PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yérémia 21
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yérémia

      • Yéhuwa nolak paménta Zédékia (1-7)

      • Rahayat dititah milih jalan pisalameteun atawa pipaéheun (8-14)

Yérémia 21:2

Catetan Handap

  • *

    As. ”Nébukhadrézar”, éjahan séjénna.

Yérémia 21:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”rék disina malik nyerang maranéh”.

Yérémia 21:7

Catetan Handap

  • *

    As. ”Nébukhadrézar”, éjahan séjénna.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yérémia 21:1-14

Yérémia

21 Yérémia narima firman ti Yéhuwa waktu Raja Zédékia ngutus Pasyur anak Malkhiya jeung Imam Zéfanya anak Maaséya pikeun manggihan Yérémia. Ieu pesen ti Raja, 2 ”Pangnanyakeun ka Yéhuwa naon nu bakal kaalaman ku urang sadaya, sabab Nébukhadnézar* raja Babilon rék merangan urang. Sugan Yéhuwa bakal midamel mujijat demi urang, ku kituna raja Babilon bakal undur.”

3 Yérémia ngomong kieu ka maranéhna, ”Béjakeun kieu ka Zédékia, 4 ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ”Senjata nu dicekel ku maranéh, nyaéta senjata nu dipaké ku maranéh keur merangan raja Babilon jeung urang Khaldéa nu keur ngepung maranéh luareun témbok, ku Kuring rék dipaké keur ngalawan maranéh.* Senjata-senjata éta ku Kuring rék dikumpulkeun di tengah kota. 5 Bakating ku ambek jeung jéngkél, Kuring sorangan gé rék ngalawan maranéh ku kakuatan Kuring nu hébat jeung kawasa Kuring nu gedé. 6 Kuring rék nyerang kabéh nu aya di ieu kota, boh manusa boh sato. Kabéhanana bakal paéh ku wabah panyakit nu parah.”’

7 ”’Saur Yéhuwa, ”Sanggeus kitu, Zédékia raja Yéhuda, para palayanna, jeung penduduk ieu kota, nu salamet ti wabah panyakit, pedang, jeung kalaparan, ku Kuring rék diserahkeun ka Nébukhadnézar* raja Babilon. Kabéhanana rék diserahkeun ka musuh-musuh maranéhna jeung ka jalma-jalma nu ngincer nyawa maranéhna. Maranéhna bakal dipaéhan ku pedang. Éta raja bakal téga, moal karunya atawa némbongkeun welas asih.”’

8 ”Ari ka rahayat, béjakeun kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Kuring méré piliheun ka maranéh, rék milih jalan pisalameteun atawa jalan pipaéheun. 9 Saha waé nu tetep matuh di ieu kota bakal paéh ku pedang, kalaparan, jeung wabah panyakit. Tapi, saha waé nu kaluar tuluy masrahkeun diri ka urang Khaldéa nu ngepung maranéh bakal tetep hirup, nyawana bakal salamet.”’

10 ”’”Kuring geus mutuskeun rék ngadatangkeun musibat ka ieu kota, lain hal-hal nu hadé,” saur Yéhuwa. ”Ieu kota bakal diserahkeun ka raja Babilon tuluy diduruk ku manéhna.”

11 ”’Éh kulawarga raja Yéhuda, dangukeun firman Yéhuwa. 12 Éh turunan Daud, ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa,

”Laksanakeun kaadilan unggal isuk,

Salametkeun jalma nu dirampog ku tukang tipu,

Supaya amarah Kuring teu ngaléntab kawas seuneu

Tuluy ngaduruk sarta moal bisa dipareuman

Ku lantaran kalakuan maranéh nu jahat.”’

13 ’Kuring rék ngalawan maranéh, éh jalma-jalma nu cicing di lebak,

Di gunung batu nu aya di tanah nu rata,’ saur Yéhuwa.

’Éh maranéh nu ngomong, ”Saha nu bakal turun pikeun ngalawan urang?

Saha nu bakal nyerang pamatuhan urang?”

14 Kuring rék ngahukum maranéh

Satimpal jeung kalakuan maranéh,’ saur Yéhuwa.

’Kuring rék ngaduruk leuweung maranéh.

Seuneuna bakal ngahuru kabéh nu aya di sabudeureunana.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun