PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 21
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Allah ngaluarkeun pedang tina sarangkana pikeun ngahukum (1-17)

      • Raja Babilon nyerang Yérusalém (18-24)

      • Pamingpin Israél nu jahat bakal disingkirkeun (25-27)

        • ”Buka éta makuta” (26)

        • ”Nepi ka nu boga hak datang” (27)

      • Pedang nyabetan urang Ammon (28-32)

Yéhézkiél 21:7

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, baseuh ku cikiih bakating ku sieun.

Yéhézkiél 21:10

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta pedang Yéhuwa.

Yéhézkiél 21:21

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”déwa-déwa kulawargana”. As. ”térafim”.

Yéhézkiél 21:23

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta penduduk Yérusalém.

  • *

    Katingalina urang Babilon.

Yéhézkiél 21:27

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Makuta”, katingalina maksudna pamaréntahan.

Yéhézkiél 21:29

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ngamaksudkeun Raba, kotana urang Ammon.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 21:1-32

Yéhézkiél

21 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, sok tempo Yérusalém. Ramalkeun paringetan ngeunaan tempat-tempat suci jeung nagri Israél. 3 Béjaan nagri Israél, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Kuring téh musuh manéh. Kuring rék ngaluarkeun pedang tina sarangka, sina nyabetan jalma bener jeung jalma jahat nu aya di antara manéh. 4 Ku lantaran Kuring rék nyabetan jalma bener jeung jalma jahat nu aya di antara manéh, Kuring rék ngaluarkeun pedang tina sarangka pikeun narajang kabéh jalma, ti kidul nepi ka kalér. 5 Kabéh jalma bakal nyaho yén Kuring, Yéhuwa, geus ngaluarkeun pedang tina sarangka. Éta moal disarungkeun deui.”’

6 ”Anak manusa, sok ngalengis bari ngadégdég. Sok ngalengis bakating ku prihatin hareupeun maranéhna. 7 Lamun maranéhna nanya, ’Ku naon mani ngalengis kitu?’ Jawab kieu, ’Ku lantaran hiji laporan nu bakal datang.’ Éta laporan pasti bakal datang. Haté unggal jalma bakal sieun, leungeunna bakal ngaplék, tuurna bakal baseuh,* sarta unggal jalma bakal aral. ’Tempo, éta pasti bakal datang, bakal jadi kanyataan,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”

8 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 9 ”Anak manusa, sok ngaramal kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Pedang! Pedang geus diasah jeung digosok nepi ka hérang. 10 Diasah téh ngarah bisa nyabetan loba jalma, digosok téh ngarah ngaburinyay kawas kilat.”’”

Ceuk jalma-jalma, ”Mun kitu mah urang bakal senang atuh?”

Tapi saur Allah, ”’Éta pedang* geus nyabetan tangkal-tangkal séjén, nya tangtu éta gé bakal nyabet tongkat kakawasaan anak Kuring sorangan.

11 ”’Éta pedang geus dibikeun jang digosok, siap dipaké pikeun maéhan. Éta pedang geus diasah jeung digosok, siap dibikeun ka tukang maéhan.

12 ”’Anak manusa, pék ceurik jejeritan, sabab éta pedang datang narajang umat Kuring. Éta narajang kabéh pamingpin Israél. Maranéhna jeung umat Kuring bakal jadi korban éta pedang. Jadi, sok teunggeulan pingping manéh bakating ku nalangsa. 13 Umat Kuring geus dipariksa. Ku kituna, kumaha jadina lamun éta pedang nyabet tongkat kakawasaan? Éta tongkat bakal musna,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.

14 ”Anak manusa, geura ngaramal, kekeprokan, sarta ngomong, ’Pedang!’ tilu kali. Éta téh pedang nu maéhan jalma-jalma, pedang nu nyabetan loba jalma, pedang nu ngepung maranéhna. 15 Haté maranéhna bakal sieun, sarta loba nu bakal tinggolépak di gerbang-gerbang kota. Kuring rék nyabetan jalma-jalma ku pedang, ku pedang nu ngaburinyay kawas kilat jeung nu geus digosok pikeun maéhan. 16 Hé pedang, geura sabet ka kénca! Sabet ka katuhu! Sabet ka mana waé manéh diarahkeun! 17 Kuring gé bakal kekeprokan sarta ngabudalkeun amarah. Kuring, Yéhuwa, geus ngucap kitu.”

18 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 19 ”Anak manusa, gambar hiji jalan keur pedang raja Babilon. Éta jalan mimitina ti hiji nagri tuluy bakal nyagak sarta brasna ka dua kota. Di éta cagak, pasang tanda jalan. 20 Dina éta tanda, béré nyaho yén jalan nu hiji brasna ka Raba, kotana urang Ammon. Jalan nu hiji deui brasna ka Yérusalém, kota nu dibénténgan di Yéhuda. 21 Engké raja Babilon bakal turun di éta cagak pikeun ngaramal. Manéhna bakal ngoclok anak-anak panahna, nanya ka berhalana,* jeung néangan tanda maké ati sato. 22 Hasil ramalan dina leungeun katuhuna téh nuduhkeun yén manéhna kudu ka Yérusalém, nyiapkeun pakakas-pakakas panggedor, ngumumkeun kudu maéhan jalma-jalma, ngagorowokkeun tanda perang, masang pakakas-pakakas panggedor gerbang, nyieun gundukan pikeun ngepung, sarta ngawangun témbok pikeun ngepung. 23 Tapi, jalma-jalma* nu geus sumpah bakal satia ka maranéhna* nganggap éta téh ramalan palsu. Sanajan kitu, raja Babilon téh inget kana kasalahan éta jalma-jalma sarta bakal néwak maranéhna.

24 ”Éta sababna ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Maranéh geus ngabolékérkeun kasalahan sorangan sarta teu éra némbongkeun dosa tina laku lampah maranéh. Éta sababna kasalahan maranéh diinget-inget. Ku lantaran diinget-inget, maranéh bakal dibawa paksa ku musuh.’

25 ”Éh para pamingpin Israél nu jahat, maranéh téh geus téréh paéh. Ayeuna waktuna maranéh dihukum. 26 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Laan éta sorban, buka éta makuta. Kaayaan ayeuna geus robah. Jalma leutik bakal diangkat, jalma penting bakal direndahkeun. 27 Rugrug, rugrug! Éta* ku Kuring rék dirugrugkeun. Éta moal jadi milik sasaha nepi ka nu boga hak datang, tuluy ku Kuring rék dibikeun ka manéhna.’

28 ”Anak manusa, geura ngaramal kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ngeunaan urang Ammon jeung panghina ti maranéhna.’ Kieu, ’Pedang! Pedang geus dicabut pikeun nyabetan, geus digosok nepi ka ngaburinyay kawas kilat pikeun ngamusnakeun. 29 Sanajan aya titingalian palsu jeung ramalan bohong ngeunaan manéh,* jalma-jalma manéh nu paéh bakal ditumpuk luhureun mayit-mayit séjén, luhureun jalma-jalma jahat. Waktuna jalma-jalma jahat éta dihukum téh geus datang. 30 Sarungkeun éta pedang. Kuring rék ngahukum manéh di tempat manéh dijurukeun, nyaéta di nagri asal manéh. 31 Kuring rék ngabudalkeun amarah Kuring ka manéh. Amarah Kuring nu kawas seuneu bakal ngaduruk manéh. Manéh ku Kuring bakal diserahkeun ka jalma-jalma telenges nu ahli ngamusnakeun. 32 Manéh bakal jadi bahan durukeun. Getih manéh bakal ngucur di nagri manéh. Manéh moal bakal diinget-inget deui, sabab Kuring, Yéhuwa, geus ngucap kitu.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun