bakal ngahakan Manasyé.
Duanana bakal babarengan ngalawan Yéhuda.
Éta sababna amarah Anjeunna teu sirna,
Anjeunna masih kénéh ngahukum.