Yéhézkiél
17 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, sok tepikeun tatarucingan sarta paribasa ngeunaan urang Israél. 3 Manéh kudu ngomong kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Aya hiji heulang gedé, jangjangna gedé jeung panjang. Buluna gomplok jeung warna-warni. Éta heulang datang ka Lébanon tuluy minggeskeun pucuk tangkal aras. 4 Pucuk pangluhurna nu dipinggeskeun téh dibawa ka nagri para padagang* tuluy dipelak di kota para padagang. 5 Geus kitu, éta manuk nyokot sababaraha binih ti éta nagri, dipelakkeun di tanah nu subur. Dipelakna téh di tempat nu loba caina, kawas tangkal wilow. 6 Binih téh sirungan tuluy jadi tangkal anggur nu ngarambat ka mana-mana. Dahan-dahanna tingpelengkung ka jero, ari akar-akarna aya di handapeunana. Éta binih téh jadi tangkal anggur nu sirungan jeung ngabijilkeun cabang-cabang.
7 ”’”Sanggeusna, jol datang heulang gedé séjénna nu jangjangna gedé jeung panjang. Ku sumanget-sumangetna, tangkal anggur téh nyodorkeun akarna ka éta manuk, ngajauhan kebon tempat manéhna dipelak. Dahan-dahanna disodorkeun ka éta manuk, ménta dicaian. 8 Padahal éta tangkal téh geus dipelak di tanah nu hadé, deukeut tempat nu loba caina ngarah bisa ngabijilkeun cabang, buahan, sarta jadi tangkal anggur nu alus.”’
9 ”Béjaan kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Kira-kirana éta tangkal téh bakal jadi, kitu? Lain akarna bakal dirabut, buahna disina buruk, sarta sirungna diantep sina layu? Saking garingna, pikeun ngarabut nepi ka akar-akarna gé teu kudu ku leungeun nu kuat atawa ku lobaan. 10 Sanajan dipelak deui di tempat séjén gé bakal jadi, kitu? Waktu katebak ku angin wétan, éta bakal jadi garing pisan, pan? Éta tangkal bakal jadi garing di kebon tempatna sirungan.”’”
11 Terus Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 12 ”Pangbéjakeun kieu ka bangsa tukang barontak, ’Ngalarti teu naon hartina ieu kabéh?’ Manéh kudu ngomong kieu, ’Raja Babilon datang ka Yérusalém tuluy ngaboyong raja jeung para pajabatna ka Babilon. 13 Geus kitu, salah sahiji ti turunan raja diajak nyieun perjangjian sarta dititah sumpah ku raja Babilon. Jalma-jalma nu parenting di éta nagri dibaroyong kabéh. 14 Ku kituna éta bangsa direndahkeun, teu bisa jaya deui. Éta nagri bisa tetep aya ngan ku cara taat kana perjangjian. 15 Tapi, tungtungna mah raja Yéhuda barontak ka raja Babilon ku cara ngirim utusan ka Mesir, ménta dikirim kuda jeung pasukan nu gedé. Mémangna bisa hasil, kitu? Maenya jalma nu ngalampahkeun kitu téh moal dihukum? Piraku jalma nu ngalanggar perjangjian bisa lolos tina hukuman?’
16 ”’Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Demi Kuring nu hirup, manéhna bakal maot di Babilon, tempat matuhna raja* nu ngangkat manéhna* jadi raja. Manéhna geus nyapirakeun sumpahna sarta ngalanggar perjangjianana jeung éta raja. 17 Waktu tentara Babilon nyieun gundukan sarta témbok pikeun ngepung éta kota tuluy maéhan loba jalma, pasukan Firaun nu gedé sarta tentarana nu loba moal bisa nulungan. 18 Zédékia nyapirakeun sumpahna jeung ngalanggar perjangjianana. Éta kabéh dilampahkeun ku manéhna, padahal manéhna geus jangji. Jadi, manéhna moal bisa lolos.”’
19 ”’Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Demi Kuring nu hirup, manéhna rék disina ngarasakeun balukarna lantaran geus nyapirakeun sumpahna ka Kuring sarta perjangjianana jeung Kuring. 20 Kuring rék ngalungkeun jaring pikeun néwak manéhna. Manéhna rék dibawa ka Babilon tuluy diadilan di dinya lantaran geus teu satia ka Kuring. 21 Prajurit-prajurit nu kalabur bakal paéh ku pedang, ari nu harirup kénéh bakal dipabalencarkeun ka unggal juru. Geus kitu mah maranéh bakal nyaho yén Kuring, Yéhuwa, geus ngucap kitu.”’
22 ”’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Kuring rék minggeskeun sirung ti tungtung tangkal aras nu jangkung, tuluy éta dipelak. Kuring rék minggeskeun sirung ti tungtung rantingna, rék dipelak di gunung nu luhur pisan. 23 Éta bakal dipelak di gunung nu luhur di Israél. Cabang-cabangna bakal jaradi tuluy ngahasilkeun buah, jadi tangkal aras nu alus pisan. Rupa-rupa manuk bakal nyayang handapeunana sarta areunteup dina dahan-dahanna, ngiuhan di dinya. 24 Ku kituna, sakabéh tangkal di tegalan bakal nyaho yén Kuring, Yéhuwa, geus ngarendahkeun tangkal nu jangkung sarta ngaluhurkeun tangkal nu pendék. Tangkal nu héjo ku Kuring disina garing, ari tangkal nu garing disina kembangan. Kuring, Yéhuwa, geus ngucap kitu sarta ngalaksanakeunana.”’”