PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 25
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Ramalan ngeunaan Ammon (1-7)

      • Ramalan ngeunaan Moab (8-11)

      • Ramalan ngeunaan Édom (12-14)

      • Ramalan ngeunaan Filistin (15-17)

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 25:1-17

Yéhézkiél

25 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, tempo urang Ammon. Sok ngaramal ngeunaan maranéhna. 3 Manéh kudu ngomong kieu ngeunaan urang Ammon, ’Déngékeun firman Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Waktu tempat suci Kuring dinajiskeun, nagri Israél kalantar, jeung urang Yéhuda diboyong ka pangbuangan, manéh mupuas. 4 Jadi, manéh ku Kuring rék diserahkeun ka jalma-jalma ti nagri Wétan. Maranéhna bakal masang pakémahan jeung masang ténda di tengah-tengah manéh. Maranéhna bakal ngadahar hasil panén manéh sarta nginum susu ti ingon-ingon manéh. 5 Raba rék dijadikeun tegal jukut keur onta-onta. Nagrina urang Ammon rék dijadikeun tempat reureuhna ingon-ingon. Ku kituna, manéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.”’”

6 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Manéh kekeprokan jeung jijingkrak, mani atoh moyokan nagri Israél. 7 Jadi, Kuring rék maké kawasa Kuring pikeun nyerahkeun manéh ka bangsa-bangsa sina dijarah. Kuring rék ngancurkeun manéh nepi ka manéh moal jadi bangsa deui. Kuring rék numpes manéh ngarah manéh nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’

8 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Ku sabab Moab jeung Séir ngomong, ”Urang Yéhuda mah teu béda ti bangsa séjén.” 9 Kuring rék ngantep kota-kota di wates Moab sina digempur, kaasup kota-kota nu pangéndahna di éta nagri, nyaéta Bét-yésyimot, Baal-méon, malahan nepi ka Kiriataim. 10 Urang Moab jeung urang Ammon ku Kuring rék diserahkeun ka jalma-jalma ti nagri Wétan ngarah urang Ammon teu diinget-inget deui di antara bangsa-bangsa. 11 Kuring rék ngahukum Moab, ku kituna maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’

12 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Édom geus ngabales urang Yéhuda. Kasalahanana gedé pisan lantaran ngabales maranéhna. 13 Jadi ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Kuring rék maké kawasa Kuring pikeun maéhan manusa jeung ingon-ingon nu aya di Édom. Éta nagri bakal dijadikeun kalantar. Pendudukna bakal diparaéhan ku pedang, ti Téman nepi ka Dédan. 14 ’Kuring rék ngagunakeun Israél umat Kuring pikeun ngabales Édom. Édom ku maranéhna bakal disina ngarasakeun hébatna amarah Kuring, disina nyarahoeun kumaha rasana dibales ku Kuring,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”’

15 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Ku sabab teu eureun-eureun ngamusuh ka Israél, urang Filistin hayang ngabales jeung ngancurkeun maranéhna kacida telengesna. 16 Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Kuring rék maké kawasa Kuring pikeun ngalawan urang Filistin. Urang Khéréti rék dimusnakeun, penduduk basisir nu harirup kénéh gé bakal dibasmi ku Kuring. 17 Maranéhna rék dibales ku Kuring bébéakan sina ngarasakeun hukuman-hukuman nu kacida beuratna. Ari geus dibales ku Kuring mah maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.”’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun