Yéhézkiél
35 Yéhuwa nepikeun deui firman-Na ka abdi, saur-Na, 2 ”Anak manusa, tempo daérah pagunungan Séir. Sok ngaramal ngeunaan éta. 3 Pék ngomong kieu, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Éh daérah pagunungan Séir, Kuring ngamusuh ka manéh. Kuring rék maké kawasa Kuring pikeun nyerang manéh sarta ngajadikeun manéh tempat nu ancur jeung kalantar. 4 Kota-kota manéh bakal dijadikeun ruruntuhan. Manéh bakal jadi tempat nu ancur jeung kalantar. Ku kituna, manéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa. 5 Éta téh lantaran manéh terus ngamusuh ka Israél. Maranéhna kalah ka diserahkeun pikeun dipaéhan waktu maranéhna katarajang ku musibat, nyaéta waktu maranéhna dihukum.”’
6 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Demi Kuring nu hirup, Kuring geus netepkeun manéh pikeun dipaéhan. Manéh bakal diudag ku pati. Manéh ijid kana getih jalma-jalma nu dipaéhan ku manéh, ku kituna manéh bakal diudag ku pati. 7 Daérah pagunungan Séir bakal dijadikeun tempat nu ancur jeung kalantar. Saha waé nu ngaliwat jeung balik ka dinya bakal dipaéhan ku Kuring. 8 Gunung-gunung manéh ku Kuring rék dipinuhan ku mayit-mayit. Nu paéh ku pedang bakal tinggolépak di pasir-pasir,* lebak-lebak, jeung walungan-walungan manéh. 9 Manéh rék dijadikeun tempat nu kalantar salilana. Kota-kota manéh moal dicicingan. Ku kituna, maranéh bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’
10 ”Ceuk manéh, ’Dua bangsa ieu jeung dua nagri ieu bakal jadi milik aing. Duanana bakal direbut ku aing,’ padahal Kuring, Yéhuwa, aya di dinya. 11 ’Manéh geus ambek, sirik, jeung ijid ka umat Kuring,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. ’Jadi demi Kuring nu hirup, nya Kuring gé bakal kitu ka manéh. Waktu Kuring ngahakiman manéh, umat Kuring bakal nyaho saha Kuring téh. 12 Manéh gé bakal nyaho yén Kuring, Yéhuwa, geus ngadéngé omongan manéh nu kurang ajar ngeunaan gunung-gunung Israél waktu manéh ngomong, ”Éta kabéh téh geus kalantar, geus dibikeun ka urang pikeun diancurkeun.” 13 Ku sombong-sombongna, maranéh ngagogoréng Kuring. Maranéh mangkali-kali ngahina ka Kuring. Éta kabéh kadéngé ku Kuring.’
14 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Sakuliah bumi bakal atoh waktu Kuring ngajadikeun manéh tempat nu ancur jeung kalantar. 15 Manéh atoh waktu tanah warisan urang Israél kalantar, nya manéh gé bakal dikitukeun ku Kuring. Éh daérah pagunungan Séir, nya manéh sakuliah Édom, manéh bakal jadi ruruntuhan nu kalantar. Ku kituna, jalma-jalma bakal nyaho yén Kuring téh Yéhuwa.’”