PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 5
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Gambaran rugrugna Yérusalém (1-17)

        • Buuk éta nabi dicukur tuluy dibagi tilu (1-4)

        • Yérusalém leuwih parah tibatan bangsa-bangsa séjén (7-9)

        • Nu barontak bakal dihukum ku tilu cara (12)

Yéhézkiél 5:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”bakal ngajadikeun manéh saeutik”.

Yéhézkiél 5:16

Catetan Handap

  • *

    As. ”Kuring rék motongkeun tongkat roti”. Bisa jadi ieu téh ngamaksudkeun tongkat paranti ngagantung roti.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 5:1-17

Yéhézkiél

5 ”Anak manusa, cokot pedang nu seukeut pikeun dijadikeun péso cukur. Cukur buuk jeung janggot manéh, buukna timbang dina timbangan tuluy bagi tilu. 2 Nu sapertilu duruk di jero kota sanggeus éta kota bérés dikepung. Nu sapertilu cacag ku pedang di sakuriling kota. Nu sapertilu deui awurkeun sina kabawa ku angin, éta bakal diberik ku pedang Kuring.

3 ”Ti bagian nu pandeuri, cokot buuk sababaraha lambar tuluy bungkus dina lipetan baju manéh. 4 Cokot deui sababaraha lambar tuluy purulukkeun kana seuneu nepi ka béak kaduruk. Seuneuna bakal nyebar ka sakabéh urang Israél.

5 ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Ieu téh ngamaksudkeun Yérusalém. Kuring geus nempatkeun manéhna di tengah bangsa-bangsa. Manéhna dikurilingan ku nagri-nagri séjén. 6 Tapi manéhna barontak, teu nuturkeun putusan hukum jeung aturan Kuring. Manéhna leuwih jahat tibatan bangsa-bangsa jeung nagri-nagri di sakurilingna. Putusan hukum Kuring ditolak, aturan Kuring gé teu dijalankeun.’

7 ”Ku sabab éta, ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Manéh leuwih ngajengkelkeun tibatan bangsa-bangsa di sakuriling manéh. Manéh teu ngajalankeun aturan jeung putusan hukum Kuring. Sabalikna, manéh kalah ka nuturkeun putusan hukum bangsa-bangsa di sakuriling manéh. 8 Ku kituna ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ”Hé Yérusalém, Kuring ngamusuh ka manéh. Kuring sorangan nu bakal ngahukum manéh. Éta bakal kasaksian ku bangsa-bangsa séjén. 9 Nu rék dilampahkeun ku Kuring téh can pernah dilampahkeun saacanna sarta moal bakal dilampahkeun deui. Bongan lalampahan manéh pikaijideun.

10 ”’”Bapa bakal ngahakan anakna, anak gé bakal ngahakan bapana. Kuring bakal ngahukum manéh. Nu harirup kénéh bakal dipabalencarkeun ku Kuring ka sagala arah.”’

11 ”Ceuk Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ’Demi Kuring nu hirup, Kuring gé bakal nolak manéh* lantaran manéh geus nganajisan tempat suci Kuring ku berhala-berhala manéh nu pikageuleuheun sarta lalampahan manéh nu pikaijideun. Kuring moal karunya moal paduli. 12 Sapertilu ti manéh bakal paéh ku wabah panyakit atawa binasa ku kalaparan. Sapertilu bakal paéh ku pedang di sakuriling kota. Sapertilu deui ku Kuring rék dipabalencarkeun ka sagala arah, sina diberik ku pedang. 13 Mun geus kitu mah Kuring moal ambek deui. Amarah Kuring lalaunan bakal sirna, da Kuring geus puas. Sanggeus Kuring bérés ngabudalkeun amarah Kuring ka maranéhna, maranéhna bakal nyaho yén Kuring, Yéhuwa, geus maréntahkeun maranéhna pikeun ngabdi ngan ka Kuring wungkul.

14 ”’Éh Yérusalém, manéh ku Kuring rék diancurkeun. Manéh gé bakal direndahkeun ku bangsa-bangsa di sakuriling manéh jeung ku jalma-jalma nu laliwat. 15 Waktu manéh diamuk ku amarah Kuring nu ngagedur tuluy dihukum, manéh bakal direndahkeun jeung dihina sarta jadi paringetan nu pikasieuneun keur bangsa-bangsa di sakuriling manéh. Kuring, Yéhuwa, geus ngucap kitu.

16 ”’Kuring rék ngadatangkeun kalaparan nu bakal ngabinasakeun manéh, kawas anak-anak panah nu narajang. Manéh bakal binasa ku lantaran éta anak-anak panah. Kalaparanana bakal beuki parah lantaran Kuring rék ngurangan pasadiaan dahareun* manéh. 17 Kuring rék ngadatangkeun kalaparan sarta sato-sato galak. Anak-anak manéh bakal paéh ku lantaran éta kabéh. Wabah panyakit jeung pedang bakal narajang ka manéh. Kuring, Yéhuwa, geus ngucap kitu.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun