Daniél
11 ”Dina taun kahiji pamaréntahan Darius urang Média, abdi nguatkeun jeung ngajaga anjeunna.* 2 Naon nu rék dicaritakeun ku abdi ka anjeun téh bener.
”Bakal muncul tilu raja deui di Pérsia. Sanggeus kitu, raja nu kaopat bakal ngumpulkeun leuwih loba kakayaan tibatan nu séjénna. Waktu manéhna beuki kuat ku lantaran kakayaanana, manéhna bakal ngagunakeun sagalana pikeun ngalawan karajaan Yunani.
3 ”Hiji raja nu perkasa bakal muncul sarta ngawasaan loba nagri, lalampahanana téh bakal sakarepna. 4 Tapi dina puncak kajayaanana, karajaanana bakal pecah, kabagi ka opat arah angin. Karajaanana bakal dicabut tuluy dibikeun ka nu séjén, tapi lain ka turunan manéhna. Pamaréntahan maranéhna moal sakuat manéhna.
5 ”Raja nu di kidul bakal jadi kuat, manéhna téh salah sahiji panglimana. Tapi, manéhna bakal diéléhkeun ku jalma nu kawasana leuwih gedé tibatan manéhna.
6 ”Sanggeus sababaraha taun, éta raja-raja bakal ngabalad. Anak awéwé ti raja kidul bakal ngadatangan raja kalér pikeun ngayakeun perjangjian. Tapi, éta anak awéwé téh bakal leungit kawasana. Éta raja gé bakal leungit kawasana. Éta anak awéwé téh bakal diserahkeun, kitu deui nu nganteurna, bapana, jeung jalma nu ngajadikeun manéhna kuat. 7 Salah sahiji ti turunan éta anak awéwé bakal muncul ngaganti éta raja. Gagantina éta bakal ngadatangan pasukan tentara, nyerbu bénténg raja kalér, sarta merangan jeung nalukkeun maranéhna. 8 Manéhna bakal balik ka Mesir bari mawaan déwa-déwa maranéhna, patung-patung logamna, barang-barang nu mahal tina pérak jeung emas, sarta para tawanan. Sanggeus kitu, salila sababaraha taun, manéhna bakal ngajauh ti raja kalér, 9 nu bakal merangan karajaan raja kidul, tapi bakal balik deui ka nagrina sorangan.
10 ”Ari putra-putrana* bakal siap sadia perang, seug ngumpulkeun pasukan nu kacida gedéna. Manéhna bakal maju nyerang éta nagri kawas caah, tapi manéhna bakal balik deui tuluy bakal terus perang di sapanjang jalan nepi ka bénténgna.
11 ”Raja kidul jadi panas, tuluy maju nyerang raja kalér. Manéhna* ngumpulkeun jalma kacida lobana, tapi éta jalma-jalma bakal diserahkeun ka éta raja.* 12 Éta jalma-jalma téh bakal diboyong. Manéhna* bakal jadi sombong, tuluy bakal maéhan puluhan rébu jalma, tapi kaunggulanana teu dimangpaatkeun ku manéhna.
13 ”Raja kalér bakal balik deui, seug ngumpulkeun jalma leuwih loba ti nu saacanna. Dina waktuna, sanggeus sababaraha taun, manéhna bakal datang bari mawa pasukan nu kacida gedéna tur lengkep pakarangna. 14 Dina waktu éta, bakal loba nu ngalawan ka raja kidul.
”Jalma-jalma bengis* di antara bangsa anjeun bakal dibawaan pikeun ngawujudkeun hiji titingalian, tapi maranéhna bakal gagal.
15 ”Raja kalér bakal datang tuluy nyieun gundukan pikeun nyerang jeung nalukkeun kota nu dibénténgan. Pasukan raja kidul, kitu deui prajurit-prajurit pilihanana, moal sanggup neruskeun perang. Maranéhna geus teu boga kakuatan pikeun ngalawan. 16 Jalma* nu nyerang raja kidul téh bakal sakarep-karep, moal aya nu sanggup ngalawan manéhna. Manéhna bakal nangtung di Nagri nu Éndah. Manéhna boga kasanggupan pikeun ngamusnakeun. 17 Manéhna boga tékad pikeun datang bareng jeung sakabéh kakuatan karajaanana. Manéhna bakal ngayakeun perjangjian jeung éta raja. Naon nu dilampahkeunana bakal laksana. Manéhna diidinan ngamusnakeun hiji anak awéwé, tapi éta anak awéwé moal tahan sarta moal salilana jadi milikna. 18 Manéhna bakal boga tékad pikeun nyerang basisir, sarta bakal loba nu ditalukkeun. Hiji komandan bakal ngeureunkeun panghina ti manéhna, supaya éta komandan teu dihina deui. Éta komandan bakal ngabales éta panghina. 19 Tuluy manéhna* bakal balik ka bénténg-bénténg di nagrina sorangan. Manéhna moal hasil, bakal labuh, sarta moal kapanggih deui.
20 ”Bakal aya hiji jalma gaganti manéhna. Éta jalma bakal nitah hiji tukang nagih pajeg* pikeun ngideran éta karajaan nu luar biasa. Ngan dina sababaraha poé, éta jalma bakal binasa, tapi lain ku sabab amarah atawa perang.
21 ”Geus kitu, hiji jalma nu dianggap hina bakal jadi gaganti manéhna. Éta jalma moal dibéré kamulyaan karajaan. Manéhna datang waktu kaayaanana tengtrem* sarta bakal ngarebut éta karajaan ku jalan tipu daya. 22 Pasukan nu kawas caah téh bakal diéléhkeun ku manéhna. Maranéhna bakal dibinasakeun, kitu deui jeung Pamingpin perjangjian. 23 Ku sabab aya nu ngabalad jeung manéhna, manéhna bakal terus nipu. Manéhna beuki kuat lantaran dibantuan ku bangsa nu leutik. 24 Waktu kaayaanana tengtrem, manéhna bakal* ngadatangan wilayah pangmakmurna di éta propinsi. Manéhna bakal ngalampahkeun naon nu can pernah dilampahkeun ku karuhunna. Manéhna bakal ngabagikeun jarahan, rampasan, jeung barang-barang ka rahayat. Manéhna bakal ngarancang siasat pikeun nyerang tempat-tempat nu dibénténgan, tapi ngan keur saheulaanan.
25 ”Manéhna bakal ngumpulkeun kakuatan jeung kawani pikeun nyerang raja kidul ku pasukan nu gedé. Raja kidul siap sadia pikeun perang bareng jeung pasukanna nu kacida gedéna jeung kuat. Maranéhna bakal ngarancang siasat pikeun nyerang manéhna,* ku kituna manéhna moal tagen. 26 Jalma-jalma nu ngadahar kadaharan nu ngareunah dina méjana bakal ngagulingkeun manéhna.
”Pasukanna bakal disingkirkeun,* sarta bakal loba nu dipaéhan.
27 ”Dua raja éta bakal boga niat ngalampahkeun nu jahat. Maranéhna bakal diuk babarengan saméja bari silih bohongan. Tapi rarancangna moal laksana, sabab mangsa ahir nu ditetepkeun éta can cunduk kana waktuna.
28 ”Manéhna* bakal balik deui ka nagrina bari mawa loba barang. Manéhna boga niat rék ngalawan perjangjian suci. Éta pasti dilampahkeun ku manéhna, geus kitu manéhna bakal balik ka nagrina.
29 ”Dina waktu nu geus ditetepkeun, manéhna bakal indit deui pikeun nyerang raja kidul. Tapi nu ayeuna mah béda ti nu ti heula, 30 sabab kapal-kapal Kitim bakal nyerang jeung ngarendahkeun manéhna.
”Manéhna bakal balik tuluy ngabudalkeun amarahna kana perjangjian suci. Éta pasti dilampahkeun ku manéhna. Manéhna bakal balik tuluy merhatikeun jalma-jalma nu ninggalkeun perjangjian suci. 31 Bakal aya pasukan-pasukan nu muncul ti manéhna. Maranéhna bakal nganajisan tempat suci jeung bénténg-bénténg, sarta bakal ngeureunkeun pangbakti anu dibaktikeun unggal poé.
”Hal pikaijideun nu nyababkeun kabinasaan bakal diadegkeun ku maranéhna.
32 ”Jalma-jalma jahat nu ngalanggar perjangjian ku manéhna bakal dijadikeun murtad ku omonganana nu pinuh ku tipu daya. Tapi, jalma-jalma nu kenal ka Allahna bakal unggul, sarta nu dilampahkeunana bakal hasil. 33 Jalma-jalma nu boga pangarti bakal méré pangarti ka loba jalma. Pikeun sababaraha waktu, maranéhna bakal labuh ku lantaran pedang jeung seuneu, ogé ku lantaran ditawan jeung dirampog. 34 Tapi waktu maranéhna labuh, maranéhna bakal meunang pitulung saeutik. Bakal loba anu ngagabung jeung maranéhna, tapi lain ku niat nu iklas. 35 Sababaraha jalma nu boga pangarti bakal disina labuh. Ku kituna, jalma-jalma bakal dimurnikeun, dibersihkeun, jeung disucikeun nepi ka ahir jaman, sabab mangsa nu geus ditetepkeun téh can cunduk kana waktuna.
36 ”Éta raja* bakal sawenang-wenang. Manéhna bakal nyombongkeun diri, nganggap diri leuwih luhur tibatan sakabéh allah. Manéhna ngahina Allahna sagala allah ku ucapanana. Manéhna moal ngalaman nanaon nepi ka datang poéna manéhna dihukum ku Allah, sabab naon nu geus ditetepkeun pasti laksana. 37 Manéhna teu ngahargaan ka Allah nu disembah ku karuhunna. Manéhna gé teu ngahargaan kahayang awéwé-awéwé. Manéhna teu ngahargaan allah mana waé, tapi nganggap diri leuwih luhur tibatan kabéh jalma. 38 Manéhna kalah ka ngamulyakeun allah bénténg-bénténg, allah nu teu dikenal ku karuhunna. Manéhna méré emas, pérak, batu permata, sarta barang-barang nu marahal ka éta allah. 39 Manéhna pasti bakal nalukkeun bénténg-bénténg nu pangkuatna ku bantuan allah asing éta. Manéhna bakal méré kamulyaan ka saha waé anu ngadukung* manéhna, tuluy maranéhna bakal disina ngawasaan loba jalma. Manéhna bakal ngabagi-bagikeun tanah lamun dibéré bayaran nu cocog.
40 ”Dina ahir jaman, manéhna jeung raja kidul bakal silih lawan.* Lir angin topan, raja kalér bakal nyerang ku karéta-karéta perang, pasukan kuda, jeung kapal nu loba pisan. Manéhna bakal datang tuluy narajang loba nagri lir caah. 41 Manéhna gé bakal asup ka Nagri nu Éndah, sarta loba nagri bakal diéléhkeun. Tapi, aya nu bakal lolos tina genggemanana, nyaéta Édom, Moab, jeung bagian utama ti bangsa Ammon. 42 Manéhna bakal terus nyerang loba nagri, Mesir gé moal lolos. 43 Manéhna bakal ngawasaan harta pependeman, nyaéta emas jeung pérak, kitu deui jeung barang-barang nu marahal ti Mesir. Urang Libia jeung urang Étiopia bakal nuturkeun manéhna.
44 ”Tapi, béja-béja ti wétan* jeung ti kalér bakal ngageumpeurkeun manéhna. Tuluy bakating ku ambek, manéhna bakal maju sarta ngabinasakeun jeung ngamusnakeun loba jalma. 45 Manéhna bakal masang kémah-kémah raja di antara laut gedé jeung gunung suci di Nagri nu Éndah. Tapi ahirna manéhna bakal binasa, euweuh nu nulungan saurang-urang acan.