PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 10
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Nyokot seuneu nu aya di antara gilinding-gilinding (1-8)

      • Katerangan ngeunaan kérub jeung gilinding (9-17)

      • Kamulyaan Allah pindah ti bait (18-22)

Yéhézkiél 10:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”awan”.

Yéhézkiél 10:10

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi malangna téh percis di tengah-tengah.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 10:1-22

Yéhézkiél

10 Di luhur lanté nu aya di luhureun sirah kérub-kérub, katingali aya nu kawas batu safir, bangunna téh kawas tahta. 2 Geus kitu, Anjeunna nyarios ka lalaki nu maké baju linén téa, ”Sok asup di antara gilinding-gilinding, ka handapeun kérub-kérub. Rawu areng ruhay nu aya di antara kérub-kérub tuluy awurkeun ka éta kota.” Sup manéhna asup.

3 Waktu éta lalaki asup, kérub-kérub keur narangtung di katuhueun bait. Buruan bait beulah jero katutup ku méga.* 4 Kamulyaan Yéhuwa pindah ti kérub-kérub ka lawang bait. Lalaunan bait téh pinuh ku méga. Buruan bait mani caang ku kamulyaan Yéhuwa. 5 Sora jangjang kérub-kérub téh nepi ka kadéngé ka buruan beulah luar, kawas gentrana Allah Nu Mahakawasa.

6 Geus kitu, Anjeunna méré paréntah ka lalaki nu maké baju linén téa, ”Cokot seuneu nu aya di antara gilinding-gilinding, di antara kérub-kérub.” Sup manéhna asup, tuluy nangtung di gigireun gilinding. 7 Geus kitu, salah sahiji kérub ngulurkeun leungeunna kana seuneu nu aya di antara kérub-kérub. Ku manéhna dirawu saeutik tuluy diteundeun dina dua dampal leungeun lalaki nu maké baju linén éta. Ku éta lalaki dicokot, seug indit. 8 Handapeun jangjang kérub-kérub téh aya nu kawas leungeun manusa.

9 Abdi ningali opat gilinding gigireun kérub-kérub, unggal gilinding téh aya di gigireun unggal kérub. Gilinding-gilinding téh mani hérang méncrang kawas batu krisolit. 10 Opat gilinding téh bangunna sarua. Unggal gilinding bangunna kawas dua gilinding nu dipasangna malang.* 11 Éta gilinding-gilinding bisa maju ka mana waé ka opat arah, teu kudu méngkol. Ka mana waé beungeut kérub-kérub nyanghareup, nya ka ditu gilinding-gilinding bakal maju, teu kudu méngkol. 12 Sakujur awak kérub-kérub, tonggongna, leungeunna, sarta jangjangna pinuh ku panon. Opat gilinding nu aya di gigireun kérub-kérub gé pinuh ku panon. 13 Abdi ngadéngé aya sora nu ngomong kieu ka éta gilinding-gilinding, ”Hé gilinding, geura maju!”

14 Unggal kérub téh boga beungeut opat. Nu kahiji beungeut kérub, nu kadua beungeut manusa, nu katilu beungeut singa, sarta nu kaopat beungeut heulang.

15 Éta kérub-kérub téh sarua jeung mahluk-mahluk nu katingali ku abdi basa di Walungan Khébar. Unggal éta kérub-kérub naék 16 atawa pindah, gilinding-gilinding gé milu pindah gigireunana. Unggal éta kérub-kérub mébérkeun jangjangna tuluy ngapung tina taneuh, gilinding-gilinding moal méngkol atawa pindah ti gigireun maranéhna. 17 Lamun kérub-kérub cicing di tempat, gilinding-gilinding gé milu cicing di tempat. Lamun maranéhna naék, gilinding-gilinding gé milu naék, da maranéhna diatur ku kawasa suci, kitu ogé jeung gilinding-gilinding.

18 Geus kitu, kamulyaan Yéhuwa pindah ti lawang bait ka luhureun kérub-kérub. 19 Ayeuna, kérub-kérub téh mébérkeun jangjangna tuluy ngapung tina taneuh. Waktu maranéhna ngapung, gilinding-gilinding gé aya terus di gigireunana. Maranéhna eureun di lawang gerbang bumina Yéhuwa beulah wétan. Kamulyaan Allah Israél aya di luhureunana.

20 Maranéhna téh mahluk-mahluk nu aya di handapeun tahta Allah Israél nu katingali ku abdi basa di Walungan Khébar. Abdi jadi nyaho yén maranéhna téh kérub-kérub. 21 Masing-masing boga opat beungeut, opat jangjang, sarta di handapeun jangjangna aya nu siga leungeun manusa. 22 Beungeut-beungeutna sarua jeung nu katingali ku abdi di deukeut Walungan Khébar. Maranéhna maju lempeng ka hareup.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun