PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yérémia 1
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yérémia

      • Yérémia dipilih jadi nabi (1-10)

      • Titingalian ngeunaan tangkal almond (11, 12)

      • Titingalian ngeunaan panci (13-16)

      • Yérémia dikuatkeun pikeun ngajalankeun tugasna (17-19)

Yérémia 1:1

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi hartina ”Yéhuwa Ngunggulkeun Manéhna”.

Yérémia 1:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”dikenal”.

  • *

    Atawa ”geus disucikeun”.

Yérémia 1:11

Catetan Handap

  • *

    As. ”dahan nu hudang”.

Yérémia 1:13

Catetan Handap

  • *

    As. ”panci nu ditiup”, maksudna seuneu handapeunana dikipasan.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yérémia 1:1-19

Yérémia

1 Ieu téh ucapan Yérémia* anak Hilkia, salah sahiji imam di Anatot di tanah Bényamin. 2 Dina taun ka-13 pamaréntahan Yosia anak Amon, raja Yéhuda, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka abdi. 3 Dina jaman pamaréntahan Yéhoyakim anak Yosia, raja Yéhuda, Allah gé nepikeun deui firman-Na ka abdi. Kitu terus nepi ka anggeusna pamaréntahan Zédékia anak Yosia, raja Yéhuda, dina taun ka-11, nyaéta waktu urang Yérusalém diboyong dina bulan kalima.

4 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,

 5 ”Méméh manéh dijieun dina kandungan, manéh ku Kuring geus dipilih.*

Méméh manéh dijurukeun, manéh ku Kuring geus dipilih pikeun ngalaksanakeun tugas husus.*

Manéh rék dijadikeun nabi keur bangsa-bangsa.”

 6 Tapi ceuk abdi, ”Duh Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung!

Abdi téh teu pinter nyarita, da abdi mah ngora kénéh.”

 7 Tapi ku Yéhuwa dijawab,

”Ulah ngomong ngora kénéh.

Manéh téh kudu ngadatangan jalma-jalma nu ceuk Kuring kudu didatangan,

Sarta kudu nepikeun naon waé nu diparéntahkeun ku Kuring.

 8 Ulah sieun ku maranéhna,

Sabab Kuring, Yéhuwa, ngomong, ’Kuring nyarengan manéh pikeun nyalametkeun manéh.’”

9 Ti dinya, Yéhuwa ngulurkeun panangan-Na sarta nyabak biwir abdi. Yéhuwa nyarios kieu, ”Kuring méré firman dina biwir manéh. 10 Poé ieu, manéh dibéré kawasa ka bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan, nyaéta kawasa pikeun ngarabut jeung ngaruntuhkeun, pikeun ngancurkeun jeung ngarugrugkeun, sarta pikeun ngawangun jeung melak.”

11 Aya deui nu diucapkeun ku Yéhuwa ka abdi, ”Yérémia, naon nu katempo?” Abdi ngajawab, ”Abdi ningal dahan tangkal almond.”*

12 Saur Yéhuwa, ”Bener. Nya Kuring gé kitu, bakal terus hudang pikeun ngalaksanakeun firman Kuring.”

13 Yéhuwa naros deui, ”Nempo naon?” Ku abdi dijawab, ”Abdi ningal panci nu eusina ngagolak.* Éta panci déngdék ti kalér ka kidul.” 14 Yéhuwa nyarios,

”Aya bahla nu bakal budal ti kalér,

Narajang ka sakabéh penduduk ieu nagri.

15 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Bangsa-bangsa nu aya di karajaan-karajaan di daérah kalér rék disina ka darieu ku Kuring.

Maranéhna bakal daratang. Unggal raja bakal nempatkeun tahtana masing-masing

Di gerbang-gerbang Yérusalém,

Rék nyerbu témbok-témbok di sakurilingna

Jeung sakabéh kota di Yéhuda.

16 Kuring bakal ngumumkeun hukuman keur umat Kuring ku lantaran sagala kajahatanana.

Maranéhna geus ninggalkeun Kuring,

Ngurban ka allah-allah séjén,

Jeung sujud ka berhala-berhala jieunan maranéhna.’

17 Tapi manéh mah kudu sayaga.

Jung datangan jalma-jalma sarta béjaan sagala nu diparéntahkeun ku Kuring ka manéh.

Ulah sieun ku maranéhna,

Ngarah manéh ku Kuring teu dijieun beuki sieun hareupeun maranéhna.

18 Poé ieu, manéh ku Kuring dijadikeun kawas kota nu dibénténgan,

Pilar beusi, jeung témbok tambaga, ngarah manéh sanggup nyanghareupan sakuliah nagri,

Nyanghareupan raja-raja Yéhuda jeung para pajabatna,

Sarta para imam jeung rahayat ieu nagri.

19 Maranéhna tangtu bakal nyerang manéh,

Tapi manéh moal éléh,

Sabab ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Kuring nyarengan manéh pikeun nyalametkeun manéh.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun