Yérémia
47 Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Nabi Yérémia ngeunaan urang Filistin saacan Firaun ngéléhkeun Gaza. 2 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa,
”Tuh, tempo cai ngocor ti kalér,
Caina ngagulidag.
Sakuliah nagri jeung eusina nepi ka kacaahan,
Kaasup kota jeung pendudukna.
Jalma-jalma bakal tingkocéak,
Kabéh nu matuh di éta nagri bakal ceurik tingjarerit.
3 Kadéngé sora kuda tingberetek,
Sora karéta perang tinggurudug,
Jeung sora roda-roda nu ngaguruh.
Malah, bapa-bapa gé ngabecir ninggalkeun anakna
Bakating ku sieun-sieunna.
4 Bakal datang poéna sakabéh urang Filistin dibasmi,
Ku kituna Tirus jeung Sidon moal boga panulung deui,
Sabab Yéhuwa bakal ngabasmi urang Filistin nu harirup kénéh,
Nu asalna ti Pulo Kaftor.*
5 Gaza bakal jadi gundul,*
Askélon bakal jadi jempling.
Hé maranéh nu harirup kénéh di lebak,
Nepi ka iraha rék nurihan manéh?
6 Éh pedang Yéhuwa,
Iraha rék eureun téh?
Sok asup kana sarangka.
Geura cicing, genah-genah di dinya.
7 Rék eureun kumaha
Mun Yéhuwa geus méré paréntah?
Éta pedang geus diparéntah pikeun nyerang Askélon
Jeung wilayah basisir.”