PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 1
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Yéhézkiél di Babilon meunang titingalian ti Allah (1-3)

      • Titingalian ngeunaan karéta Yéhuwa di sorga (4-28)

        • Angin ngagelebug, méga, seuneu (4)

        • Opat mahluk (5-14)

        • Opat gilinding (15-21)

        • Lanté hérang ngagenclang kawas és (22-24)

        • Tahta Yéhuwa (25-28)

Yéhézkiél 1:1

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ieu téh ngamaksudkeun umurna Yéhézkiél.

Yéhézkiél 1:3

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Allah Nguatkeun”.

Yéhézkiél 1:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Bray kilat ngaburinyay”.

  • *

    Atawa ”awan”.

  • *

    Campuran emas jeung pérak.

Yéhézkiél 1:16

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi malangna téh percis di tengah-tengah.

Yéhézkiél 1:28

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”pelangi”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 1:1-28

Yéhézkiél

1 Dina taun ka-30,* bulan ka-4, poé ka-5, waktu abdi aya di antara para tawanan deukeut Walungan Khébar, bréh langit muka. Abdi meunang titingalian ti Allah. 2 Dina poé ka-5 bulan éta, nyaéta dina taun ka-5 Raja Yéhoyakhin diboyong, 3 Yéhuwa nepikeun firman-Na ka abdi, Yéhézkiél* anak Imam Buzi, di deukeut Walungan Khébar di nagrina urang Khaldéa. Di dinya, abdi ngarasakeun kawasa Yéhuwa.

4 Barang tanggah, katingali angin ngagelebug ti kalér. Gur seuneu ngagedur* dina gumplukan méga,* dikurilingan ku cahaya nu ngagenclang. Di tengah seuneu, aya nu gugurilapan kawas emas bodas.* 5 Di tengah éta seuneu gé aya nu kawas opat mahluk, dedeganana kawas manusa. 6 Masing-masing boga beungeut opat sarta jangjang opat. 7 Sukuna lempeng, harérang kawas tambaga nu digosok. Talapokna kawas talapok anak sapi. 8 Salian ti beungeutan jeung jangjangan, maranéhna boga leungeun manusa handapeun opat jangjangna. 9 Jangjang nu hiji antel kana jangjang nu hiji deui. Waktu pindah, maranéhna teu kudu malikkeun awakna. Maranéhna maju lempeng ka hareup.

10 Ieu rupa opat mahluk téh: Beulah hareup beungeut manusa, beulah katuhu beungeut singa, beulah kénca beungeut sapi jalu, sarta beulah tukang beungeut heulang. 11 Tah kitu beungeut maranéhna téh. Jangjang-jangjangna mébér ka luhur. Masing-masing boga dua jangjang nu paantel sarta dua jangjang nu ngalingkup nutupan awakna.

12 Maranéhna maju lempeng ka hareup, maju ka mana waé nu dituduhkeun ku kawasa suci. Waktu pindah, maranéhna teu kudu malikkeun awakna. 13 Éta mahluk-mahluk téh katingali kawas areng ruhay. Geus kitu aya nu kawas obor ngagebur, ngalayang ka ditu ka dieu di antara maranéhna. Dina éta seuneu aya kilat tingjorélat. 14 Waktu obah ka ditu ka dieu, maranéhna suat-siet kawas kilat.

15 Sabot abdi ningalikeun éta mahluk-mahluk, bréh katingali hiji gilinding gigireun unggal mahluk nu boga opat beungeut éta. Gilinding-gilinding téh aya dina taneuh. 16 Opat gilinding téh bangunna sarua, mani hérang méncrang kawas batu krisolit. Unggal gilinding bangunna kawas dua gilinding nu dipasangna malang.* 17 Kabéhanana bisa maju ka mana waé ka opat arah, teu kudu méngkol. 18 Gilinding-gilinding téh jangkung pisan sarta matak tajub. Sisi luar opat gilinding pinuh ku panon. 19 Unggal mahluk-mahluk pindah, gilinding-gilinding gé milu pindah. Unggal mahluk-mahluk ngapung tina taneuh, gilinding-gilinding gé milu ngapung. 20 Éta mahluk-mahluk indit ka mana waé nu dituduhkeun ku kawasa suci. Unggal maranéhna ngapung tina taneuh, gilinding-gilinding gé milu ngapung. Maranéhna diatur ku kawasa suci, kitu ogé jeung gilinding-gilinding. 21 Lamun mahluk-mahluk pindah, gilinding-gilinding gé milu pindah. Lamun mahluk-mahluk cicing di tempat, gilinding-gilinding gé milu cicing di tempat. Lamun mahluk-mahluk ngapung tina taneuh, gilinding-gilinding gé milu ngapung, da maranéhna diatur ku kawasa suci, kitu ogé jeung gilinding-gilinding.

22 Luhureun sirah mahluk-mahluk téh aya nu kawas lanté kristal nu mentang, mani hérang ngagenclang kawas és. 23 Handapeun lanté, jangjang-jangjang éta mahluk téh mébér lempeng ka luhur sarta paantel. Masing-masing boga dua jangjang pikeun ngalingkup nutupan sisi awak nu sabeulah, sarta dua jangjang deui pikeun ngalingkup nutupan sisi awak nu sabeulah deui. 24 Abdi ngadéngé sora jangjangna téh kawas cai nu ngaguruh, kawas sora Nu Mahakawasa. Waktu maranéhna obah, sorana téh kawas pasukan tantara. Waktu maranéhna cicing di tempat, jangjang-jangjangna téh dilingkupkeun.

25 Salian ti éta, kadéngé sora ti luhureun lanté nu aya di luhureun sirah éta mahluk-mahluk. (Waktu maranéhna cicing di tempat, jangjang-jangjangna téh dilingkupkeun.) 26 Di luhur lanté nu aya di luhureun sirah maranéhna, katingali aya nu kawas batu safir, bangunna téh kawas tahta. Di dinya aya nu calik dina tahta, rupana téh kawas manusa. 27 Ti cangkéng ka luhur, abdi ningali Anjeunna téh kawas emas bodas nu gugurilapan sarta dikurilingan ku seuneu. Ti cangkéng ka handap, abdi ningali Anjeunna téh kawas seuneu. Anjeunna dikurilingan ku cahaya, 28 kawas katumbiri* dina méga waktu hujan. Tah, kitu cahaya moncorong nu ngurilingan Anjeunna téh. Éta téh kawas kamulyaan Yéhuwa. Waktu ningali éta, bruk abdi sujud. Geus kitu, kadéngé sora jalma ngomong ka abdi.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun