Daniél
1 Dina taun katilu pamaréntahan Yéhoyakim raja Yéhuda, Nébukhadnézar raja Babilon datang tuluy ngepung Yérusalém. 2 Yéhuwa ngidinan manéhna ngéléhkeun Yéhoyakim raja Yéhuda sarta mawaan sababaraha parabot ti bumina* Allah nu sajati. Éta kabéh dibawa ku manéhna ka kuil déwana di tanah Syinar,* diteundeun di tempat panyimpenan harta déwana.
3 Tuluy Raja nitah Aspénaz, kapala pajabat istana, pikeun mawa sababaraha urang Israél, kaasup turunan raja jeung bangsawan. 4 Nu dibarawa téh barudak ngora* nu taya cacadna, kasép, bijaksana, boga pangarti, pinter, jeung sanggup ngalalayanan di istana raja. Aspénaz kudu ngajar maranéhna tulisan jeung basa urang Khaldéa. 5 Salian ti éta, Raja gé maréntahkeun sangkan unggal poé maranéhna dibéré kadaharan nu ngareunah jeung cianggur, nu biasa disuguhkeun ka Raja. Maranéhna bakal dilatih* salila tilu taun, sanggeusna bakal ditugaskeun di istana.
6 Di antara maranéhna téh aya sababaraha urang ti kaom Yéhuda, nyaéta Daniél,* Hanania,* Misyaél,* jeung Azaria.* 7 Kapala pajabat istana méré ngaran anyar* ka maranéhna. Daniél dingaranan Béltésyazar, Hanania dingaranan Syadrakh, Misyaél dingaranan Mésyakh, sarta Azaria dingaranan Abédnégo.
8 Tapi, Daniél nékadkeun dina haté moal ngadahar dahareun Raja jeung nginum cianggur, lantaran aya nu haram. Jadi, manéhna ménta idin ka kapala pajabat istana sangkan teu dibéré kadaharan jeung inuman éta, supaya manéhna teu najis. 9 Ku sabab dikersakeun ku Allah nu sajati, kapala pajabat istana karunyaeun jeung némbongkeun welas asih ka Daniél. 10 Tapi, kapala pajabat istana téh ngomong kieu ka Daniél, ”Kuring sieun ku Gusti Raja, da anjeunna geus netepkeun kadaharan jeung inuman keur maranéh. Kumaha lamun engké Raja ningali awak maranéh téh leuwih begang tibatan barudak nu sapantaran, atuh kuring dianggap salah ku Raja.” 11 Kapala pajabat istana ngalantik tukang jaga pikeun ngajaga Daniél, Hanania, Misyaél, jeung Azaria. Daniél ngomong ka éta tukang jaga, 12 ”Juragan, cobi heula abdi sareng réréncangan dipasihan sayuran sareng cai hérang salami sapuluh dinten. 13 Saatosna, mangga bandingkeun awak abdi opatan sareng barudak ngora sanésna anu tuang tuangeun Raja. Engké mangga putuskeun, abdi sareng réréncangan badé dikumahakeun.”
14 Éta paménta disatujuan, tuluy maranéhna diuji salila sapuluh poé. 15 Sanggeus sapuluh poé, maranéhna katingali leuwih kuat jeung leuwih séhat* tibatan sakabéh budak ngora anu ngadahar kadaharan Raja. 16 Ti semet harita, maranéhna dibéré sayuran, lain kadaharan Raja jeung cianggur. 17 Opat pamuda ieu ku Allah nu sajati dibéré kabijaksanaan, kanyaho, jeung pangarti kana kasusastran.* Salian ti éta, Daniél dibéré pangarti kana sagala rupa titingalian jeung impian.
18 Sanggeus bérés tilu taun nu ditetepkeun ku Raja, maranéhna dibawa ku kapala pajabat istana ka hareupeun Nébukhadnézar. 19 Waktu Raja ngomong ka kabéh budak ngora éta, euweuh saurang-urang acan nu kawas Daniél, Hanania, Misyaél, jeung Azaria. Ku kituna, maranéhna terus ngalalayanan Raja. 20 Unggal Raja nanya ngeunaan pasualan nu dijawabna kudu maké kabijaksanaan jeung pangarti, jawaban ti opat pamuda éta sapuluh kali leuwih alus tibatan sakabéh tukang sihir jeung tukang ramal di sakuliah karajaan. 21 Daniél terus aya di dinya nepi ka taun kahiji pamaréntahan Raja Korés.