PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Yéhézkiél 9
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Yéhézkiél

      • Genep lalaki sarta hiji lalaki nu mawa parabot tulis (1-11)

        • Hukuman dimimitian ti tempat suci (6)

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Yéhézkiél 9:1-11

Yéhézkiél

9 Geus kitu Anjeunna ngagentra kieu, ”Geroan jalma-jalma nu bakal ngahukum ieu kota. Masing-masing kudu mawa pakarang pikeun ngancurkeun!”

2 Katingali genep lalaki datang ti arah gerbang luhur nu nyanghareup ka kalér, masing-masing mawa panggebug. Aya ogé hiji lalaki nu maké baju linén, dina cangkéngna aya wadah parabot tulis sékertaris. Maranéhna asup tuluy nangtung gigireun mézbah tambaga.

3 Geus kitu kamulyaan Allah Israél, nu tadina aya di luhureun kérub-kérub, ayeuna pindah ka lawang bait. Tuluy Anjeunna nyalukan lalaki nu maké baju linén, nu dina cangkéngna aya wadah parabot tulis sékertaris. 4 Yéhuwa nyarios ka manéhna, ”Ideran sakuliah kota, sakuliah Yérusalém. Tandaan tarang jalma-jalma nu sarusah haté jeung sangsara ku lantaran sakabéh hal pikaijideun nu dilampahkeun di ieu kota.”

5 Ari ka nu séjén mah Anjeunna nyarios kieu, ”Tuturkeun manéhna ngideran sakuliah kota, teunggeul jalma-jalma. Maranéh kudu téga, ulah karunya. 6 Lalaki nu geus kolot, jajaka, mojang, budak leutik, jeung awéwé, paéhan kabéh nepi ka teu nyésa. Tapi, jalma nu ditandaan mah ulah dipaéhan. Pék mimitian ti tempat suci Kuring.” Prak maranéhna ngamimitian maéhan para kokolot nu aya di hareupeun bait. 7 Anjeunna nyarios deui ka maranéhna, ”Bait téh najiskeun, pinuhan buruanna ku mayit-mayit. Sok geura indit!” Bral maranéhna indit maéhan jalma-jalma di kota.

8 Jalma-jalma téh diparaéhan ku maranéhna, ngan abdi nu henteu. Bruk abdi sujud tuluy ngajerit, ”Duh Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung! Gusti téh badé numplekkeun amarah Gusti ka Yérusalém kitu, dugi ka maéhan sadaya urang Israél nu nyésa?”

9 Anjeunna nyarios ka abdi, ”Kasalahan urang Israél jeung Yéhuda téh geus kacida, kacida gedéna. Sakuliah nagri pinuh ku getih jalma-jalma nu dipaéhan. Sakuliah kota pinuh ku jalma-jalma nu teu adil. Ceuk maranéhna, ’Yéhuwa téh teu ningali urang, da Yéhuwa geus ninggalkeun ieu nagri.’ 10 Jadi Kuring mah moal karunya moal paduli. Maranéhna sina ngarasakeun balukar tina kalakuanana.”

11 Geus kitu, katingali lalaki nu maké baju linén téa, dina cangkéngna aya wadah parabot tulis. Manéhna datang jeung ngomong, ”Sadaya nu diparéntahkeun ku Gusti téh tos dilaksanakeun.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun