PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 46
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Pangbakti dina perayaan-perayaan (1-15)

      • Warisan tanah para pamingpin (16-18)

      • Tempat ngulub kurban (19-24)

Yéhézkiél 46:5

Catetan Handap

  • *

    Tingali Lamp. B14.

  • *

    Tingali Lamp. B14.

Yéhézkiél 46:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”usim”.

Yéhézkiél 46:22

Catetan Handap

  • *

    As. ”panjangna 40 hasta, lébarna 30 hasta”. Tingali Lamp. B14.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 46:1-24

Yéhézkiél

46 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Gerbang buruan jero nu nyanghareup ka wétan kudu terus nutup salila genep poé digawé. Tapi dina poé Sabat sarta poé bulan anyar, éta gerbang kudu dibuka. 2 Ti buruan luar, pamingpin bakal asup ka tepas gerbang tuluy nangtung deukeut tihang panto gerbang. Para imam bakal ngabaktikeun kurban beuleuman sarta kurban karukunan nu dibawa ku éta pamingpin. Geus kitu, éta pamingpin bakal sujud deukeut lawang gerbang tuluy kaluar. Nepi ka peuting, éta gerbang teu meunang ditutup. 3 Rahayat éta nagri gé bakal sujud hareupeun Yéhuwa di lawang asup gerbang dina poé Sabat sarta bulan anyar.

4 ”’Dina poé Sabat, kurban beuleuman nu dibawa ku pamingpin ka Yéhuwa téh nyaéta genep anak domba jalu sarta hiji domba jalu nu saréhat. 5 Keur domba jalu, manéhna kudu méré tipung saéfa* pikeun jadi kurban kadaharan. Ari keur anak-anak domba jalu mah manéhna meunang méré naon waé sakumaha kasanggupanana, keur tipung saéfa kudu ditambahan minyak sahin.* 6 Dina poé bulan anyar, nu kudu dibaktikeun téh nyaéta hiji sapi jalu ngora, genep anak domba jalu, sarta hiji domba jalu. Kabéhanana téh kudu nu séhat. 7 Kurban kadaharan nu kudu dibaktikeun téh nyaéta tipung saéfa pikeun sapi jalu ngora, sarta tipung saéfa pikeun domba jalu. Ari keur anak-anak domba jalu mah manéhna meunang méré naon waé sakumaha kasanggupanana. Unggal tipung saéfa kudu ditambahan minyak sahin.

8 ”’Lamun pamingpin rék asup, manéhna kudu asup ngaliwatan tepas gerbang, kaluarna gé nya kudu ti dinya. 9 Lamun rahayat éta nagri rék datang ka hareupeun Yéhuwa pikeun ibadah salila perayaan, saha waé nu asup ka buruan luar ngaliwatan gerbang kalér, kaluarna kudu ngaliwatan gerbang kidul. Ari nu asupna ngaliwatan gerbang kidul, kaluarna kudu ngaliwatan gerbang kalér. Teu meunang aya nu kaluar asup ngaliwatan gerbang nu sarua, kudu ngaliwatan gerbang peuntaseunana. 10 Waktu rahayat asup, pamingpin gé kudu milu asup. Waktu maranéhna kaluar, pamingpin gé kudu milu kaluar. 11 Dina usum* perayaan sarta dina perayaan séjénna, kurban kadaharan nu kudu dibaktikeun téh nyaéta tipung saéfa pikeun sapi jalu ngora, sarta tipung saéfa pikeun domba jalu. Ari keur anak-anak domba jalu mah manéhna meunang méré naon waé sakumaha kasanggupanana. Unggal tipung saéfa kudu ditambahan minyak sahin.

12 ”’Lamun pamingpin nyadiakeun kurban beuleuman atawa kurban karukunan pikeun dijadikeun kurban sukaréla keur Yéhuwa, gerbang nu nyanghareup ka wétan kudu dibuka keur manéhna. Manéhna bakal nyadiakeun kurban beuleuman sarta kurban karukunan sakumaha nu dilampahkeun ku manéhna dina poé Sabat. Sanggeus manéhna kaluar, gerbangna kudu ditutup deui.

13 ”’Unggal poé, domba jalu nu séhat nu umurna sataun atawa kurang kudu disadiakeun pikeun dijadikeun kurban beuleuman keur Yéhuwa. Ieu kudu dilampahkeun unggal isuk. 14 Salian ti éta, unggal isuk sadiakeun ogé sapergenep éfa tipung pikeun dijadikeun kurban kadaharan, sarta sadiakeun sapertilu hin minyak pikeun diképrétkeun kana tipung lemes éta. Ieu téh kurban kadaharan nu rutin keur Yéhuwa. Ieu aturan téh keur salilana. 15 Unggal isuk, sadiakeun ogé anak domba jalu, kurban kadaharan, jeung minyak pikeun jadi kurban beuleuman nu rutin.’

16 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Lamun pamingpin méré tanah ka unggal anakna nu lalaki pikeun jadi warisan, éta bakal jadi milik anak-anakna. Éta téh tanah warisan milik maranéhna. 17 Tapi lamun manéhna méré tanah warisanana ka salah sahiji palayanna, éta tanah bakal jadi milik éta palayan nepi ka taun kabébasan. Geus kitu, éta tanah bakal dipulangkeun deui ka éta pamingpin. Ngan anak-anakna nu meunang ngamilik éta tanah warisan pikeun salilana. 18 Tanah warisan batur teu meunang dirampas ku pamingpin ku cara ngusir maranéhna ti tanahna. Tanah warisan nu kudu dibikeun ka anak-anakna téh nya tanah milikna sorangan. Ku kituna, euweuh umat Kuring nu diusir tina tanahna.’”

19 Geus kitu, abdi dibawa asup ngaliwatan lawang asup ka rohangan-rohangan tempat dahar nu suci keur para imam nu nyanghareup ka kalér. Éta lawang téh ayana di gigireun gerbang. Di dinya, abdi ningali hiji tempat nu aya di tukang, di beulah kulon. 20 Manéhna ngomong kieu ka abdi, ”Ieu téh tempat para imam ngulub kurban kasalahan sarta kurban pangampura dosa. Di dieu gé maranéhna manggang kurban kadaharan. Ku kituna, maranéhna teu mawa nanaon ka buruan luar sarta teu ngalantarankeun jalma-jalma jadi suci.”

21 Geus kitu, abdi dibawa ka buruan luar. Ku manéhna dituduhkeun opat juru buruan. Di masing-masing juruna téh aya buruan deui. 22 Di unggal juru buruan luar téh aya buruan-buruan leutik, panjangna kira-kira 20 méter, lébarna kira-kira 15 méter.* Opat buruan téh ukuranana sarua. 23 Unggal buruan téh dikurilingan ku témbok pendék. Di bagian handap éta témbok aya tempat-tempat paranti ngulub kurban. 24 Geus kitu, manéhna ngomong kieu ka abdi, ”Ieu téh dapur, tempat palayan bait ngulub kurban ti rahayat.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun