PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 40
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Yéhézkiél dibawa ka Israél dina titingalian (1, 2)

      • Yéhézkiél ningali bait dina titingalian (3, 4)

      • Buruan jeung gerbang (5-47)

        • Gerbang nu nyanghareup ka wétan (6-16)

        • Buruan luar; gerbang-gerbang séjénna (17-26)

        • Buruan jero jeung gerbang (27-37)

        • Rohangan-rohangan keur palayan bait (38-46)

        • Mézbah (47)

      • Tepas bait (48, 49)

Yéhézkiél 40:1

Catetan Handap

  • *

    As. ”panangan”.

Yéhézkiél 40:3

Catetan Handap

  • *

    Tingali Lamp. B14.

Yéhézkiél 40:5

Catetan Handap

  • *

    As. ”bumi”. Dina pasal 40-48, ieu kecap ngamaksudkeun bait atawa wilayah bait.

  • *

    As. ”panjangna 6 hasta, unggal hastana ditambahan sadampal leungeun”. Ieu téh hasta panjang. Tingali Lamp. B14.

Yéhézkiél 40:6

Catetan Handap

  • *

    Gerbang di dieu téh ngamaksudkeun wangunan gedé nu aya sababaraha rohangan di jerona.

Yéhézkiél 40:9

Catetan Handap

  • *

    As. ”ukuranana téh 8 hasta”.

  • *

    As. ”ukuranana 2 hasta”.

Yéhézkiél 40:11

Catetan Handap

  • *

    As. ”Panjangna téh 10 hasta”.

  • *

    As. ”panjangna téh 13 hasta”.

Yéhézkiél 40:12

Catetan Handap

  • *

    As. ”ukuranana 6 hasta”.

  • *

    As. ”jangkungna sahasta”.

Yéhézkiél 40:13

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi ngamaksudkeun bagian luhur témbok rohangan tukang jaga.

  • *

    As. ”ukuranana téh 25 hasta”.

Yéhézkiél 40:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”jangkungna 60 hasta”.

Yéhézkiél 40:15

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 50 hasta”.

Yéhézkiél 40:19

Catetan Handap

  • *

    As. ”nyaéta 100 hasta”.

Yéhézkiél 40:30

Catetan Handap

  • *

    As. ”lébarna 5 hasta”.

Yéhézkiél 40:42

Catetan Handap

  • *

    As. ”Panjangna 1,5 hasta, lébarna 1,5 hasta, ari jangkungna sahasta”.

Yéhézkiél 40:48

Catetan Handap

  • *

    As. ”lébarna 3 hasta”.

Yéhézkiél 40:49

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 20 hasta”.

  • *

    As. ”lébarna 11 hasta”. Atawa bisa jadi ”lébarna 12 hasta”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
  • 43
  • 44
  • 45
  • 46
  • 47
  • 48
  • 49
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 40:1-49

Yéhézkiél

40 Dina poé ka-10, bulan ka-1, taun ka-25 ti saprak abdi sadaya diboyong, nyaéta taun ka-14 sanggeus Yérusalém runtuh, dina poé éta pisan abdi ngarasakeun kawasa* Yéhuwa. Abdi dibawa ka éta kota. 2 Dina titingalian ti Allah, abdi dibawa ka nagri Israél tuluy diturunkeun di gunung nu kacida luhurna. Di dinya, aya nu kawas kota di beulah kidul.

3 Waktu dibawa ka ditu téh abdi ningali hiji lalaki anu awakna hérang kawas tambaga, keur nangtung di gerbang bari nyekel tali tina linén sarta tongkat paranti ngukur.* 4 Éta lalaki ngomong kieu ka abdi, ”Anak manusa, pék tilik-tilik sarta déngékeun bener-bener. Perhatikeun kabéh nu rék ditémbongkeun ku kuring ka manéh, da ieu maksudna manéh dibawa ka dieu téh. Caritakeun ka urang Israél kabéh nu ditempo ku manéh.”

5 Abdi ningali témbok di sakuriling buruan bait* beulah luar. Éta lalaki nyekel tongkat paranti ngukur nu panjangna kira-kira 3 méter.* Manéhna mimiti ngukur éta témbok, kandelna satongkat, jangkungna gé satongkat.

6 Geus kitu, manéhna asup ka gerbang* nu nyanghareup ka wétan, cat naék kana tétécéan. Manéhna ngukur rohangan sanggeus lawang asup, lébarna téh satongkat. Rohangan sanggeus lawang asup séjénna gé lébarna satongkat. 7 Unggal rohangan tukang jaga téh panjangna satongkat, lébarna gé satongkat. Jarak antara unggal rohangan téh kira-kira 2,5 méter. Béh ditueunana aya rohangan deui, lébarna téh satongkat. Ayana saacan tepas nu nyanghareup ka bait.

8 Tepas nu nyanghareup ka bait téh diukur, ukuranana satongkat. 9 Geus kitu manéhna ngukur tepas, ukuranana téh kira-kira 4 méter.* Terus, manéhna ngukur pilar-pilar nu aya di gigir. Unggal pilar téh ukuranana kira-kira saméter.* Tepas téh ayana di sisi nu nyanghareup ka bait.

10 Di gerbang wétan éta, unggal sisina aya tilu rohangan tukang jaga. Éta rohangan-rohangan téh ukuranana sarua. Pilar-pilar nu aya di unggal sisi gé ukuranana sarua.

11 Sanggeusna, manéhna ngukur lawang asup. Panjangna téh kira-kira 5 méter,* ari sisi luarna mah panjangna téh kira-kira 6,5 méter.*

12 Rohangan-rohangan tukang jaga nu aya di unggal sisi téh ukuranana kira-kira 3 méter.* Hareupeun unggal rohangan tukang jaga téh aya témbok nu jangkungna kira-kira satengah méter.*

13 Geus kitu, éta gerbang téh diukur ti hateup rohangan tukang jaga* nu hiji ka hateup rohangan tukang jaga peuntaseunana, ukuranana téh kira-kira 13 méter.* Lawang asup rohangan nu hiji pahareup-hareup jeung lawang asup rohangan nu hiji deui. 14 Terus pilar-pilar nu aya di unggal sisi téh diukur, jangkungna kira-kira 31 méter,* kitu ogé jeung pilar-pilar séjénna di unggal gerbang di sakuriling buruan. 15 Ti hareup lawang gerbang nepi ka hareup tepas nu nyanghareup ka bait téh panjangna kira-kira 26 méter.*

16 Di unggal sisi gerbang aya jandéla-jandéla anu liang beulah luarna leuwih leutik tibatan liang beulah jerona. Ayana téh di unggal rohangan tukang jaga jeung unggal pilar. Di masing-masing sisi tepas gé aya jandéla. Pilar-pilar diukir ku gambar tangkal palem.

17 Geus kitu abdi dibawa ka buruan luar. Di dinya aya rohangan-rohangan tempat dahar, kabéhanana téh aya 30 rohangan. Diwangunna di luhureun lanté nu ngurilingan éta buruan. 18 Lanté nu aya di kénca katuhueun gerbang-gerbang téh lébarna sarua jeung panjang gerbang-gerbang. Éta lanté téh leuwih handap tibatan buruan jero.

19 Ti dinya, manéhna ngukur jarak ti bagian hareup gerbang nu leuwih handap nepi ka gerbang nu brasna ka buruan jero. Boh ti gerbang wétan boh ti gerbang kalér jarakna téh sarua, nyaéta kira-kira 52 méter.*

20 Di buruan luar, aya gerbang nu nyanghareup ka kalér. Panjang jeung lébarna diukur ku manéhna. 21 Di unggal sisina, aya tilu rohangan tukang jaga. Pilar-pilar nu aya di sisi sarta tepas ukuranana téh sarua jeung nu aya di gerbang nu mimiti téa. Panjangna kira-kira 26 méter, lébarna kira-kira 13 méter. 22 Jandélana, tepasna, sarta ukiran gambar tangkal palem téh ukuranana sarua jeung nu aya di gerbang wétan téa. Jalma-jalma bisa asup ka dinya ku cara naék tétécéan tujuh umpak. Peuntaseun tétécéan téh aya tepas.

23 Di buruan jero, aya gerbang peuntaseun gerbang kalér, sarta aya hiji gerbang deui peuntaseun gerbang wétan. Waktu diukur, jarak antara gerbang nu hiji jeung nu hiji deui téh kira-kira 52 méter.

24 Geus kitu, abdi dibawa ka kidul. Di dinya gé aya hiji gerbang. Manéhna ngukur pilar-pilar nu aya di sisina sarta tepasna, ukuranana téh sarua jeung nu aya di gerbang-gerbang séjén. 25 Di unggal sisi sarta tepasna aya jandéla kawas nu séjén. Éta gerbang téh panjangna kira-kira 26 méter, lébarna kira-kira 13 méter. 26 Pikeun asup ka dinya, aya tétécéan tujuh umpak. Peuntaseun tétécéan téh aya tepas. Dina unggal pilar nu aya di sisi tepas téh aya ukiran gambar tangkal palem, hiji pilar di sisi nu ieu hiji pilar di sisi nu itu.

27 Di buruan jero, aya gerbang nu nyanghareup ka kidul. Manéhna ngukur jarak éta gerbang ka gerbang nu aya di kiduleunana. Jarakna téh kira-kira 52 méter. 28 Tuluy abdi dibawa ka buruan jero, asupna liwat gerbang kidul. Waktu éta gerbang diukur, ukuranana téh sarua kawas gerbang-gerbang séjén. 29 Rohangan-rohangan tukang jagana, pilar-pilarna, jeung tepasna, ukuranana gé sarua kawas nu séjén. Di unggal sisi sarta tepasna aya jandéla. Éta gerbang téh panjangna kira-kira 26 méter, lébarna kira-kira 13 méter. 30 Tepas di gerbang-gerbang nu brasna ka buruan jero téh panjangna kira-kira 13 méter, lébarna kira-kira 2,5 méter.* 31 Tepasna nyanghareup ka buruan luar. Dina unggal pilar nu aya di sisi tepas téh aya ukiran gambar tangkal palem. Pikeun asup ka dinya, aya tétécéan dalapan umpak.

32 Ti béh wétan, abdi dibawa ka buruan jero. Manéhna ngukur gerbangna, ukuranana téh sarua kawas gerbang-gerbang séjén. 33 Rohangan-rohangan tukang jagana, pilar-pilarna, jeung tepasna, ukuranana gé sarua kawas nu séjén. Di unggal sisi sarta tepasna aya jandéla. Éta gerbang téh panjangna kira-kira 26 méter, lébarna kira-kira 13 méter. 34 Tepasna nyanghareup ka buruan luar. Dina unggal pilar nu aya di sisi tepas téh aya ukiran gambar tangkal palem. Pikeun asup ka dinya aya tétécéan dalapan umpak.

35 Geus kitu, abdi dibawa ka gerbang kalér. Manéhna ngukur gerbangna, ukuranana téh sarua kawas gerbang-gerbang séjén. 36 Rohangan-rohangan tukang jagana, pilar-pilarna, jeung tepasna, ukuranana gé sarua kawas nu séjén. Di unggal sisina aya jandéla. Éta gerbang téh panjangna kira-kira 26 méter, lébarna kira-kira 13 méter. 37 Pilar-pilar gigireun tepas téh nyanghareup ka buruan luar. Dina unggal pilar nu aya di sisi tepas téh aya ukiran gambar tangkal palem. Pikeun asup ka dinya aya tétécéan dalapan umpak.

38 Di deukeut pilar-pilar nu aya di sisi gerbang-gerbang téh aya rohangan tempat dahar nu aya lawang asupna. Éta téh tempat paranti ngumbah kurban beuleuman.

39 Di unggal sisi tepas gerbang aya dua méja paranti meuncit kurban beuleuman, kurban pangampura dosa, jeung kurban kasalahan. 40 Di deukeut gerbang kalér, di luar lawang asup, aya méja-méja. Di masing-masing sisi aya dua méja di luareun tepas. 41 Jadi kabéhanana téh aya dalapan méja paranti meuncit sato kurban, opat di jero, opat di luar gerbang. 42 Opat méja paranti kurban beuleuman téh dijieunna tina batu potongan. Panjangna kira-kira tilu parapat méter, lébarna kira-kira tilu parapat méter, ari jangkungna kira-kira satengah méter.* Dina méja-méja éta, aya parabot paranti meuncit kurban beuleuman jeung kurban séjénna. 43 Di sakuriling témbok beulah jero dipasang rak-rak nu lébarna sadampal leungeun. Daging kurban téh diteundeun dina méja-méja éta.

44 Di luar gerbang jero, aya rohangan-rohangan tempat dahar keur jurukawih. Éta rohangan-rohangan téh ayana di buruan jero, di deukeut gerbang kalér, nyanghareupna ka kidul. Ari rohangan tempat dahar séjénna aya di deukeut gerbang wétan, nyanghareupna ka kalér.

45 Manéhna ngomong kieu ka abdi, ”Rohangan tempat dahar nu nyanghareup ka kidul téh keur para imam nu boga tugas di bait. 46 Rohangan tempat dahar nu nyanghareup ka kalér téh keur para imam nu boga tugas di mézbah. Maranéhna téh turunan Zadok, nyaéta urang Léwi nu dibéré tugas pikeun ngalalayanan hareupeun Yéhuwa.”

47 Tuluy manéhna ngukur buruan jero. Bangunna téh pasagi, panjangna kira-kira 52 méter, lébarna gé kira-kira 52 méter. Mézbah téh aya di hareupeun bait.

48 Ti dinya abdi dibawa ka tepas bait. Manéhna ngukur pilar-pilar gigireun tepas. Panjangna téh kira-kira 2,5 méter, lébarna kira-kira 1,5 méter.* Pilar nu hiji aya di katuhu, pilar nu hiji deui aya di kénca.

49 Éta tepas téh panjangna kira-kira 10 méter,* lébarna kira-kira 5,5 méter.* Jalma-jalma bisa asup ka dinya ku cara naék tétécéan. Gigireun pilar-pilar nu tadi téa aya pilar-pilar deui, hiji di katuhu hiji di kénca.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun