Yéhézkiél
32 Dina poé ka-1 bulan ka-12 taun ka-12,* Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, kawihkeun lagu sungkawa ngeunaan Firaun raja Mesir, sarta béjakeun kieu ka manéhna,
’Baheula manéh téh kawas singa ngora nu kuat* di antara bangsa-bangsa,
Tapi manéh geus dibungkem.
Baheula manéh téh kawas mahluk raksasa, kecebar-kecebur di walungan-walungan manéh.
Cai jadi kiruh jeung kotor da diaduk-aduk ku suku manéh.’
3 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
’Kuring rék ngagunakeun kumpulan bangsa-bangsa sina ngalungkeun jaring ka manéh,
Nya tangtu manéh bakal katéwak ku jaring Kuring.
4 Kuring rék ninggalkeun manéh di darat,
Rék ngalungkeun manéh ka tegalan.
Manuk-manuk di langit rék disina eunteup ka manéh.
Sato-sato galak di sakuliah bumi rék disina seubeuh ngahakanan daging manéh.
5 Daging manéh ku Kuring rék dialungkeun ka pagunungan.
Bangké manéh rék disina minuhan lebak-lebak.
6 Getih manéh rék disina nyebrot ngabaseuhan taneuh nepi ka gunung-gunung
Sarta minuhan walungan-walungan.’
7 ’Waktu manéh dibinasakeun, langit ku Kuring rék dirungkupan, béntang-béntang sina poék,
Panonpoé sina nyumput tukangeun méga,*
Bulan sina ulah cahayaan.
8 Gara-gara manéh, kabéh nu nyaangan langit ku Kuring rék dipareuman.
Nagri manéh rék diliputan ku poék,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.
9 ’Bangsa-bangsa bakal sarusah haté waktu Kuring ngaboyong jalma-jalma manéh ka bangsa-bangsa séjén,
Ka nagri-nagri nu teu dikenal ku manéh.
10 Bangsa-bangsa bakal ngajenghok,
Raja-rajana bakal ngadarégdég sarieuneun waktu Kuring ngayun-ngayun pedang ka manéh hareupeun maranéhna.
Maranéhna bakal terus ngadarégdég, sieun dipaéhan ogé,
Dina poéan manéh diancurkeun.’
11 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung,
’Pedang raja Babilon bakal narajang ka manéh.
12 Jalma-jalma manéh rék disina paéh ku pedang prajurit nu perkasa,
Nu kabéhanana téh asalna ti bangsa nu pangbengisna.
Nu diagulkeun ku Mesir bakal direndahkeun, jalma-jalmana bakal dimusnakeun.
13 Ingon-ingonna nu aya di sisi walungan gedé ku Kuring rék ditumpes.
Cai moal dikotoran deui ku suku jelema atawa sato.’
14 ’Dina mangsa éta, cai maranéhna rék dijadikeun hérang.
Walungan-walunganna gé rék disina ngocor kawas minyak,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.
15 ’Waktu Mesir dijadikeun nagri nu ancur jeung kalantar, jadi tanah nu teu dicicingan deui,
Sarta waktu kabéh pendudukna ditumpes ku Kuring,
Maranéhna bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.
16 Ieu téh lagu sungkawa, jalma-jalma bakal ngawihkeun ieu lagu.
Awéwé-awéwé ti bangsa-bangsa bakal ngawihkeun ieu lagu.
Maranéhna bakal ngawihkeun ieu lagu pikeun nyeungceurikan Mesir jeung jalma-jalmana,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”
17 Dina poé ka-15 bulan éta kénéh, dina taun ka-12, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka abdi, saur-Na, 18 ”Anak manusa, ceungceurikan jalma-jalma di Mesir sarta béjaan yén manéhna bakal dibawa turun ka jero taneuh, nyaéta manéhna jeung jalma-jalma ti bangsa-bangsa nu perkasa, bareng jeung jalma-jalma nu turun ka liang kubur.
19 ”’Pangrasa manéh, manéh téh leuwih geulis ti batur? Manéh kudu turun ka kuburan, ngagolér di dinya bareng jeung jalma-jalma nu teu disunat!’
20 ”’Urang Mesir bakal paéh bareng jeung jalma-jalma nu paéh ku pedang. Mesir geus dipasrahkeun ka pedang. Séréd manéhna bareng jeung jalma-jalmana.
21 ”’Ti Kuburan* nu jero, para prajurit nu paling perkasa bakal ngomong jeung Firaun sarta nu ngadukungna. Urang Mesir pasti bakal paéh ku pedang tuluy ngajoprak kawas jalma-jalma nu teu disunat. 22 Di dinya, aya Asiria jeung jalma-jalmana. Kuburan maranéhna ngurilingan manéhna.* Kabéhanana paraéh ku pedang. 23 Kuburan-kuburan urang Asiria aya di liang nu pangjerona. Jalma-jalmana nu paraéh tinggolépak di sabudeureun kuburan manéhna. Kabéhanana téh paraéh ku pedang, sabab waktu maranéhna harirup kénéh, maranéhna nyababkeun jalma-jalma sarieun.
24 ”’Di dinya téh aya Élam sarta jalma-jalmana nu ngurilingan kuburan manéhna. Kabéhanana paraéh ku pedang. Maranéhna turun ka jero taneuh bari ngarasa éra,* nyaéta nu keur harirupna téh ngalantarankeun jalma-jalma sarieun. Ayeuna, maranéhna bakal nanggung kaéra bareng jeung jalma-jalma nu turun ka liang kubur. 25 Kuburan geus disiapkeun keur Élam di antara jalma-jalma nu paraéh. Di sabudeureun éta kuburan, tinggolépak jalma-jalmana nu geus paraéh. Maranéhna kabéh téh teu disunat, kabéhanana dipaéhan ku pedang, sabab waktu maranéhna harirup kénéh, maranéhna nyababkeun jalma-jalma sarieun. Maranéhna bakal nanggung kaéra bareng jeung jalma-jalma nu turun ka liang kubur. Élam geus ditempatkeun di antara jalma-jalma nu paraéh.
26 ”’Di dinya, aya Mésyékh jeung Tubal bareng jeung jalma-jalmana. Manéhna* téh dikurilingan ku kuburan-kuburan maranéhna. Maranéhna kabéh téh teu disunat sarta ditubles ku pedang, sabab waktu maranéhna harirup kénéh, maranéhna nyababkeun jalma-jalma sarieun. 27 Maranéhna téh bakal ngajoprak bareng jeung para prajurit perkasa nu teu disunat nu geus paraéh, nu geus turun ka Kuburan* bareng jeung pakarang-pakarang perangna. Pedang-pedangna bakal diteundeun handapeun sirahna,* ari dosa-dosana dina tulang-tulangna, sabab waktu para prajurit perkasa ieu harirup kénéh, maranéhna nyababkeun jalma-jalma sarieun. 28 Tapi manéh* mah bakal diremukkeun bareng jeung jalma-jalma nu teu disunat. Manéh bakal ngajoprak bareng jeung jalma-jalma nu paraéh ku pedang.
29 ”’Édom aya di dinya, nyaéta raja-rajana jeung kabéh pamingpinna. Sanajan perkasa, maranéhna téh ngajoprak bareng jeung jalma-jalma nu dipaéhan ku pedang. Maranéhna gé bakal ngajoprak bareng jeung jalma-jalma nu teu disunat sarta jalma-jalma nu turun ka liang kubur.
30 ”’Di dinya téh aya kabéh pamingpin ti kalér bareng jeung kabéh urang Sidon, nu turun ka kuburan ku cara nu hina bareng jeung jalma-jalma nu dipaéhan, padahal baheula maranéhna téh dipikasieun ku jalma-jalma ku lantaran kaperkasaanana. Maranéhna bakal ngajoprak bareng jeung jalma-jalma nu paraéh ku pedang, teu disarunat. Maranéhna bakal nanggung kaéra bareng jeung jalma-jalma nu turun ka liang kubur.
31 ”’Éta kabéh bakal katempo ku Firaun. Manéhna bakal ngarasa reugreug waktu ningali naon nu kaalaman ku jalma-jalmana. Firaun jeung sakabéh pasukanna bakal dipaéhan ku pedang,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.
32 ”’Basa keur hirup kénéh téh Firaun ngalantarankeun jalma-jalma sarieun. Ku kituna, manéhna jeung jalma-jalmana bakal paéh ngajoprak bareng jeung nu teu disunat, bareng jeung jalma-jalma nu paéh ku pedang,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”