PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 45
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Sumbangan nu suci jeung kota (1-6)

      • Bagian pamingpin (7, 8)

      • Pamingpin kudu jujur (9-12)

      • Sumbangan ti rahayat jeung pamingpin (13-25)

Yéhézkiél 45:1

Catetan Handap

  • *

    As. ”Panjangna 25.000 hasta, lébarna 10.000 hasta”. Ieu téh hasta panjang. Tingali Lamp. B14.

Yéhézkiél 45:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Ukuranana téh 500 hasta kali 500 hasta”. As. ”Ukuranana téh 500 kali 500”.

  • *

    As. ”lébarna 50 hasta”.

Yéhézkiél 45:6

Catetan Handap

  • *

    As. ”lébarna 5.000 hasta”.

Yéhézkiél 45:10

Catetan Handap

  • *

    Tingali Lamp. B14.

  • *

    Tingali Lamp. B14.

Yéhézkiél 45:11

Catetan Handap

  • *

    Tingali Lamp. B14.

Yéhézkiél 45:12

Catetan Handap

  • *

    Tingali Lamp. B14.

  • *

    Tingali Lamp. B14.

  • *

    As. ”mané”. Tingali ”Mina” dina Lamp. B14.

Yéhézkiél 45:14

Catetan Handap

  • *

    Tingali Lamp. B14.

Yéhézkiél 45:24

Catetan Handap

  • *

    Tingali Lamp. B14.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 45:1-25

Yéhézkiél

45 ”’Waktu maranéh ngabagi-bagi tanah warisan, maranéh kudu nyumbangkeun tanah ka Yéhuwa pikeun jadi bagian nu suci. Panjangna kira-kira 13 kilométer, lébarna kira-kira 5 kilométer.* Sakuliah éta daérah bakal jadi bagian nu suci. 2 Di dinya, kudu aya pétak pasagi pikeun tempat suci. Ukuranana téh kira-kira 260 méter kali 260 méter.* Di unggal sisina kudu aya tegal jukut nu lébarna kira-kira 26 méter.* 3 Manéh kudu ngukur éta tanah, panjangna kira-kira 13 kilométer, lébarna kira-kira 5 kilométer. Di dinya, bakal aya bait, tempat nu kacida sucina. 4 Éta tanah bakal jadi bagian nu suci keur para imam, nu ngalalayanan di bait hareupeun Yéhuwa. Éta bakal jadi tempat keur imah-imah maranéhna sarta tempat suci keur bait.

5 ”’Urang Léwi nu ngalalayanan di bait bakal dibéré tanah, panjangna téh kira-kira 13 kilométer, lébarna kira-kira 5 kilométer. Maranéhna gé bakal dibéré 20 rohangan tempat dahar.

6 ”’Keur wilayah kota, maranéh kudu méré daérah nu panjangna kira-kira 13 kilométer (panjangna sarua jeung daérah suci nu disumbangkeun), lébarna kira-kira 2,5 kilométer.* Éta bakal jadi milik sakabéh urang Israél.

7 ”’Pamingpin bakal dibéré tanah di beulah kulon jeung beulah wétan, nyaéta di gigireun daérah suci nu disumbangkeun sarta wilayah kota. Ti wates kulon nepi ka wates wétan, panjang tanahna kudu sarua jeung panjang tanah salah sahiji kaom. 8 Éta tanah bakal jadi milik pamingpin di Israél. Para pamingpin moal bakal nindes ka umat Kuring deui. Maranéhna bakal ngabagi-bagi tanah ka urang Israél nurutkeun kaomna masing-masing.’

9 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Hé para pamingpin Israél, maranéh téh mani teungteuingeun!’

”’Geura eureun tina kalakuan maranéh nu telenges jeung sok nindes, lampahkeun naon nu adil jeung bener. Ulah ngarampas tanah milik umat Kuring deui,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. 10 ’Maranéh kudu maké timbangan, takeran éfa,* jeung takeran bat* nu bener. 11 Takeran éfa jeung takeran bat kudu geus ditangtukeun ukuranana. Hiji bat téh sarua jeung sapersapuluh homér,* hiji éfa sarua jeung sapersapuluh homér. Nu jadi patokan takeran téh nyaéta homér. 12 Hiji syékel* téh sarua jeung 20 géra.* Dua puluh syékel ditambah 25 syékel ditambah 15 syékel téh sarua jeung hiji mina.’*

13 ”’Ieu nu kudu disumbangkeun: Ti hiji homér gandum, sumbangkeun sapergenep éfa. Ti hiji homér barli, sumbangkeun sapergenep éfa. 14 Minyak nu disumbangkeun téh kudu ditaker maké takeran bat. Hiji bat téh sapersapuluh kor.* Sapuluh bat téh hiji homér, sabab sapuluh bat sarua jeung hiji homér. 15 Ti ingon-ingon Israél, nu kudu disumbangkeun téh 1 tina 200 domba. Éta kabéh bakal jadi kurban kadaharan, kurban beuleuman, jeung kurban karukunan, ngarah jalma-jalma bisa dihampura,’ ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.

16 ”’Sakabéh rahayat nagri bakal méré éta sumbangan ka pamingpin di Israél. 17 Éta pamingpin bakal tanggung jawab kana kurban beuleuman, kurban kadaharan, jeung kurban inuman salila aya perayaan, bulan anyar, Sabat, jeung sakabéh perayaan nu ditangtukeun keur urang Israél. Manéhna bakal nyadiakeun kurban pangampura dosa, kurban kadaharan, kurban beuleuman, jeung kurban karukunan, ngarah urang Israél bisa dihampura.’

18 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Dina poé kahiji bulan kahiji, manéh kudu nyokot hiji sapi jalu ngora nu séhat tuluy nyucikeun bait. 19 Imam bakal nyokot getih kurban pangampura dosa saeutik, tuluy éta diulaskeun kana tihang panto bait, kana opat juru mézbah dina umpak nu katilu, sarta kana tihang panto gerbang buruan jero. 20 Dina poé katujuh gé kudu kitu, demi saha waé nu boga dosa lantaran teu kahaja atawa lantaran teu nyaho. Ku cara kitu bait disucikeun.

21 ”’Dina poé ka-14 bulan ka-1, maranéh kudu ngayakeun perayaan Paskah. Salila tujuh poé, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian. 22 Dina poé éta, pamingpin bakal nyadiakeun hiji sapi jalu ngora pikeun kurban pangampura dosa. Éta téh demi dirina jeung demi sakabéh rahayat éta nagri. 23 Salila tujuh poé perayaan, unggal poéna manéhna kudu nyadiakeun tujuh sapi jalu ngora nu séhat jeung tujuh domba jalu nu séhat pikeun jadi kurban beuleuman keur Yéhuwa. Salian ti éta, unggal poéna manéhna gé kudu nyadiakeun hiji embé jalu pikeun jadi kurban pangampura dosa. 24 Manéhna kudu nyadiakeun kurban kadaharan, nyaéta tipung saéfa pikeun unggal sapi jalu ngora, jeung tipung saéfa pikeun unggal domba jalu, manéhna gé kudu nyadiakeun minyak sahin* pikeun tipung unggal éfana.

25 ”’Dina poé ka-15 bulan ka-7, salila tujuh poé perayaan, manéhna kudu nyadiakeun kurban nu kawas tadi, nyaéta kurban pangampura dosa, kurban beuleuman, kurban kadaharan, jeung minyak.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun