PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 43
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Kamulyaan Yéhuwa minuhan bait (1-12)

      • Mézbah (13-27)

Yéhézkiél 43:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”Anjeunna”.

Yéhézkiél 43:5

Catetan Handap

  • *

    Kecap aslina bisa ngamaksudkeun kawasa suci atawa mahluk roh.

Yéhézkiél 43:7

Catetan Handap

  • *

    Katingalina nepikeun pesen ti Allah.

  • *

    Atawa ”ngalacur ka allah-allah séjén”.

Yéhézkiél 43:9

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”kudu eureun ngalacur ka allah-allah séjén”.

Yéhézkiél 43:13

Catetan Handap

  • *

    Dina naskah Ibranina, mézbah téh diukurna maké hasta panjang (51,8 sénti). Tingali Yéh 40:5.

  • *

    As. ”Jangkungna sahasta”. Tingali Lamp. B14.

  • *

    Nyaéta kira-kira 22 sénti. Tingali Lamp. B14.

Yéhézkiél 43:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”jangkungna 2 hasta”.

  • *

    As. ”jangkungna 4 hasta”.

Yéhézkiél 43:16

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 12 hasta, lébarna gé 12 hasta”.

Yéhézkiél 43:17

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 14 hasta, lébarna 14 hasta”.

  • *

    As. ”kandelna satengah hasta”.

Yéhézkiél 43:27

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta umat.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 43:1-27

Yéhézkiél

43 Geus kitu, abdi dibawa ku manéhna ka gerbang nu nyanghareup ka wétan. 2 Bray ti beulah wétan katingali kamulyaan Allah Israél, sora Anjeunna kawas sora cai ngaguruh. Sakuliah bumi kacaangan ku kamulyaan Anjeunna. 3 Naon nu ditempo ku abdi téh sarua kawas titingalian nu ditempo basa abdi* datang rék ngancurkeun éta kota, ampir sarua jeung nu ditempo ku abdi di deukeut Walungan Khébar. Bruk abdi sujud kana taneuh.

4 Geus kitu, kamulyaan Yéhuwa asup ka jero bait. Asupna ti gerbang nu nyanghareup ka wétan. 5 Abdi diangkat ku hiji kakuatan* tuluy dibawa ka buruan jero. Bait téh dipinuhan ku kamulyaan Yéhuwa. 6 Terus, aya jalma nu ngomong ka abdi ti jero bait. Éta jalma kaluar tuluy nangtung gigireun abdi. 7 Manéhna ngomong,*

”Anak manusa, ieu tempat téh tahta Kuring sarta tatapakan dampal suku Kuring, tempat Kuring matuh di antara urang Israél salilana. Baheula urang Israél, nya maranéhna jeung raja-rajana, teu satia ka Kuring* sarta nyieun berhala-berhala nu dijadikeun raja. Tapi, ayeuna mah maranéhna moal bakal nganajisan deui ngaran Kuring nu suci kawas baheula. 8 Maranéhna nyieun lawang asup kuilna gigireun lawang asup bait Kuring sarta nyieun kusén panto kuilna gigireun kusén panto bait Kuring, ngan kahalangan ku témbok salapis. Maranéhna gé ngalampahkeun hal-hal nu pikaijideun, nu ngalantarankeun ngaran Kuring nu suci jadi najis. Ku kituna, Kuring ngamusnakeun maranéhna bakating ku ambek. 9 Ayeuna, maranéhna kudu ngeureunkeun kalakuanana nu teu satia* sarta nyingkirkeun sing jauh berhala-berhalana nu dijadikeun raja. Lamun geus kitu, kakara Kuring daék matuh di antara maranéhna salilana.

10 ”Éh anak manusa, jelaskeun siga kumaha bait téh ka urang Israél, ngarah maranéhna ngarasa éra ku lantaran kasalahanana. Maranéhna kudu nalungtik ieu rancangan. 11 Lamun maranéhna ngarasa éra kana kalakuanana, manéh kudu ngagambar rancangan éta bait hareupeun maranéhna. Témbongkeun posisina, jalan kaluarna, jeung lawang asupna. Témbongkeun sakabéh rancangan bait, sarta béjakeun aturan jeung hukumna, ngarah maranéhna bisa merhatikeun éta rancangan jeung ngajalankeun aturanana. 12 Ieu hukum ngeunaan bait: Sakuliah daérah di sakuriling puncak gunung téh kacida sucina. Tah éta hukum ngeunaan bait téh.

13 ”Ieu ukuran dasar mézbah:* Jangkungna kira-kira satengah méter.* Di unggal sisi, ieu mézbah téh leuwih lébar kira-kira satengah méter tibatan umpak luhureunana. Di unggal sisina, aya elis nu kandelna sajeungkal.* 14 Umpak nu kadua jangkungna kira-kira saméter.* Di unggal sisina, umpak nu kadua téh leuwih lébar kira-kira satengah méter tibatan umpak nu katilu. Umpak nu katilu jangkungna kira-kira 2 méter.* Di unggal sisina, umpak nu katilu téh leuwih lébar kira-kira satengah méter tibatan umpak nu pangluhurna. 15 Umpak pangluhurna téh paranti meuleum, jangkungna kira-kira 2 méter. Dina opat juruna aya tanduk. 16 Umpak nu pangluhurna bangunna téh pasagi, panjangna kira-kira 6 méter, lébarna gé kira-kira 6 méter.* 17 Umpak nu katilu panjangna kira-kira 7 méter, lébarna kira-kira 7 méter.* Di sakuriling umpak nu katilu, aya elis nu kandelna kira-kira 25 sénti.* Unggal sisi dasar mézbah téh leuwih lébar kira-kira satengah méter tibatan umpak luhureunana.

”Tanggana nyanghareup ka wétan.”

18 Sanggeusna, manéhna ngomong kieu ka abdi, ”Anak manusa, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Ieu téh pituduh nu kudu dituturkeun waktu éta mézbah dijieun. Éta kudu dituturkeun waktu ngabaktikeun kurban beuleuman sarta waktu ngéprét-ngéprétkeun getih kana mézbah.’

19 ”’Pikeun kurban pangampura dosa, manéh kudu méré sapi jalu ngora ka para imam Léwi turunan Zadok nu ngalalayanan hareupeun Kuring,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. 20 ’Cokot getih sawaréh tuluy ulaskeun kana opat tanduk mézbah, kana opat juru umpak nu katilu, jeung kana elis sakurilingeunana, ngarah éta mézbah jadi murni jeung suci. 21 Sanggeusna, bawa sapi jalu ngora nu rék dijadikeun kurban pangampura dosa pikeun dibeuleum di tempat nu geus ditangtukeun di bait, nyaéta di luareun tempat suci. 22 Isukna, baktikeun embé jalu nu séhat pikeun jadi kurban pangampura dosa. Mézbah bakal disucikeun, sakumaha para imam nyucikeunana maké getih sapi jalu ngora.’

23 ”’Sanggeus éta mézbah bérés disucikeun, sok baktikeun hiji sapi jalu ngora jeung hiji domba jalu, duanana kudu nu séhat. 24 Baktikeun éta kabéh ka Yéhuwa. Ku para imam kudu dipurulukan ku uyah sarta dibaktikeun jadi kurban beuleuman ka Yéhuwa. 25 Salila tujuh poé, unggal poé baktikeun hiji embé jalu pikeun jadi kurban pangampura dosa, hiji sapi jalu ngora, jeung hiji domba jalu. Kabéhanana teu meunang aya nu cacad. 26 Salila tujuh poé, para imam kudu nyucikeun éta mézbah, ngarah éta mézbah siap dipaké. 27 Sanggeus liwat tujuh poé, dina poé kadalapan jeung saterusna, para imam bakal ngabaktikeun kurban beuleuman jeung kurban karukunan maranéh* dina mézbah. Mun geus kitu, maranéh bakal dipikaresep ku Kuring,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun