Yéhézkiél
13 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, sok ngaramal* ngeunaan nabi-nabi Israél, sarta béjakeun kieu ka jalma-jalma nu sok nepikeun ramalan jieunan sorangan, ’Dangukeun firman Yéhuwa. 3 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Cilaka nabi-nabi nu barodo téh. Maranéhna ngarang-ngarang ramalanana sorangan, padahal teu narima titingalian ti Kuring! 4 Éh Israél, nabi-nabi manéh téh geus kawas rubah di antara ruruntuhan. 5 Maranéh moal indit ngoméan bagian-bagian nu alancur dina témbok-témbok batu keur urang Israél. Jadi, urang Israél moal salamet waktu perang dina poéna Yéhuwa.” 6 ”Titingalian maranéhna téh palsu. Ramalanana gé ramalan bohong. Ceuk maranéhna, ’Ieu firman Yéhuwa,’ padahal Kuring, Yéhuwa, teu pernah ngutus maranéhna, tapi maranéhna ngarep-ngarep omonganana jadi kanyataan. 7 Titingalian maranéh téh palsu, sarta ramalan maranéh téh ramalan bohong, pan? Ceuk maranéh, ’Ieu firman Yéhuwa,’ padahal Kuring teu ngomong nanaon.”’
8 ”’Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”’Kuring rék ngamusuh ka maranéh ku lantaran titingalian palsu sarta omongan bohong maranéh,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.” 9 Ku kawasa Kuring, Kuring rék ngahukum nabi-nabi nu nepikeun titingalian palsu sarta ramalan bohong. Maranéhna moal aya deui di antara umat nu raket ka Kuring. Ngaran maranéhna moal katulis dina daptar silsilah urang Israél. Maranéhna gé moal balik ka nagri Israél. Lamun geus kitu, kakara maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. 10 Éta kabéh téh lantaran maranéhna geus nyasabkeun umat Kuring ku ngomong kieu, ”Aman, aman!” padahal mah boro-boro aman. Lamun aya nu ngawangun témbok ipis, éta ku maranéhna dikapur.’*
11 ”Béjakeun ka nu ngapurna yén éta bakal runtuh. Éta bakal ancur diguyur ku hujan badag, ditinggangan ku hujan és, sarta ditebak ku angin topan. 12 Barang éta témbok runtuh, maranéh bakal ditanya, ’Jang naon éta témbok dikapur téh?’
13 ”Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Bakating ku ambek, Kuring rék ngadatangkeun angin topan jeung hujan badag. Kuring gé rék ngadatangkeun hujan és pikeun ngancurkeun éta témbok. 14 Témbok nu ku maranéh geus dikapur téh ku Kuring rék diruntuhkeun, bakal rata jeung taneuh, kari pondasina nu katempo. Waktu éta kota runtuh, maranéh bakal milu musna. Lamun geus kitu, maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’
15 ”’Témbok jeung nu ngapurna bakal béak diamuk ku amarah Kuring. Sanggeus kitu, Kuring bakal ngomong ka maranéh, ”Témbok téh geus euweuh, kitu deui jeung nu ngapurna. 16 Nabi-nabi Israél geus musna, nyaéta nu ngaramal ngeunaan Yérusalém jeung nu nepikeun titingalian ngeunaan kaayaan aman di ditu, padahal mah boro-boro aman,”’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.
17 ”Anak manusa, tuh tempo awéwé-awéwé bangsa manéh nu ngarang-ngarang ramalan sorangan. Pék ngaramal ngeunaan maranéhna. 18 Béjakeun kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Cilaka awéwé-awéwé nu ngaput pita pikeun dibeungkeutkeun kana leungeun* sarta nyieun tiung rupa-rupa ukuran pikeun ngarah nyawa batur! Maranéh ngarah nyawa umat Kuring téh demi nyalametkeun nyawa sorangan? 19 Demi barli sababaraha keupeul jeung roti sababaraha siki, maranéh ngahina Kuring hareupeun umat Kuring. Maranéh ngabohong ka umat Kuring, ari umat Kuring percaya baé. Nu matak, jalma nu sakuduna hirup ku maranéh dipaéhan, jalma nu sakuduna paéh ku maranéh diantep hirup.”’
20 ”Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Éh awéwé-awéwé, Kuring geuleuh kana pita jieunan maranéh nu dipaké pikeun ngarah jalma-jalma kawas moro manuk. Kuring bakal nyoéhkeun éta tina leungeun maranéh jeung ngabébaskeun jalma-jalma nu diarah ku maranéh kawas manuk. 21 Kuring rék ngadudut tiung maranéh jeung nyalametkeun umat Kuring tina genggeman maranéh. Maranéhna moal jadi mamangsan nu diarah ku maranéh. Geus kitu, kakara maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa. 22 Gara-gara omongan bohong maranéh, jalma bener jadi leutik haté, padahal Kuring teu hayang manéhna sangsara.* Ari nu jahat ku maranéh dibéré sumanget, jadi wéh maranéhna teu tobat tina kajahatanana, tungtungna mah paéh. 23 Ku sabab éta, awéwé-awéwé, maranéh moal nepikeun titingalian palsu jeung ngaramal deui. Kuring rék nyalametkeun umat Kuring tina genggeman maranéh. Ku kituna, maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’”