PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yérémia 35
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yérémia

      • Tuladan ti turunan Rékhab nu taat (1-19)

Yérémia 35:6

Catetan Handap

  • *

    As. ”Yonadab”, ngaran pondok ti Yéhonadab.

Yérémia 35:10

Catetan Handap

  • *

    As. ”Yonadab”, ngaran pondok ti Yéhonadab.

Yérémia 35:11

Catetan Handap

  • *

    As. ”Nébukhadrézar”, éjahan séjénna.

Yérémia 35:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”sakitu Kuring geus hudang isuk-isuk tuluy ngabéjaan maranéh gé”.

Yérémia 35:15

Catetan Handap

  • *

    As. ”Kuring hudang isuk-isuk jeung ngutus maranéhna”.

Yérémia 35:19

Catetan Handap

  • *

    As. ”Yonadab”, ngaran pondok ti Yéhonadab.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yérémia 35:1-19

Yérémia

35 Waktu Yéhoyakim anak Yosia, raja Yéhuda, maréntah, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Yérémia, kieu saur-Na, 2 ”Jung panggihan turunan Rékhab, ajak ngomong maranéhna. Bawa maranéhna ka imah Yéhuwa, ka salah sahiji rohangan tempat dahar, tuluy suguhan cianggur.”

3 Jadi Yaazania anak Yérémia incu Habazinia, dulur-dulurna nu lalaki, sakabéh anak-anakna nu lalaki, jeung sakabéh turunan Rékhab téh ku abdi diajak 4 ka bumina Yéhuwa. Maranéhna ku abdi dibawa asup ka rohangan tempat dahar anak-anakna Hanan nu lalaki, incu Igdalia, hamba Allah nu sajati. Rohangan éta téh aya di gigireun rohangan tempat dahar para pajabat, luhureun rohangan tempat dahar Maaséya anak Syalum, tukang jaga panto. 5 Tuluy, cangkir-cangkir jeung wadah-wadah nu pinuh ku cianggur téh ku abdi diteundeun hareupeun lalaki-lalaki turunan Rékhab. Abdi ngomong ka maranéhna, ”Mangga dileueut.”

6 Tapi maranéhna némbalan, ”Abdi sadaya teu ngaleueut cianggur, lantaran Yéhonadab* anak Rékhab, karuhun abdi sadaya, tos masihan paréntah ieu, ’Saumur-umur, maranéh jeung anak-anak maranéh teu meunang nginum cianggur. 7 Maranéh gé teu meunang ngawangun imah, nebar binih, sarta melak atawa boga kebon anggur. Maranéh mah kudu matuh di kémah-kémah, supaya maranéh bisa lila hirup di tanah nu dicicingan ku maranéh salaku urang asing.’ 8 Jadi, abdi sadaya terus nurut kana paréntah Yéhonadab anak Rékhab, karuhun abdi sadaya. Ku kituna abdi sadaya, pun bojo, sareng murangkalih nu pameget sareng nu istri teu ngaleueut cianggur. 9 Abdi sadaya gé teu ngawangun rorompok kanggo dicicingan sarta teu gaduh kebon anggur, lahan, atawa binih. 10 Abdi sadaya téh matuh di kémah-kémah, nuturkeun sadaya paréntah Yéhonadab,* karuhun abdi sadaya. 11 Tapi waktu Nébukhadnézar* raja Babilon nyerang ieu nagri, abdi sadaya téh nyarios kieu, ’Hayu kabur ka Yérusalém, nyingkir ti pasukan urang Khaldéa jeung Siria.’ Kitu caritana abdi sadaya bisa matuh di Yérusalém téh.”

12 Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Yérémia, kieu saur-Na, 13 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Jung indit, béjaan urang Yéhuda jeung penduduk Yérusalém, ”Kuring geus teterusan nitah maranéh nurut ka Kuring, pan?” ceuk Yéhuwa. 14 ”Yéhonadab anak Rékhab maréntahkeun turunanana supaya teu nginum cianggur. Ku turunanana téh dijalankeun nepi ka ayeuna. Maranéhna teu nginum cianggur, nurut kana paréntah karuhunna. Ari maranéh mah sangkilang geus sering dibéjaan gé,* angger wéh teu nurut ka Kuring. 15 Kuring gé terus ngutus hamba-hamba Kuring, nyaéta para nabi, ka maranéh. Kuring teu eureun-eureun ngutus maranéhna* sina ngaromong kieu, ’Sok geura tarobat tina lalampahan maranéh nu jahat, lampahkeun nu bener. Ulah nuturkeun jeung nyembah allah-allah séjén. Lamun kitu, maranéh bakal tetep matuh di tanah nu geus dibikeun ku Kuring ka maranéh jeung karuhun maranéh.’ Tapi, maranéh teu daék merhatikeun atawa ngadéngékeun omongan Kuring. 16 Turunan Yéhonadab anak Rékhab mah ngajalankeun paréntah karuhunna, ari ieu umat mah teu daék ngadéngékeun Kuring.”’”

17 ”Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Kuring rék nibankeun bahla ka Yéhuda jeung sakabéh penduduk Yérusalém, bahla nu pernah dibéjakeun ka maranéhna téa. Pangna kitu téh lantaran maranéhna kénéh. Diomongan teu daék nurut, digeroan teu daék némbalan.’”

18 Geus kitu, Yérémia ngomong ka turunan Rékhab, ”Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ’Maranéh geus nurut kana paréntah Yéhonadab karuhun maranéh. Maranéh terus ngajalankeun éta, percis sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhonadab ka maranéh. Ku sabab kitu, 19 ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, pangawasa pasukan sorga, ”Turunan Yéhonadab* anak Rékhab bakal salawasna ngalalayanan hareupeun Kuring.”’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun