Yéhézkiél
18 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Maranéh osok ngucapkeun paribasa kieu di Israél, ’Bapa nu ngadahar anggur haseum, tapi huntu anakna nu linu.’ Naon hartina éta paribasa téh?
3 ”Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Demi Kuring nu hirup, éta paribasa moal disebut-sebut deui di Israél. 4 Kabéh nyawa* téh milik Kuring. Boh nyawa bapa boh nyawa anak, kabéhanana milik Kuring. Saha waé* nu boga dosa, nya manéhna nu bakal maot.
5 ”’Upamakeun aya jalma bener nu lalampahanana téh adil jeung bener. 6 Manéhna tara ngadahar kurban nu dibaktikeun ka berhala di gunung-gunung. Manéhna tara ngadoa ka berhala-berhala nu pikageuleuheun* milik urang Israél. Manéhna tara jinah jeung pamajikan sasamana atawa ngalakukeun hubungan séks jeung awéwé nu keur haid. 7 Manéhna tara nindes ka batur. Manéhna mulangkeun barang nu dijadikeun jaminan ku nu boga hutang. Manéhna tara ngarampog batur, tapi méré dahareunana sorangan ka nu lapar sarta méré baju ka nu taranjang. 8 Lamun nginjeumkeun duit, manéhna tara ngaréntenkeun atawa nyiar kauntungan. Manéhna tara teu adil. Manéhna adil waktu mutus perkara dua jalma. 9 Manéhna satia lantaran terus nuturkeun aturan Kuring sarta ngajalankeun putusan hukum Kuring. Jalma nu kawas kitu téh jalma bener sarta bakal tetep hirup,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.
10 ”’Tapi, upamana manéhna boga anak lalaki. Anakna téh sok ngarampog, maéhan, jeung ngalampahkeun hal-hal goréng séjén nu kawas kitu 11 (ari bapana mah teu ngalampahkeun hal-hal éta). Anakna ngadahar kurban nu dibaktikeun ka berhala di gunung-gunung, jinah jeung pamajikan sasamana, 12 nindes ka nu balangsak jeung miskin, ngarampog, teu mulangkeun barang jaminan, ngadoa ka berhala-berhala nu pikageuleuheun, ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun, 13 sarta nginjeumkeun bari ngaréntenkeun jeung nyiar kauntungan. Anakna éta moal bakal tetep hirup. Manéhna bakal dipaéhan lantaran ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun. Manéhna paéh téh ku lantaran kasalahanana sorangan.
14 ”’Tapi, upamana manéhna boga anak lalaki. Sanajan anakna ningali bapana ngalampahkeun dosa, anakna mah teu nurutan. 15 Anakna tara ngadahar kurban nu dibaktikeun ka berhala di gunung-gunung. Manéhna tara ngadoa ka berhala-berhala nu pikageuleuheun milik urang Israél. Manéhna tara jinah jeung pamajikan sasamana. 16 Manéhna tara nindes ka batur. Manéhna tara ngajabel barang jaminan. Manéhna tara ngarampog nanaon. Manéhna méré dahareunana sorangan ka nu lapar sarta méré baju ka nu taranjang. 17 Manéhna teu nindes ka nu miskin. Lamun nginjeumkeun duit, manéhna tara ngaréntenkeun atawa nyiar kauntungan. Manéhna ngajalankeun putusan hukum Kuring sarta nuturkeun aturan Kuring. Manéhna moal bakal paéh lantaran katempuhan dosa bapana. Manéhna pasti bakal tetep hirup. 18 Tapi, ari bapana mah ku lantaran osok tupa-tipu, ngarampog dulurna, jeung ngalampahkeun nu goréng di antara bangsana, manéhna bakal paéh ku lantaran kasalahanana sorangan.
19 ”’Tapi maranéh bakal nanya, ”Ku naon anakna teu dihukum pikeun nanggung kasalahan bapana?” Anakna mah ngalampahkeun nu adil jeung bener sarta terus nurut jeung ngajalankeun sakabéh aturan Kuring, jadi manéhna mah pasti bakal tetep hirup. 20 Saha waé* nu boga dosa, nya manéhna nu bakal maot. Anak moal bakal dihukum gara-gara kasalahan bapana, bapana moal bakal dihukum gara-gara kasalahan anakna. Jalma bener bakal diganjar ku lantaran lalampahanana nu bener, kitu deui jalma jahat bakal diganjar ku lantaran lalampahanana nu jahat.
21 ”’Lamun jalma jahat tobat tina dosana tuluy nurut kana aturan Kuring sarta ngalampahkeun nu adil jeung bener, manéhna tangtu bakal tetep hirup, moal maot. 22 Kasalahanana moal bakal diinget-inget deui. Manéhna bakal tetep hirup lantaran ngalampahkeun nu bener.’
23 ”Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Mémangna Kuring resep ningali jalma jahat maot? Kuring mah leuwih bungah lamun manéhna tobat sangkan bisa tetep hirup.’
24 ”’Lamun jalma bener geus henteu ngalampahkeun nu bener, kalah ka ngalampahkeun nu salah,* nyaéta ngalampahkeun sakabéh hal nu pikaijideun nu dilampahkeun ku jalma jahat, manéhna bakal tetep hirup, kitu? Moal aya hiji-hiji acan lalampahanana nu bener nu bakal diinget-inget. Manéhna bakal paéh ku lantaran teu satia jeung geus ngalampahkeun dosa.
25 ”’Tapi maranéh bakal ngomong kieu, ”Tindakan Yéhuwa téh teu adil.” Déngékeun, éh urang Israél! Nu teu adil téh tindakan Kuring, kitu? Lain tindakan maranéh nu teu adil?
26 ”’Lamun jalma bener geus henteu ngalampahkeun nu bener, kalah ka ngalampahkeun nu salah tuluy manéhna paéh, nya manéhna paéh téh ku lantaran kasalahanana sorangan.
27 ”’Lamun jalma jahat tobat tina kajahatanana tuluy ngalampahkeun nu adil jeung bener, manéhna téh nyalametkeun nyawana sorangan. 28 Waktu manéhna sadar tuluy tobat tina kasalahanana, manéhna tangtu bakal tetep hirup, moal maot.
29 ”’Tapi urang Israél bakal ngomong kieu, ”Tindakan Yéhuwa téh teu adil.” Éh urang Israél, mémangna tindakan Kuring nu teu adil téh? Lain tindakan maranéh nu teu adil?’
30 ”Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Éh urang Israél, maranéh masing-masing rék dihukum ku Kuring satimpal jeung kalakuan maranéh. Geura tarobat, sok tarobat tina sagala kasalahan maranéh, ngarah maranéh teu dianggap salah lantaran nyababkeun batur nyieun dosa. 31 Éh urang Israél, geura eureunan kajahatan maranéh téh. Anyarkeun haté jeung pikiran, ngarah maranéh teu maot.’
32 ”Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Kuring téh teu resep lamun aya jalma nu maot. Jadi, geura tarobat supaya maranéh harirup.’”